Nguyang Dahareun Sadunya

Éséy H. Usép Romli HM

TAUN 2009 nu ukur bubulanan deui, pangeusi alam dunya bakal ngalaman nguyang. Kaku­rang­an dahareun. FAO, lembaga nu ngurus kaayaan pangan di PBB, geus nuduhkeun sabab-sabab pangna kajadian kitu. Nya­éta gagal panén, gangguan ben­cana alam, jeung sasayagian bi­nih nu beuki samporét. Réa akibat nu baris karandapan, nya­éta ngagejrétna produksi pangan jeung mumbulna harga kaperluan sapo­poé. Lian ti paré, gandum jeung jagong, dahareun séjén gé baris kabawakeun sisip. Kaasup bangsaning dadagingan. Akibat nu leuwih parna, manusa bakal nyanghareupan kakurang­an pro­té­in héwani jeung nabati, tur nandangan kasakit nu tacan aya piubareunana.

Kayaan sarupa kitu, sabenerna geus diprediksi ti taun 1950-an ké­néh, nyaéta ti barang para ilmu­wan manggihan rékayasa génétik. Nyip­ta­keun flora jeung fauna anyar nga­liwatan nyangkok ata­wa ngawin­keun gén-gén tina tutu­wuh­an jeung sasatoan nu nyampak. Éta réka­yasa, dipiha­rep ngahasilkeun gén-gén anyar nu leuwih kuat jeung leu­wih unggul ti batan gén-gén asli.

Kagiatan ilmiah samodél kitu, beuki meuweuh sanggeus para élmuwan manggihan téori jeung apli­kasi biotéknolog. Nyangkok jeung ngawin-ngawinkeun gén, beu­ki gampang tur meuweuh. Hasilna geus kanyahoan, nyaéta lahirna bibit-bibit unggul “hibry­da” nu gampang tumuwuh dina waktu singget, jeung kuantitasna ningkat.

Tapi teu saeutik para ilmuwan séjénna manghariwangkeun ka­na pibalukareunana dina mang­sa-mangsa nu bakal datang. Sa­bab rékayasa génétika, boh tutu­wuhan, boh sasatoan, baris ngan­cam kakayaan ragem hayati. Tutuwuhan jeung sasatoan nu ta­dina modelna réa teu kaitung, ba­ris ngorotan ukur tinggal hiji dua modél wungkul. Sumber génétika bahan pangan manusa beuki ngaheureutan. Tur rata-rata teu kanyahoan asal-usulna, lantaran geus campur-aduk. Padahal ka­bu­tuh beuki ngage­déan. Pamere­dih manusa ti ja­man ka jaman beuki rohaka.

Vandana Shiva, ahli fisika jeung filsafat internasoinal ti India, dina bukuna “Biodiversity, a Third World Perspective” (1992), medar pamanggihna ngeunaan érosi karageman hayati nu mangaruh­an kana pasayagian pangan du­nya. Dina widang tatanén, pata­ni kiwari ukur boga hiji pilihan ka­na bibinihan. Nyaéta binih hi­bry­da nu geus direkayasa génétik, nu mé­mang unggul dina waktu me­lak jeung hasil, tapi teu cééhan ku kasakit. Kawas paré modél PB, hasil kawinan tina rupa-rupa paré tradisional. Tangtunganana pendék, umur melakna ukur 3-4 bulan. Ngan teu weléh ditongto­yong hama wereng. Unggal dara­jat genetika PB diundak­keun, biotipe wereng gé milu undak. Kapaksa kudu diaping dijaring ku inséktisida jeung péstisida nu  beuki luhur dosis jeung formula­na, tur beuki luhur daya pangruk­sakna kana ling­kung­an alam. Internasional Rese­ach for Rice Institut (IRRI) nu dipu­seur­keun di Pilipina, beurang peu­ting tihothat nyiptakeun bibit anyar katut pa­nangkes panyakit­na sakalian.

Jagong nya kitu kénéh. Tina sara­tus atawa sarébu rupa jagong di sakuliah dunya, disungkeret jadi dua atawa tilu rupa jagong, tapi ma­ké mérek dagang aya welas­na. Sarua jeung gandum. “Inter­nasi­onal Centre for Maize and Wheat Improvement” (ICMWI) di Nevada, Amérika Seri­kat, ngawin­keun gandum Jepang “Daruma” jeung gandum Amerika “Faltz”, jadi gandum “Norin”. “Norin” dikawin­keun deui jeung “Bevor” nu mangrupa hasil kawin­an sababaraha rupa gan­dum. Tah hasil kawinan mangkali-kali ieu, nu disebarkeun ka para patani di saban nagara. Ari gandum aslina mah, nu ratusan atawa rébuan téa, geus musnah teu nyésa da mataholangna (plasma nutfah) geus dikawin-kawinkeun téa.

Sato sarua. Sapi-sapi turunan Sahi­­wal, Sindi Beureum, Rathi, Thar­pakar, Hariana, Ongole, Kan­kreji, Gir, jsb. nu jadi bibit sapi sa­du­nya, dikawin-silangkeun. Diré­ka­yasa génétik. Nepi ka ting­gal dua rupa sapi wungkul, Jersey jeung Holstein nu teu bisa disina anak­an sabiasa. Tapi kudu disun­tik. Lauk, hayam, teu tinggaleun.

Mémang sagala unggul. Sagala hi­bryda. Tapi dampak akibatna? Mu­­bak-mabuk ka sisi ka gigir. Paré unggul geus teu ngagéhan hirup ka habitat sawah tradisional nu pinuh ku kasuburan lingkung­an. Kini-kini, kuang-kuang, getok-getok, peupeundeuyan, kaasup belut, musnah teu kuat ku pésti­sida jeung inséktisida pangbasmi wereng. Piit, galatik, bondol, manyar, cékclék, jeung sabangsa manuk sawah séjénna-kuntul, bukaupih, hahayaman, balater, belekok, tilil-milu bangkar.

Lélé dumbo, kawinan lélé Afri­ka jeung Thailand, mémang hé­bat. Babari gedé. Girinyih. Tapi ba­rang asup ka wewengkon wa­lung­an alami, langsung ngaruksak saka­béh lauk kulawarga lélé. Ti mimiti lélé lokal, kéhkél, arelot, berod, nepi ka bogo, ilang musna, lantaran kahakan jeung habitatna kaléléd ku cara hirup katut pa­nya­kit bawaan lélé dumbo. Mu­jaér ledis kalindih ku nila gift nu mangrupa kawinan mujaér lokal jeung karper. Lauk emas nu asal­na rupa-rupa: si nyonya, be­lang­batu, domas, kumpay, kam­per, kalawan warna rupa-rupa deuih, geus sirna ku lauk emas nu ukur sarupa, nu warna­na ukur héjo lukut wungkul. Lauk emas ka­win­an nu teu bisa megar ku cara dipijahkeun. Tapi kudu disun­tik. Jeung teu bisa néangan kahakan­an sorangan. Kudu dia­wur ku parab buatan (pélét).

Érosi karageman hayati, cek EO Wilson dina buku “Biodiver­sity” (1988),  ngaleungitkeun run­tuy­an kahirupan ti hiji spésiés ka spésiés-spésiés séjénna. Nimbul­keun krisis manjang nu sacara prinsipil, ngancam sistem pa­nyang­ga hirup jeung kahirupan ma­­nu­­­sa di jagat raya.

Nya ayeuna karasana. Paling hen­­­teu, taun 2009 engké. Pikeun jal­ma nu iman ka Alloh SWT pasti geus ma’lum, yén kaayaan kitu téh balukar panggawé manusa nu ka­leu­leuwihi, nepi ka nimbul­keun karuksakan di lautan jeung di daratan. (Q.S. Rum: 41).

Ngalebetkeun komentar