Pondok Pesantrén Darussalam Garut

Di Sindang Sari, Desa/Kacamatan Kersamanah, Garut, aya Pondok Pasantrén Darussalam Garut (PPDG). Ieu pasantrén sistem pangajaranana ngindung ka Pondok Modéren Gontor (Jawa Timur).

PPDG téh ngadeg taun 1915, nu naratasna H. Ahmad. Harita mah pola atikanana tradisional kénéh. Ieu pasantrén terus dikokolakeun ku KH. Ishaq Asy’ari, putrana H. Ahmad. Najan ngadeg dina jaman jajahan, Pasantrén Darussalam réa nu ngadeugdeug, ku nu rék ngalap élmu. Taun 1950-an, basa keur meumeujeuhna harénghéng, kagiatan pasantrén rada kaganggu. K.H. Ishaq Asy’ari kapaksa ngungsi ka Bandung nepi ka pupusna di Bandung taun 1954. Nya taun éta kagiatan pasantrén téh pareum.

K.H. Abdul Mu’thi, putra cikal K.H Ishaq Asy’ari, ngahirupkeun deui éta pasantrén dibantuan ku H. Abdul Majid. Anjeunna ngadegkeun Madrasah Diniyah “Al Wad Al Muqaddas”. Lian ti éta, ngutus sawatara santrina pikeun neruskeun ngalap élmu ka Pondok Modéren Gontor. Ti dinya dipiharep santri-santrina téh nambahan élmuna sarta nu engkéna bisa ngamalkeun élmuna di pasantrén nu dikokolakeunana.

Hasilna teu nguciwakeun, taun 1972 pasantrén nu asalna ngan muka Diniyah téh tuluy ngadegkeun Madrasah Tsanawiyah. Sistem pangajaranana nyoko kana kurikulum Gontor. Atuh ti harita ngaranna gé diganti jadi Pondok Pesantren Darussalam Garut. Taun 1986, pasantrén ngayakeun program atikan nu tingkatna leuwih luhur, nyaéta ngadegkeun Tarbiyatul Mu’allimin al Islamiyah (TMI). Tanggal 20 Méi 1992 PPDG ngadegkeun pasantrén khusus keur puteri deuih.

Aya lima tingkatan atikan di PPDG téh, Taman Kanak-kanak/Taman Pendidikan Al-Quran, nyaéta tingkat atikan pikeun barudak nu umurna 4-6 taun. Tuluy aya Madrasah Diniyah “al Wad Al Muqaddas”, Pasantrén SD Terpadu “Darul Muqaddas”, jeung Pasantrén Yatim Piatu “Darul Aitam Munirah”. Lian ti éta aya deui Tarbiyatul Mu’allimin/Muallimat Al Islamiyyah (TMI), nyaéta tingkatan atikan nu disadiakeun pikeun lulusan SD/MI (kelas regulér), diajarna 6 taun, jeung lulusan SLTP/SLTA (kelas intensif), diajarna 4 taun.

Santri nu ngalap élmu di PPDG jumlahna aya kana ratusna. Taun 2005-2006, jumlah santri téh aya 864 urang. Ari jumlah guru nu ngatikna 119 urang. Guru-guruna téh réa nu lulusan ti KMI Gontor, TMI Darussalam, jeung paguron luhur lianna.

PPDG di pupuhuan jeung dikokolakeun ku tilu putra K.H. Abdul Mu’thi, nyaéta K.H. Ahmad Ghozali, S.Ag., K.H. Asép Sholahuddin Mu’thy, BA,  jeung K.H. Cécép Ishaq Asy’ary M.

Lian ti sistem pangajaran, sarana prasarana PPDG gé terus mekar. Dina taun 1986 mah nu aya téh opat lokal madrasah jeung masjid hiji. Ayeuna mah geus aya tilu masjid, sarta 65 lokal keur kelas jeung asrama. Aya deui lapangan olahraga, kebon, perikanan, jeung pasawahan. PPDG ngadeg dina lahan nu legana lima héktar.

Nu matak katajina deuih, PPDG gé geus bisa ngahasilkeun sumber dana sorangan pikeun kalumagsungan kagiatan pangajaran jeung sarana/ prasarana. Nyaéta tina hasil usaha ékonomi mandiri dikokolakeun ku santri jeung pihak pasantrén kayaning perdagangan nu ngawengku koperasi pelajar, cafe tamu, jeung grosir; perkebunan, peternakan, pertanian sawah; perikanan; usaha jasa wartel jeung ngaput; fotokopi, jeung isi ulang air minum. Lian ti éta sumber dana dicokot tina tina infaq bulanan jeung donatur nu teu ngiket.

PPDG terus ningkatkeun jeung ngamekarkeun dirina, boh dina widang fisik boh widang non fisikna. Dina widang pisik PPDG terus narekahan nyampurnakeun sarana gedong, asrama, ruang tinggal guru, balé pertemuan. Ari dina program non fisik nyaéta ningkatkeun kualitas santri jeung guru-guruna ku cara gawé bareng jeung sawatara paguron luhur di Timur Tengah ngayakeun program beasiswa. Para santri atawa guru nu kapilih bisa nuluykeun ngalap élmuna ka Al -Azhar (Mesir),  Madinah University, Ummul Qurra, jll.

Leuwihna, PPDG gé boga tanggungjawab ka masarakat di sabudeureun pasantrén. Ieu hal katempo tina diayakeunana program ngabina masarakat, majelis taklim sarta kagiatan-kagaitan sosial séjénna. Atuh leuwih ti kitu, PPDG gé narékahan nyadiakeun lahan pagawean pikeun masyarakat, di antarana ku cara ngalibetkeun masarakat dina ngawangun sarana parasarana.***

1 Koméntar kana “Pondok Pesantrén Darussalam Garut”

  1. ping 26-05-2008 tabuh 6:45santrimantingan698

    Subhanalloh… mudah-mudhan Pasantren Darussalam Garut jadi salah sahiji wadah nu mere solusi keur ngatik barudak kiwari nu bakal jadi pamingpin kahareupna. Inna fi yadi syubban amrul Ummah wa fii iqdamiha hayatha. Ma’annajah fi kulli-l umuur.

Ngalebetkeun komentar