Pameran Buku Sunda di Australia
Dilebetkeun 19-09-2007 04:13
Kategori: Béwara
BUKU Sunda geus ngambah ka mancanagara. Rupa-rupa sumber ngeunaan kasundaan sihoréng dikoléksi deuih ku sawatara paguron luhur di luar negeri. Malah di Universitas Monash, Melbourne, Australia, koléksi buku Sunda téh lain ukur disimpen di pabukon, tapi ditembrakkeun ka balaréa.

Julian Mille (tengah) jeung R. Hardjadibrata dina Pameran Buku Sunda di Australia
Enya, ti mimiti bulan Juli nepi ka Désémber 2007, ieu paguron luhur téh ngayakeun pameran buku Sunda, tempatna di Asian Studies Research Collection, Monash University, Clayton. Ari nu ngokolakeun éta pameran téh Dr Aline Scott-Maxwell jeung Dr Julian Millied, duanana gé ti Universitas Monash.
Cék Scott-Maxwell, éta pameran téh didadasaran ku tanggung jawab pikeun ngatik jeung ngawanohkeun kabudayaan Indonésia ka masarakat di Australia. Boh ka mahasiswa, boh ka masarakat sakumna. Di Monash téh apan euyeub pisan ku koléksi buku ngeunaan Indonésia. Malah sawatara staf Monash mah apan museurkeun panalungtikanana kana Sunda. Upamana, Dr Rabin Hardjadibrata nu nyusun Sundanese English Dictionary, tur ayeuna geus nyusun kamus Inggris-Sunda. Aya deui Dr Julian Millie, nu keur nalungtik kabudayaan Islam di Jawa Barat.
Scott-Maxwell téh pupuhu koléksi di Monash. Atuh ngarojong pisan basa Julian nepikeun gagasan pikeun babagi pangaweruh ka masarakat ku ngawanohkeun kabudayaan Sunda téh.
Di Monash mémang teu aya mata kuliah basa Sunda. Nu ayeuna keur diusulkeun matak kuliah basa Indonésia jeung basa Jawa téh. Nu boga niat diajar basa Sunda gé henteu réa, malah pangaweruh kana basa jeung kabudayaan Sunda gé samporét pisan. Nya ti dinya pamianganana ngayakeun pameran téh.
Monash ngoléksi buku-buku nu bisa némbongkeun sawatara faseu sajarah kabudayaan Sunda. Contona, Wawatjan Woelang Poetra kénging Radén Adi Widjaja, nu medal taun 1862. Aya deui Zedeleer naar Ghazzali nu medal taun 1874, buku ngeunaan tasawuf Sunda nu ditulis ku C.J. Grashuis. Atuh buku-buku nu medal dina awal abad ka-20 gé nyampak, pangpangna wedalan Balé Poestaka. Di antarana Tjarita Mantri Djero kénging R. Méméd Sastrahadiprawira (dua jilid, 1928) jeung sawatara buku tarjamahan. Nu ka dieunakeun, koléksi bacaan populér taun 1960-1970, nu sajudul téh nepi ka sababaraha jilid tur digambaran warna-warni. Éta buku téh bisa némbongkeun kamekaran kabudayaan Sunda ti abad ka-19 nepi ka taun 1960-an.
Monash ngoléksi kurang-leuwih 500 judul buku Sunda. Nu disebut “buku Sunda” dina ieu pameran mah lain ngan buku nu maké basa Sunda, tapi ngawengku tarjamahan, saduran, jeung buku dina basa séjén nu ditulis ku pangarang Sunda (upamana karya-karya Utuy T. Sontasi jeung Rustandi Kartakusumah).
Koléksi buku Sunda di Monash henteu ari lengkep pisan mah. Nu panglengkepna téh koléksi buku wedalan Balé Poestaka. Tapi umumna mah, geus ngagambarkeun périodisasi medalna buku Sunda
Di antara buku nu dipamerkeun téh, aya sawatara buku medal dumasar kana média séjénna, pangpangna radio. Upamana, Ringkesan Pustaka Radja Purwa nu medalna dumasar kana siaran wayang golék di RRI Bandung. Bukuna mah basajan, ipis bari keretasna gé wawayagon. Saenyana buku kitu téh kacida pentingna pikeun maluruh kontéks kabudayaan mangsa bihari. Hanjakal téh jumlahna henteu réa.
Di antara buku nu dipamérkeun téh aya nu ditulis dina aksara Sunda, Arab jeung Latén. Éta gé bisa némbongkeun beungharna warisan kabudayaan Sunda.
(dumasar kana laporan Dr Julian Millied, Universitas Monash, Australia
Julian.Millie@arts.monash.edu.au)
kedahna mah di alih teknologikeun atuh….
eta warisan teh bakal ilang….. mun teu disosialisasikeun gancang2…
der ah… kana internet keun…. ngarah gampil dikases ku saha wae, di mana wae, iraha wae..oge tiasa….
hatur nuhun….