Nu Katilu (1)
Dilebetkeun 25-01-2008 04:32
Kategori: Carita Nyambung
Carita Nyambung Holisoh MÉ
SALAKI ngingkig balik, rék muru pamajikanana nu kahiji. Aya nu nyérését dina sela-sela dada.
Tapi asana téh manusiawi, da kuring téh manusa. Boga rasa nyeri, boga rasa peurih.
Kuring yakin, boh pamajikanana nu kahiji boh nu kadua gé haténa bakal sarua jeung kuring mun ditinggalkeun kilir ku salaki téh. Sabab manéhna gé sarua awéwé, sarua manusa, lain malaikat.
Mani asa ngan sagérémél pisan bagéan di kuring mah. Mangkukna datang peuting, ayeuna pasosoré geus balik deui. Padahal meureun ukur ceuk rasa sagérémél sotéh, da saenyana mah sarua di pamajikan nu séjén gé ukur sakitu waktuna. Sarua, taya bédana, da puguh meunang ngatur pamajikan nomer hiji. Waktu kilir jeung duit téh nu ngaturna pamajikan nomer hiji. Boga kakawasaan nu nomer hiji mah, ngatur sual waktu, ngatur sual duit, ngatur sagala rupa urusan.
Jeung anéhna, salaki téh tumut naker ka nu nomer hiji mah. Teu weléh dipuji, teu weléh diugung-ugung. Nyebut gé si soléhah. Sagala paréntah salaki cenah tara baha. Padahal rarasaan kuring gé tumut ka salaki téh. Ngan pédah kuring mah unggal poé kaluar imah. Deuk aya salaki deuk euweuh salaki gé. Heueuh da boga gawé atuh. Jaba kuliah deui di pasca sarjana. Nya tangtu béda jeung pamajikan-pamajikan Kang Hamdan nu lianna, da maranéhna mah éstu ibu rumah tangga, nu tara ka luar ti imah ari lain ngabring saréréa deuk ngaraji mah.
Duanana gé ibu rumah tangga anu saroléh, anu tarumut, anu saratia ngadagoan dikiliran ku lalaki nu ngaran Hamdan.
Sarua maranéhna jeung kuring gé, ngadadago opat poé mun hayang dikiliran. Ngadagoan opat poé mun hayang dikeukeupan, jeung saurang gé taya aya nu bisa dikeukeupan leuwih ti dua poé. Adil, walatra.
Mangkaning ari ngaran ngadagoan mah sakeudeung gé asa lila. Komo ieu genep poé. Beu. Untung kuring mah teu ngahékok di imah ngadagoan dikiliran téh, da boga pagawéan jeung kuliah deui, pasca sarjana.
Ah batur pasti bakal nyeungseurikeun, ongkoh sarjana, jelema pinter, tapi daék dijadikeun pamajikan nu katilu. Daék dicandung. Daék dianiaya haté. Bari jeung beungeut téh teu goréng-goréng teuing, rada undak ti jajar pasar.
Jaba méméh jadi pamajikan nu katilu téh, aya genepanana lalaki nu ngajak rumah tangga. Lalaki léngoh, duda nu opat deui mah. Ngan nu dua mah boga anak pamajikan. Kuring deuk dijieun nu kadua. Na da mani asa dihina, kuring jejebris, nolak. Pikir téh, gawé boga, gajih gedé, dipaké hirup duaan jeung anak gé, gedé kénéh sésana. Komo meureun mun geus lulus ti S2 mah, jabatan kuring bakal naék. Naék jabatan hartina naék gajihna. Deuk naon deui?
Salila dalapan taun, kuring hirup bébas. Hirup ukur kadua anak. Tapi tetep bébéja ka tatangga mah yén salaki téh keur nyaba ka luar kota. Kuring embung tatangga nyahoeun yén status kuring téh randa. Sieun dihina basa, sieun dijauhan ku tatangga, komo nu pamajikanana galak timburu mah.
Tapi anéh, basa mimiti wawuh jeung Hamdan, hirup teu liar teuing, waktu balik gawé, aya di imah. Waktuna balik kuliah aya di imah. Babaturan ngider, di tempat gawé jeung tempat kuliah, aranéheun, yén awéwé mah teu hadé loba ulin. Goréng. Boh numutkeun agama boh darigama.
Teu asa dipaksa, kuring nurut. Naon nu diajarkeun ku Hamdan sual kahirupan, sual akidah, ku kuring sok diturut bari prak dilakonan.
Katajina ku Hamdan téh, teu cunihin, teu nurustunjung, kacida ngajénanana ka kuring téh najan nyahoeun geus jadi randa dalapan taun. Da kuring balaka ka manéhna mah.
Nepi ka tungtungna mah kuring jeung Hamdan dirapalan. Lain gawé énténg hayang ngahiji jeung Hamdan téh. Kolot kuring, dulur-dulur kuring, kabéh nolak. Alesanana Hamdan téh pamajikanana geus aya duana. Nya kitu deui Tami, anak kuring hiji-hijina. Nepi ka ceurik aleuk-aleukan, nyarék kuring kawin ka Hamdan.
“Sok wéh Mamah kawin ka saha waé gé, asal ka nu léngoh! Ulah dicandung! Tami alim boga indung tukang ngaruksak rumah tangga batur. Teu rido! Teu rido Mamah!”
Tapi haté kuring geus buleud. Geus gembleng. Kuring butuh lalaki nu jadi imam di rumah tangga. Kuring butuh panyalindungan. Butuh batur badami. Hanas éta pilihan kuring ka lalaki nu geus boga pamajikan dua, nya lian salah kuring. Takdir meureun éta mah.
“Indung Tami mah jelema lieur! Ari lalaki nu sorangan kalah dipiceun!” ceuk indung kuring harita basa Tami keur ngageunggeuik ceurik. Lanceuk-lanceuk kuring ngajarebéngan. Malah nu cikal mah jejebris bari pokna: “Ngarendahkeun martabat awéwé! Leuheung mun lain jalma ngarti mah. Pantes. Ieu mah sarjana, boga kalungguhan, daék dipoponténg, taya harga!”
Deuk ngaromong naon gé kuring moal deuk mundur. Kuring geus gilig, rék ngawangun rumah tangga jeung lalaki nu ceuk kuring mah soléh, nyantri, bisa nungtun hirup kuring ka nu lempeng. Najan salaki nu tiluan. Da geuning baréto mah keur salaki nu sorangan, bapana Tami hirup téh taya katengtreman. Hayang aber-aberan wé, cul anak cul rumah tangga. Teu betah cicing di imah. Nempo salaki asa caria. Éta meureun pedah kawin ka bapa Tami mah dasarna satengah paksaan. Kolot hariwang ninitah waé rumah tangga. Pédah di sakuriling téh nu saumur jeung kuring geus rarimbitan. Éra ku tatangga cenah! Ari harita kuring téh ti mimiti sup kuliah sosobatan jeung bapana Tami. Ngagawéan tugas ti dosén babrengan. Tapi da teu duaan, aya limaanana. Nepi ka diwisuda, babarengan. Di sangkana ku kolot mah meureun kuring téh hahadean, pakait ati jeung bapana Tami. Mana réngsé wisuda S1, gancang wé dikawinkeun. Bapana Tami gé tacan boga gawé-gawé acan. Komo kuring mah.
Tapi kuring ngucapkeun basmalah, diajar micinta bapana Tami. Da geus wawuh deukeut, apan sosobatan. Apal kana adatna. Apal kana kabeukina. Tapi da cinta mah teu cukup sakitu, angger wé ditungtut kaluar tina dasar haté. Béda geterna cinta mah.
Kuring nyoba-nyoba micinta manéhna, sangkan rumah tangga langgeng. Tapi teu bisa! Budak geus umur sapuluh taun, kuring serah bongkokan. Rumah tangga bubar. Tapi ka tatangga mah teu balaka yen kuring randa. Tetep wé bébéja masih ngahiji. Keun baé da tatangga gé lolobana mah teu nyarahoeun lalakon hirup kuring, da di perumahan mah jelemana jul-jol. Kaluar asup. Ukur hiji dua nu maneuh téh. Nu ngeusian imah sorangan.
Ari ayeuna kuring kawin ka lalaki nu pamajikanana geus dua. Kuring dijieun nomer tilu. Mun hayang tepung jeung salaki, mun hayang dikeukeupan ku salaki téh, ngadagoan opat poé-opat peuting. Gélo, henteu? Pan ceuk batur mah meureun mending bapana Tami. Unggal poé tepung, unggal poé dikeukeupan. Aya batur badami. Mun aya pasualan di kantor aya batur curhat. Tapi kalah dipiceun. Der kawin ka nu boga pamajikan. Bari geus dua pamajikanana téh. Enya goblog kuring téh meureun. Nu pinter kabalinger téa. Tapi da boga alesan kuring ninggalkeun bapana tami téh, sabab hirup asa teu nyaman, asa teu bagja, da tadina teu didadasaran ku cinta. Pajar cenah cinta sok datang pandeuri! Ah, bohong! Ning diarep-arep nepi ka sapuluh taun teu jol waé.
Ayeuna haté kuring bahagia. Asa tengtrem. Unggal poé mun balik gawé, ka imah. Ngapalkeun. Teu kitu ngagawéan tugas ti dosén. Da geuning S2 mah lolobana penelitian. Waktuna kuliah, enya-enya dipaké kuliah kuring ayeuna pinter ngabagi waktu. Najan salaki euweuh, da asa aya wé mocongok. Éta meureun nu disebut tengtrem téh. Teu ngarasa kaleungitan najan euweuh juntrungna gé. Asa aya na haté. Asa aya bungkeuleukanana. Kuring yakin, ieu meureun nu disebut cinta téh. Karék ayeuna, umur geus opat puluh lima taun ngasaan nimatna cinta. Nimatna hirup.
Tapi di satukangeunana éta, kuring kudu ngorbankeun haté, sabab kolot, dulur-dulur, kabéh ngajauhan. Alesanana pédah kuring daék dicandung! Taya turunan cenah. Gusti, mani teu meunang wé haté abdi bagja téh, da éta “kemasanana” dicandung. Padahal keur kuring mah kajeun “kemasanana” goréng ari jerona alus mah teu masalah. Tapi teu kitu keur kulawarga kuring mah, kemasan nomer hiji! Katempo ku batur alus! Baé jerona pasiksak gé. Buktina basa kuring ngahiji jeung bapana Tami, na aya kabagjaan? Sapuluh taun kuring nahan haté nu paburantak. Sapuluh taun kuring ngarep-ngarep cinta datang, teu jol waé. Haté kuring gorowong, asal kolot jeung dulur senang ngeunah nempo kuring boga salaki nu sorangan. Tapi tetep nu korban mah haté kuring.
Tami ngagubragna ka dunya téh lain tina hasil cinta jeung asih, tapi kuring ngarasa boga kawajiban ngaladénan salaki.
Ayeuna ka kolotkeun, kuring panggih jeung ngasaan nu disebut cinta. Ning éndah cinta téh. Lin ieu mah deuk rék satengah abad, karék manggih. Tapi kétah da teu leungit ajénna. Tetep wé éndah. Najan kacida mahalna! Sabab cinta kuring kudu ditebus ku kolot jeung dulur-dulur. Maranéhna keukeuh dina pamadeganana, yén awéwé nu daék dicandung téh awéwé murah! Awéwé nu teu boga harega!
Ceuk kuring mah teu kitu! Sabab kuring kawin ka Hamdan teu susulumputan! Kuring kawin ka Hamdan disaksian ku pamajikanana nu dua. Maranéhna ikhlas, kuring dikawin ku Hamdan dijieun nomer tilu. Anéh pan. Nepi ka tatangga réa nu ngomongkeun, pédah kuring kawin daék dijieun nu katilu, tur disaksian ku maru-maru.
Jadi sabiwir hiji. Aya nu nyebutkeun, sugan mah awéwé garélo! Sugan mah awéwé garering! Sugan mah awéwé teu baroga haté! Ah, sabodo maranéhna deuk ngaromongkeun naon waé gé! Nu penting rumah tangga kuring jeung Hamdan nyaman, taya nu ngontrog, taya nu ngawakwak nyarékan, taya nu ngajak galungan. Nya ari sual ngadagoan kilir mah wajar wé, da geus lumrah nu dicandung mah.
Dina keur euweuhna, keur giliran di batur, nya anggap wé salaki téh keur usaha néangan kipayah!***(Hanca)