Ngareueuy Koja, Sair, jeung Kecrik

Panineungan Ano Karsana

Kang Dayan pinter tur parugel ngajeujeut. Ngajeujeut nyieun kecrik,nyieun sair,jeung nyieun koja. Kitu Euceuna,Ceuk Enda. Akang jeung Euceu téh kapilanceuk.putra Ua,lanceukna ema. Duanana téh palinceng saupama dipapandékeun kana gawé ragabadag mah.jaman keur budak di lembur, sok nempo Kang Dayan nyieun koja,kecrik,jeung sair téh bahanna tina bola.lain tina kenur kawas ayeuna. Duka tah, tali kenur téh harita mah tara diparaké anu kararitu. Kitu deui, tali langlayangan umumna mah ku bola baé. Tara ku kenur kawas ayeuna. Ari baheula mah kenur téh ngan ngan ukur dipaké tali useup, jeung tali urek baé.

Kang Dayan, anu dumuk di lembur Bojong mongkong, ngajeujeut diuk deukeut jandéla. Teu kanyahoan hancana geus panjang.

Jungjunanana dikaitkeun kana kawat, anu ditalikeun kana paku dina kusén érang-érang. Barérana dicapit ku ramona curuk jeung indung leungeun sakalian, jeujeutan dicapit dirangkepkeun. Sup ti luhur coban diasup-beulitkeun kana bola nu geus maranteng mangrupa mataheurap. Kuriwed, ditarik nyangreud pageuh. Kitu jeung kitu baé. Mun geus cangkéwéng, terus ka luar butak-batek miceun kacangkeul. Geus anggeus kakara batu kecrik anu mangrupa runtuyan ali-ali timah téh dipasang di sakuriling kecrik. Geus anggeus jeujeutan kecrik téh. Kari ngareueuy.

Nu dipaké reueuy téh papagan  kai salam. Kang Dadan mah tara ngagunakeun papagan jéngkol lantaran warnana kurang hadé. Sok hideung. Papagan kulit kai salam téh dicacag dilembutkeun. Burulu di kana panci bututkeun. Cur, cai dieusikeun satengahna. Gen di luhur hawu jieunan di pipir leuit. Kecrik diasupkeun ti heula. Sok sair, sok koja. Papagan saeutik-saeutik dipiceunan. Da, geutah warnana geus pindah. Suluhna, suluh bontot kai garing. Ngageletek baé bontot téh teu ieuh ngahayoh dikepohan ditiupan. Cai geus tembong semu beureum kolot. Sabot ngagotrok kecrik diangkat jungjung maké sosodok awi tilu ramo. Tungtung sosodok téh dibentelukeun supaya henteu nyogok seukeut kana bola. Inggis paregat. Bola-bola kecrik, koja,jeung sair téh geus salin jinis jadi beureum. Éta kukuluban téh hayoh baé dibulak-balik supaya rata napel warnana. Sakira sakabéh warna geus rata napel-muntah. Jeung nu aya dina cai ogé geus embungan narapel deui. Sosodok awi tungtungna beureum, sodok kana pangjingjingan koja. Jeung dijungjingkeun. Sok dikaitkeun kana sasampayan.burulung cai beureum nyurulung. Sodok deui kana sair jeung dijungjungkeun. Sok disampaykeun dina kawatpamoéan. Curulung, kuprat-kaprét, kuprat-kaptrét, caina kaanginan. Da, kawat sasampayan téh ngelendong, katiup angin deuih. Kecrik mah dikaitkeun jungjunanana dina paku nu namceb dina dahan jambu batu. Sup buleudan awi sagedé wengkuan nyiru diasupkeun kana jero kecrik. Katingal kecrik nguluwung. Cai beureum-reueuy tingkareclak tina tungtung batu-kecrik. Tapak ngeclakna nguriling nurutan buleudan wengkuan. Taneuhna karentab tapak sakeclak-sakeclak. Katingal dina dampal leungeun Kang Dayan kalunturan beureum reueuy.

Tara ieuh ngahagal digusruk dikosokan dibersihan. Paling-paling sakalian lamun mandi di walungan Cipalebuh, dampal leungeun anu baseuh téh digasrokkeun kana beungeeut-batu anu rada karadak. Sanajan teu bisa beresih kabéh.ku diantep ogé, bari sakalian digawé boh macul boh ngedukan leutak di balong lila-lila mah euweuh sorangan beureum reueuy téh.

Napelna warna beureum kolot geutah reueuy, papagan kulit kai salam téh taunan.komo dina koja mah éléhna saukur ku kapoé. Béda jeung anu dina kecrik atawa dina sair. Apan, ari éta dua barang mah mindeng teuteuleuman boh di leuwi boh di laut. Nya, sataun sakali mah kudu direueuy.

Maksud direueuy, salian ti alus warnana,nu pentingna mah deuih bola (benang) sangkan kuat tur heuras. Jadina, éta bareng téh jadi awét lila umurna.

Meunang béja ti Kang Hanhan, cenah Kang Dayan tXh geus tara ngareueuy kecrik jeungsair. Apan kecrik jeung sair geus teu dijieun tina bola tapi tina kenur. Teu kungsi ditanyakeun ka Kang Hanhan,kabeneran keur aya di Gegerkalong nganteurkeun béas ti lembur, poho.naha si Akang masih sok ngajeujeut nyieun koja atawa henteu.

Kang Dayan, urangPameungpeuk Garut, nu sok ngareueuy, awakna ipis bawana. Siga dinya umumna jalma anu dumuk di lembur sisi laut Kang Dayan ogé jago lintar jeungtukang ngala ager dina lebah séngséngan sayangheulang. Ayeuna mah si Akang, anu awakna ipis téh geus cueut umur. Di imah, di Leuwigajah aya koja dua beunang ngajeujeut jeung ngareueuy KangDayan ku papagan kulit salam. Umur si koja + 25 taun  mimilu ka mana pindah. Warna beureum reueuy masih katémbong.

Ku kamajuan jaman produk-produk bihari nungtutan laleungit. Otomatis, kekecapanana ogé geus leslesan, boa geus ngiles sama sakali tina caritaan pakumbuhan sapopoé. Saperti, koja, kecrik, sair, papagan, jungjunan heurap, ngukuhkeun kecrik, tali bantun, ngalintar, korang, reueuy, jsté. Éta nu ditataan téh di antarana kaasup kana istilah perikanan.

Ngalebetkeun komentar