Ngarang keur Saémbara
Dilebetkeun 11-02-2008 05:32
Kategori: Luang keur Nu Ngarang
Aya mangsana katapisan kurang-karang téh sok disaémbarakeun. Dina sastra Sunda, nu kasebut saémbara ngarang réa naker. Méh unggal taun aya, boh nu mayeng, boh nu kalan-kalan. Teu kurang-kurang deuih ladang saémbara téh nu dibukukeun sarta dianggap karya petingan.
Aya deuih pangarang nu mimiti produktif nulis téh sabada jadi pinunjul dina saémbara. Bawirasa keur sawatara pangarang mah, saémbara téh jadi pangjurung keur kurung-karang. Nu matak ayeuna urang medar palakiahna keur nu rék miluan saémbara.
Naha bet milu saémbara? Cék nu nanya. Jawabanana aya tilu rupa: hayang meunang hadiah; hayang meunang pangajén ti balaréa minangka pangarang punjul; atawa mecakan pangabisa, “ngadu kasaktén” jeung pangarang lianna. Cék kitu, cék kieu, keur pangarang anyar mah milu saémbara téh penting. Sahenteuna ari aya pangbibita mah, nu tadina teu pati niat kutrat-kotrét gé boa ngadadak produktif.
Tuhu kana Katangtuan
Saémbara ngarang téh pan rupa-rupa. Aya saémbara ngarang carpon, sajak, dangding, novél, drama, jsté. Aya deui saémbara nu diajangkeun keur ngumpulkeun bahan pibukueun. Nu ngayakeun saémbara méméhna sok nyieun heula palanggeran, upamana umur nu miluanana diwatesanan, panjang naskah, jumlah naskahna, waktu ngumpulkeunana, jsté. Méméh urang prak ngarang, alusna mah teuleuman éta katangtuan.
Jadi nu perlu dipaliré téh hal-hal téhnisna heula. Najan karangan urang alus, mun teu ngagugu kana katangtuan mah, bisa jadi moal lulus. Upamana, dina katangtuan panjang karangan téh minimal 5 kaca, der urang nyieun nu 2 kaca.
Lian ti éta, siga ngirim ka redaktur koran atawa majalah, sabisa-bisa mah kudu rapih karangan téh. Perhatikeun éjahanana bisi aya nu teu merenah, tur pangpangna mah, kudu ngareunah dibacana. Terus mun téma karangan geus ditangtukeun ku panitia, nya wayahna ulah ngencar ti dinya.
Nyaho kana Kritéria
Karangan nu diilukeun kana saémbara engké baris dipariksa ku juri. Unggal juri tangtu béda-béda dina nyawang hiji karya téh. Kangaranan ngajén sastra mah, moal aya nu sagemblengna objéktif. Najan kitu, unggal juri biasana boga patokan dina meunteun karangan keur saémbara, nyaéta nu disebut kritéria téa.
Kritéria téh rupa-rupa, gumantung kana karya naon nu diajénna. Mun saémbara ngarang carpon, nya kritériana keur carpon. Sawatara kritéria dina ngajén karangan prosa téh di antarana:
- Basana. Dina ngarang mah, apan basa téh papakas penting enggoning masieup pamaksudan nu rék ditepikeun ku nu ngarangna—palebah dieu nya basa Sunda téa. Kumaha pangarang ngamangpaatkeun pakakas basana, naha bener éjahanana, gaya basana, merenah kalimahna, atawa dipakéna téh ukur salancar baé. Tangtu baé, basa nu dipaké ku pangarang téh perlu kaharti ku balaréa, bari angger maliré cara ngagunakeun basa anu merenah.
- Témana. Puguh baé, dina ngarang téh, pangarang geus boga jejer anu rék ditepikeun ka nu maca. Téma téh jadi ranggeuyeun anu penting dina mapaés hiji karangan, sangkan eusining carita henteu ngencar kamana karep. Bisa jadi, dina
- Cara nyaritakeunana. Geus aya basa, geus aya téma, tacan karuhan ngajanggélék jadi karya nu hadé. Pangarang boga jurus séwang-séwangan dina nepikeun carita téh. Carita anu ngayayay bisa jadi matak bosen nu macana. Palebah dieu, naha pangarang geus bisa “ngagémbang” nu maca ngaliwatan jejer anu diasongkeunana?
- Jenglénganana. Kaharmonisan basa, téma, jeung cara nyaritakeun, nepi ka ngajanggélék jadi karya nu matak tibelat.
Mun geus kitu mah, urang tinggal prak baé ngarang nu nyumponan kana aturan téhnis jeung kritéria téa.***(Dadan Sutisna)
punten bade masihan pamendak ..kumaha pami ieu forum cupumanik di lengkepan ku rohangan kangge pamaos, hatur nuhun
simkuring pamaos satia cupumanik Via internet, tapi teu aya rencang nu tiasa di ajak silaturahim sareng ngobrol ngeunaan kisunda, yuu atuh urang mumule sunda teh , pami teu ku urang mah ku saha deui?