Nu Pangutamana keur Urang Islam

Fikih Ibadah Basa Sunda, Muh. Syarief Sukandi, citakan XIII, 164 kaca, Rp. 20.000,- , Kiblat Buku Utama, 2001

Saban muslim diwajibkeun nyuprih élmu. Sakumaha pidawuh nabi dina hadis nu diriwayatkeun ku Abdil-Barr ti Anas r.a. “Nyuprih élmu téh wajib pikeun saban muslim lalaki jeung awéwé”. Tapi, nu wajib disuprih téh teu sakabéhna élmu. Nu pangutamana mah nyaéta élmu hal (élmu ngeunaan tingkah laku), pikeun ngalakonan ibadah sapopoé, nu dibutuhkeun saban waktu. Sakumaha dicaritakeun dina mustikaning kecap Arab, nu dikutip ku Syéh Az-Zarnuji dina Kitab Ta’limul Muta’Allim, Afdlolul ‘ilmi ‘ilmul hal, wa afdlolul ‘amali hifdhul hal. Hartina: Pangutamana élmu nyaéta élmu hal, jeung pangutamana pagawéan nyaéta miara hal (tingkah laku). Ari nu dimakdsud tingkah laku di dieu téh nyaéta pagawéan nu patali jeung prak-prakan ibadah sapopoé jalma Islam, boh ibadah mahdloh, ghoér mahdloh, kitu deui mu’amalah.

Saban muslim wajib ngalaksanakeun salat, mangka apal tur paham kana élmu ngeunaan bag-bagan salat wajib hukumna. Saban muslim wajib nyuprih élmu ngeunaan puasa, sabab puasa wajib dilakonan saban taunna. Kitu ogé wajib nyuprih élmu ngeunaan zakat, sabab saurang muslim wajib ngaluarkeun zakat mun hartana geus nisab. Kitu ogé wajib hukumna neuleuman élmu ngeunaan haji, sabab keur muslim nu geus mampuh mah ngalaksanakeun ibadah haji téh wajib hukumna.

Kitu ogé élmu nu patali jeung urusan dunyawi (mu’amalah), saperti dina kasab umpamana. Mun saurang muslim kasabna téh tina dagang, mangka nganyahokeun élmu ngeunaan dagang wajib hukumna, pikeun nyingkahan perkara nu haram jeung syubhat (mang-mang). Cék cohagna mah, naon rupa hal nu ngalantarankeun kana pagawéan wajib, mangka wajib ogé hukumna.

Ari élmu nu ngatur ngeunaan hukum-hukum dina prak-prakan ngalakonan ibadah, nyaéta élmu fiqih. Kecap fikih cék basa hartina apal tur paham. ari élmu fiqih nyaéta kumpulan aturan nu ngawengku sagala rupa hal nu méré katangtuan hukum kana pagawéan manusa, boh nu patali jeung dirina sorangan kitu ogé dina hubungan jeung jalma séjén.

Para ahli fiqih (fuqaha) geus sapuk, sacara garis badag, élmu fiqih téh kabagi dua bagian. Kahiji widang fiqih ibadah mahdloh, nyaéta aturan nu ngatur hubungan muslim jeung Allah swt. Kadua widang fiqih mu’amalah, nyaéta aturan nu ngatur hubungan muslim jeung papada jalma, boh sacara pribadi ogé golongan. Atawa aturan-aturan pikeun ngawujudkeun kapentingan-kapentingan nu sipatna dunyawi. Élmu ieu kacida pentingna pikeun kahirupan umat Islam, sabab raket patalina jeung kasalametan pangpangna jaga di ahérat.

Buku fiqih ilaharna disusun sacara sistematis. Kitu ogé dina fiqih ibadah. Dina buku fiqih ibadah, ilaharna dimimitian ku bab nu medar masalah beberesih (thaharah), boh beberesih tina najis ogé beberesih tina hadas, nyaéta wulu, mandi jeung tayamum. Solat; kalayan rukun-rukunna jeung tatacara solat sarta hal nu aya patalina jeung solat kaasup solat jinazah.

Pedaran ngeunaan zakat. Medar ngeunaan wajibna zakat, harta-harta nu wajib dizakatan, nishab, haul jeung nu hak narina zakat (mustahik), sarta zakat fitrah.

Pedaran ngeunaan shaum, puasa wajib jeung sunah, rukun jeung hal séjénna nu patali jeung shaum, kaasup ngeunaan I’tikaf.

Pedaran ngeunaan ibadah haji. medar ngeunaan hukum jeung syarat-syarat haji, sarta hal nu aya patalina jeung ibadah haji.

Satuluyna buku fiqih ibadah medar ngeunaan jihad, sumpah, nadar, qurban, peupeuncitan, moro, ékah, sarta ngeunaan kadaharan nu halal jeung nu haram didahar. Tapi najan kitu, teu sakabéh buku fiqih sarua persis sistimatikana. Hal ieu gumantung kana masalah naon nu rék digedékeunana.

Saperti dina buku Fiqih Ibadah Basa Sunda meunang nyusun Muh. Syarief sukandi, teu sakabéhna bab nu ilahar aya dina buku fiqih ibadah dipedar dina buku ieu. Dina buku ieu nu dipedarna téh hal-hal nu pokona baé. Saperti, bag-bagan beberesih (diasupkeun kana bab solat), solat, puasa, zakat, haji jeung umroh, kurban, ékah, adab gering, jeung urusan jinazah/mayit.

Dina buku nu citakan ka-13 dipedalkeun ku penerbit Kiblat Buku Utama ieu (citakan kahiji nepi ka 12 ku Al-Ma’arif), bab-bab ngeunaan ‘itikaf, sumpah, nadar, peupeuncitan, moro jeung kadaharan mah teu dipedar. Padahal éta ogé sabenerna mah teu kurang pentingna, sabab teu leupas tina kahirupan sapopoé jalma Islam.

Dina buku Fiqih Ibadah Basa Sunda, saban pedaranana dikuatan ku kutipan nu sumberna tina qur’an jeung hadis, ku cara maké nomer di jero kurung nu nuduhkeun nomer dalil nu jadi dasar pedaran. Mun panasaran kana dalilna, ungkab baé dalilna dina rohangan dalil-dalil dina buku ieu kénéh (kaca 72 nepi ka 163). Lebah dieu kaleuwihan ieu buku téh diantarana. Sabab nu maca moal mang-mang kana naon nu dipedar dina buku ieu. Ogé bisa neuleuman hiji-hijina pedaran kalawan ngaguluyur.

Kaunggulan séjénna, lian ti ringkes, pedaranana langsung ngajugjug kana poko pasualan. Kucara kitu, baris gampil dipikaharti tur diapalkeun ku nu maraca.

Buku-buku ngeunaan fiqih, nepi ka kiwari loba pisan. Boh nu ditulis dina basa Arab, atawa tarjamahan dina basa Indonésia kitu deui basa Sunda. Husus ngeunaan fiqih ibadah nu ditulis dina basa Sunda, buku Fiqih Ibadah Basa Sunda beunang Ustad Muh. Syarif Sukandi, payus dibaca ku umat Islam pangpangna urang Sunda pikeun nganyahokeun élmu ngeunaan bag-bagan ibadah. Sabab nyuprih élmu fiqih gedé pisan kautamaanana. Ku nyuprih élmu fiqih, saban muslim bakal apal kana aturan-aturan ngeunaan hak jeung kawajiban sarta tanggung jawab dirina ka Allah, jeung papada jalma. Nu jadi udaganana, pikeun ngahontal karidloan Allah ku cara ngalakonan ibadah kalawan sampurna.

Buku ieu geus dipindo citak nepi ka 13 kali. Citakan kahiji nepi ka dua welas dipedalkeun ku P.T. Al-Ma’arif, Bandung, tur dijudulan Fiqih Islam. Ari nu ka tilu welas dipedalkeun ku penerbit Kiblat Buku Utama taun 2001, dirobah judulna jadi Fikih Ibadah Basa Sunda, lantaran pedaranana leuwih nyoko kana hal-hal nu patali jeung ibadah mahdhoh. Kitu téh cingcirining ieu buku meunang pangbagéa anu hadé ti masarakat muslim, hususna urang Sunda..

Ngeunaan élmu fiqih nu wajib dikanyahokeun ku jalma Islam, sakumaha nu dicaritakeun di luhur, lega pisan babaranana. Teu cukup ku apal fiqih ibadah wungkul, tapi fiqih mu’amalah gé sarua pentingna. Dina fiqih ibadah gé loba kénéh hal séjénna nu kudu dikanyahokeun ku jalma Islam, pangpangna nu teu kaasupkeun dina buku Fiqih ibadah Basa Sunda-na Muh. Syrief Sukandi. Kukituna perlu aya deui buku séjénna keur ngalengkepanana. Kitu ogé nu teu kurang pentingna, buku fiqih nu medar ngeunaan mu’malah.

(él-Hijar)

1 Koméntar kana “Nu Pangutamana keur Urang Islam”

  1. ping 13-12-2007 tabuh 7:30Juned1507

    sae pisan saupami gaduh bukuna,kumaha upami hoyong gaduh buku eta teh?sok atuh nuhunkeun pituahna.hatur nuhun

Ngalebetkeun komentar