Pangalaman Diajar Basa Sunda

Ku Julian Millie
Monash University

julian_millie.jpgTaun 1999 kuring ngaréngsékeun program atikan S2 dina widang sastra Malayu di Universitas Monash, Melbourne, Ustrali. Geus kitu, jorojoy hayang neruskeun sakola ka S3. Malah kahayang téh ngayakeun panalungtikan di lapangan, lain di perpustakaan. Ku kituna, kudu diajar basa daérah. Ku lantaran aya sawatara ihwan nu ngajar di UPI Setiabudhi, Bandung, kuring boga niat nyaba ka Pasundan pikeun ngayakeun studi lapangan. Nya dina raraga éta kuring mimiti diajar basa Sunda.

Dina kahirupan kuring minangka salah saurang akademisi, kuring ngarasa bagja duméh diparengkeun bisa diajar basa di sawatara nagara. Kungsi diajar basa Arab di Mesir, nganjrek saimah jeung urang Yaman. Sakali mangsa, wanci peuting, kuring jeung éta urang Yaman nyuruput cikopi babarengan jeung urang Mesir. Cek éta sobat ti Yaman téa, ‘Basa Arab tulén (basa fushah) téh asalna ti Yaman’. Si Mesir geuwat mairan, ‘Lain! Apan Mesir téh umm ud-dunya. Bibit-buit basa Arab gé ti dieu!’ Dak dumadak kuring bet kawas nu bararingung ngabandungan nu hoghag parebut bener. Pada-pada hayang ngaku yén basa Arab tulén téh asalna ti nagarana séwang-séwangan (Ari urang Arab téa, najan katingalina hoghag pohara ragotna, ana geus lima menit mah teu wudu maranéhna silih rangkul lir adi-lanceuk nu kakara tepung deui sabada lawas papisah!). Cindekna, urang Arab mah pohara dariana tina perkara basa maranéhanana.

Ari urang Sunda pohara bédana. Cék pangrasa, urang Sunda mah kawasna nganggap basana téh basa nu leuwih matak senang. Komo deui di pilemburan. Kuring boga katineung nu kawilang réa tumali jeung pangalaman diajar basa Sunda di pilemburan! Biasana mah kawas kieu: aya kolot nu mimiti nataan kecap-kecap katut istilah-istilah basa Sunda, contona rupaning kecap nu dipaké pikeun nuduhkeun paripolah lalangkarakan, bari jeung dipetakeun. Atuh ger wé nu ngariung saleuseurian. Beuki lila beuki tarik. Enya gé kuring teu ngarti naon piseurieunana, tapi teu wudu milu seuri lir nu katépaan.

Diheureuyan

Ku pohara réana piseurieun tina basa Sunda, urang asing remen dijieun bahan gogonjakan ku Ki Sunda. Basa mimiti diajar basa Sunda, guru kuring Pa Dédé ngélingan, ‘Kadé bisi ku Ki Sunda diheureuryan!’ Jeung enyana! Da geuning urang asing mah gampang pisan jadi bahan gogonjakan Ki Sunda!

Harita kuring unggal poé ka warung ngarah bisa diajar basa Sunda ti masarakat. Kitu wé ngadon ngadaweung, ngopi bari ngadu bako. Kuring sok rajeun nanya ka nu ngadaweung, ‘Ari éta naon basa Sundana?’ Unggal walonan sok rajeun dicatet ku kuring. Sakur nu can pati jelas, ku kuring sok ditanyakeun ka guru di universitas.

Sakali mangsa tepung jeung aki-aki, ngaranna Aki Endang nu unggal poé gawéna ngarit. Balik ngarit sok nyimpang ka warung. Pok kuring nanya ka éta aki-aki bari nunjuk kana bungkus kopi Kapal Api, ‘Ari sachet kopi téh Sundana naon, Ki?’ Pok manéhna ngawalon, ’Euh, éta mah atuh mé.. ngeunah’. Saharita gutrut kuring nyatet bari pok ngomong, ‘Hatur nuhun, Aki Endang.’

Barang jog ka imah, kuring mukaan kamus. Teu kapanggih tah éta kecap téh. Bakating ku panasaran, éta catetan ku kuring dibawa ka universitas. Kabeneran, harita guru kuring kasampak keur rapat jeung koléga-koléga katut dununganana. Maranéhna nanya ka kuring, ‘Kumaha diajar basa Sunda téh? Aya kamajuan?’ Pok kuring ngawalon, ‘Saé. Mung ieu téh aya hiji kecap nu teu kapendak dina kamus’. Pok deui maranéhna nanya, ‘Cikan, kecap naon?’. Omong kuring, ‘Dupi mé… téh naon hartosna?’

Bep saréréa balem. Taya nu ngawalon. Basa rapat geus réngsé, guru kuring nyampeurkeun bari pokna, ‘Aduh, Julian. Manéh diheureuryan!!’ Puguh wé kuring jadi nyenghél. Éstuning tabé wé ka Aki Endang! Tétéla, hasil ngaheureuyanana!

Frustrasi

Aya hiji kanyataan nu nyababkeun kuring sok ngarasa frustrasi. Basa karék ngamimitian diajar basa Sunda, kuring dibekelan istilah-istilah lemes keur batur sangkan teu ngahina batur. Ari basa lemes keur batur tangtu wé aya gunana di universitas mah, da puguh apan hierarki sosial téh tetep dijaga. Ari di lingkungan sapopoé di masarakat biasa mah basa lemes téh asana teu pati dipentingkeun.

Upama urang maké basa lemes keur batur pikeun meuli koran atawa tumpak angkot, si supir remen katémbong siga nu reuwas duméh aya urang Barat bet nyarita maké basa Sunda. Lian ti éta, manéhna lir nu katajieun pisan, nepi ka nyebutkeun yén kuring leuwih nyaho kana basa Sunda batan manéhna. Atuda manéhna mah arang langka ngadéngé basa lemes cara nu diajarkeun ka kuring di Universitas. Padahal saenyana mah kuringna wé nu teu nyaho kana basa Sunda iwal ti mikawanoh sawatara ungkara dina basa lemes!!

Tangtu, urang Sunda remen reuwas upama aya bangsa ‘juragan’ nyoba-nyoba nyarita maké basa Sunda. Upamana baé, kuring ménta tulung kalawan rengkuh bari pok ngomong, ‘Punten, badé tumaros. Upami badé ka Cisasawi, ka palih mana?’. Nu ditanya katémbong reuwas, tapi sok terus bangun nu bungah bisa nulungan. Tepi ka aya pangalam nu matak nyenghél. Kungsi kuring rék tumpak taksi. Teu jauh saenyana mah. Kakara gé gék, supir téh nyaritana maké basa Indonésia bari rada keukeuh perkara ongkos najan teu jauh gé. ‘Tiga puluh lima ribu!’ Kuring pasrah, da puguh supir taksi téh hésé ngudag setoran. Ongkoh pan urang bulé mah biasana keuna ku ‘pajak liar’. Pasrah baé. Barang mobil mimiti jalan, kuring ngajak nyarita ka Pa Supir maké basa Sunda sakadugana (lemes keur batur).

Barang mireungeu panumpangna maké basa Sunda nu lemes, pohara robahna pamulu si supir téh! Pok éta sopir téh ngedalkeun kekecapan nu pikaseurieun pisan, ‘Abdi nyuhunkeun rido kana tilu puluh éta.’ Éstuning matak nyenghél. Tayohna, manéhna boga anggapan yén mun maké basa Sunda kudu maké sopan-santun nu béda ti upama maké basa Indonésia! Si sopir ngarasa hanjakal kana kalakuanana harita, bet teu nyaho aya panumpang nu bisa nyarita maké basa Sunda saeutik-eutikeun!***

3 Koméntar kana “Pangalaman Diajar Basa Sunda”

  1. ping 15-01-2008 tabuh 0:49koko

    sampurasun……nepangkeun simkuring wasta Koko Komarudin,kawit ti garut. saparantos ngaos ieu seratan simkuring salaku pituin urang sunda ngaraos bingah,isin campur jeung sedih,ari ras ka diri nu ampir poho kana basa jeung budaya sorangan.pami aya waktos diantos saran sareng kritikna di blog simkuring anu alamatna di “pihatur.wordpress.com”hatur nuhun

  2. ping 15-01-2008 tabuh 13:06Kang Idek (Dedy Hernawan)

    Kang Julian,
    Bagja tinemenan akang teh. Gaduh pangalaman nu sakitu munelna. Da kitu geuning urang Sunda mah. Resep banyol. Tapi ulah lepat, banyol di lingkungan urang Sunda teh ngarupakeun hiji media pikeun ngaraketkeun rasa. Rasa antar manusa nu kabeneran aya dina hiji gempungan, atawa nu diajak ngobrol. Saupama nu diajak ngobrol geus nyambung rasana, mangka hal-hal lain, malah nu sifatna daria oge bakal gampang ditepikeunana. Beulah dieu urang geus diajar yen banyol keur urang Sunda mah ngarupakeun bahasa. Bahasa diri-na nu total jeung bahasa nu diucapkeun. Kapan rigig, semu, jeung sorot panon oge bahasa, lin. Tah estetika basa Sunda bakal karasa lamun kabeh isarat komunikasi teh geus nyambung dina rasa. Urang Sunda teu weleh ngutamakeun ka dinya, dimana wae ayana, malahan lamun kaparengkeun ngobrol jeung Bule di Luar Negeri oge. Salam. Kang Idek, dumuk di Sumedang.

  3. ping 23-01-2008 tabuh 2:46eka

    ka urang sunda pokona mah tong isin ngagunakeun basa sunda

Ngalebetkeun komentar