Ngobor Belut

Ku Sutédja Sumadipura

Nu sok diobor téh bangkong, simeut jeung belut. Puguh baé aya bédana ngobor sato nu tilu téh. Ngobor bangkong (héjo) mah biasana mun sawah geus réngsé dipacul, atawa paré geus dirambét sakali. Sabab dina kaayaan kitu bangkong sok laliarna téh.

Demi pakakasna cukup dua rupa, obor jeung wadah. Kadieunakeun sok aya nu ngobor téh maké patromak. Ngarah leuwih caang ti dituna mah. Ngan waé kudu mawa batur keur nu mawana.

Wadah nu hadé dipaké ngawadahan bangkong téh kembu. Biasana dijieunna téh tina awi atawa hoé. Sok dipaké ku nu nguseup di laut gé. Dipaké ngawadahan hurang keur eupan.

Pakakas keur ngobor simeut, sarua jeung nu sok dipaké ngobor bangkong. Nyaéta obor atawa patromak, jeung botol. Dina wanci peuting mah simeut téh lolong bonconong, moal engeuh kana bahaya. Puguh baé babari néwakna téh. Simeut nu naraklok dina jarami téh kari gep ditéwak. Blus dikana botolkeun. Ngarah simeutna teu luncat, tong poho botolna kudu dicocokan.

Ngobor belut mah bisa sorangan, duaan atawa ngabubuhan. Tapi mun sorangan atawa duaan mah biasana moal ramé. Paling gé nu nyekel parang nitah ngésér ka nu mawa patromak. Atawa nitah nyokot belut nu salah ngalungkeun. Upamana waé ngalungkeun kana galengan atawa kotakan séjén. Tapi mun lobaan mah sok ramé. Tampolana sok bari ayeuh-ayeuhan.

Cék sawaréh, dina kotakan nu ieu mah euweuh belutan. Cék nu sawaréh deui saeutik. Aya ogé nu nyebutkeun belut nu kudu digebung loba naker, tepi ka barieukeun. Kituna mah silih panasan éta téh. Tapi najan kitu, tara ari nepi ka paraséa mah. Malah mun aya nu beubeunanganana saeutik, tara tepi ka ganjor hasilna mah. Sabab sok dibéré ku nu beubeunanganana rada loba atawa mucekil.

Ku resep mah ngobor téh sok poho kana waktu. Nyaho-nyaho wanci téh geus tengah peuting. Mun diitung waktuna, aya kana lima jamna kikituan téh. Kawantu ti tas Isa sok dimimitianna téh.

Puguh baé tiris, capé jeung galunggang mah. Ku kitu téh temahna kana beuteung, sok guguruwukan ménta eusi. Mun kaayaanana kitu, nu ngobor téh tara buru-buru balik. Tapi sok ngaliwet heula. Da sok badami heula méméh indit ngobor téh. Aya nu kabagéan mawa béas, nu ngaliwet jeung ngasakan belut.

Nu kapapancénan masak mah cara nu purah mindah-mindah patromak baé.Tara milu ancrub ka sawah. Tapi ari ka imah mah tara léngoh. Sok kabagi ari belutna mah. Méméh misahkeun belut keur beuleumeun, beubeunangan téh sok dibagi rata. Atuh dina aya leuwih sasiki dua siki mah tara jadi pasirikan.

Sanggeus liwet jeung beuleum belut asak, brak dalahar. Liwet jeung beuleum belut nu haneut kénéh téh, dicoélkeun kana sambel goang. Nimat pisan karasana téh. Najan meuleum belutna dikurusuk, sawaréh mah sok aya getihan kénéh, bari pinuh ku méhong. Sambelna gé badag da puguh didagoan ku nu lapar. Tapi tetep wé, pédo.

Rérés dalahar nu teurab pating eureuleu. Bari balik mawa beuteung nu bungkiang, sajajalan arudud roko kéréték nu nyésa kénéh bawa ti imah.

Dina kaayaan suka bungah, nu tos ngobor téh ngaleut ngeungkeuy dina galengan. Suka jeung bungah duméh geus tinekanan nyacapkeun pangaresep. Lain pédah beuteung mutiktrik jeung mucekil beubeunangan, tapi aya hal séjén nu ngalantarankeun maranéhna sarugema haté. Duduluran di antara maranéhna leuwih raket, silaturahmi gé kapiara.***

Bumi Siliwangi, 31/3/2007Â

2 Koméntar kana “Ngobor Belut”

  1. ping 27-06-2007 tabuh 9:52Ofik

    Jadi inget waktu di lembur….
    lumayan bisa niiskeun sirah anu keur haneut alatan rutinitas sapopoe di kantor…

  2. ping 10-01-2008 tabuh 8:04sarkuni

    Lain tah…,
    baheula waktu ngobor belutna di goreng tapi kusabab teu sabar beuteung tos lapar ngagorengna teu garing meureun satengah mateng, sok rapet kana katel da kurang minyak, tos rengse dahar jeung belut anu baseuh keneuh terus minum cikopi, coba asa naon pamirsa…. heueuh inget kajaman ngora.. ngan cakakak weh kuring seuri jeung inget ka babaturan..

Ngalebetkeun komentar