Nu Aruntung

Kolom Agama Shafa Syahidah

RÉRÉANA urang sukuran téh mun pareng parek rejeki, dipaparin kahampangan tina masalah, atawa sukur lantaran dipaparin keséhatan jeung kasalametan. Suksés dina gawé, laksana naon nu diseja, narima honor, peunteun alus, pamajikan ngajuru sarta boga budak, pangkat naék, ujian lulus, dibéré karinganan mayar hutang, jst. Tapi kumaha mun teu suksés, peunteun goréng, pangkat teu naék, ujian gagal, hutang nambahan, atawa awak gering waé najan geus pulang anting tatamba ka dokter? Naha urang teu perelu sukur? Mun perelu, naha naon atuh nu kudu disukuranana?

Hiji waktu, kuring ngalayad babaturan nu kamusibahan. Leungeunna pateuh alatan labuh tina motor. Kuring nanyakeun kumaha asbabna pang éta kajadian tumiba sarta tuluy nanyakeun kaayaan kasehatanana, manéhna pok nyarita: “Untung nu beunang téh ukur leungeun kuring, nu séjénna mah alhamdulillah teu kua-kieu, untung nyawa kuring bisa kénéh kasalametkeun, mana kitu gé kuring masih ditangtayungan.”

Kecap “untung” téh asa hampang keur urang Sunda mah. Rék aya papait naon gé angger kénéh nyebut “untung”. Enya éta kecap téh basajan, tapi geuning ngandung ma’na tauhid nu kawilang jero.

Kecap “untung” téh saenyana mah negrakkeun rasa sukur ka Nu Maha Agung. Ari sukuran téa kapan sakuduna mah lain waé mun nalika urang narima mamanis wungkul. Tapi dalah nalika keuna ku musibah gé urang kudu bisa sukur deuih.

Lian ti éta, kecap “untung” gé bisa dijadikeun hiji sikep jeung kayakinan keur nyawang hal-hal nu hadé tina rupaning kajadian, nu laju disukuran. Tah, ieu nu disebut mikir positif téh. Enya, kayakinan nu kukuh yén rohmat Alloh salawasna aya dina tiap kajadian nu tumiba. Sapait-paitna nu karandapan ku urang pasti bakal dipungkas ku mamanis. Kapan Alloh gé tara nibankeun hiji perkara nu teu luyu jeung kakuatan masing-masing umatNa.

Ngan kadé wéh pahili. Bakat ku mikir positif teuing, urang nepi ka teu bisa ngabédakeun mana ni’mat mana la’nat, nu mana ujian nu mana hukuman. Ku kituna,  mikir positif téh teu weléh kudu ditéma ku tawakal, sumerah diri ka Pangéran.

Kecap “untung” gé kudu bisa ngarubah sawangan urang. Mun salila ieu “tinekanan” téh disurahan hiji hasil, nyaéta luyuna kahayang jeung kanyataan, ayeuna mah kudu dirobah jadi hiji prosés. Nyaéta prosés nu luyu jeung surat Al ‘Ashr (surah ka-103): teu natambuh waktu jeung bagéan tina ibadah.

Nalika Siti Aisyah naros ka Rosululloh SAW, “Duh Jungjunan, kunaon atuh salira téh bet getol teuing solat dugi ka éta sampéan gé barareuh? Padahal kapan salira téh nabi, Alloh tangtos parantos ngahapunten kana sadaya dosa salira.”

Kangjeng Nabi ngawaler, “Naha teu meunang kaula jadi jalma nu sukur ka Mantenna.”

Ti dinya katémbong, tumut kana paréntah jeung nyingkahan larangan Alloh tandaning sukuran ka Mantenna. Naon waé nu diparéntahkeun ku Alloh sangkan dipigawé jeung disingkahan téh satemenna keur kapentingan urang kénéh.

Urang kudu inget yén sagala hal dina kahirupan urang téh lantaran welas asihna Alloh. Ku kituna, urang wajib sukuran ka Mantenna. Sakumaha dawuhanaNa dina Surah An-Nahl ayat 78; Jeung Alloh ngagelarkeun maranéh tina beuteung indung maranéh dina kaayaan teu nyaho di naon-naon, sarta Anjeunna maparin keur maranéh pangdéngé, panénjo jeung haté, supaya maranéh muji sukur.”

Cara sukuran téh réa. Umumna ku ngucapkeun Hamdalah, sujud sukur, sodaqoh jeung nadar. Ulama Ahsin bin Atha’ullah ngabagi sukur jadi tilu, nyaéta:

a. Sukur ku ucapan, nyaéta ku cara nguningakeun ni’mat paparin Alloh. DawuhanaNa: “Jeung ari ni’mat ti Pangéran manéh kudu dibéjakeun.” (QS. adh-Dhuha: 11);

b. Sukur ku anggota badan, nyaéta ku cara taat ka Alloh. Ngagunakan anggota badan pikeun migawé perkara nu dipikarido ku Alloh;

c.  Sukur ku haté, nyaéta yakin yén Alloh téh nu maparin sadaya ni’mat. “Jeung saniskara ni’mat nu aya di maranéh téh ti Alloh.” (QS. an-Nahl: 53)

 

“Jeung (sing inget) nalika Pangéran maranéh cumeluk; “Saéstuna upama maranéh muji sukur, tanwandé Kami baris nambahan (kurnia) ka maranéh, jeung upama maranéh kufur, saenyana siksaan Kami kacida peurihna.”

 

Mugia urang kalebet kana golongan jalma-jalma nu sukur. Amin..***

Ngalebetkeun komentar