Prof. Dr. Djawad Dahlan

Djawad Dahlan téh ahli atikan. Sadidintenna lian ti jadi dosén téh, sok da´wah, nyerat, marios karangan, narjamahkeun sarta medalkeun buku.

jawad dibabarkeun di Ciparay, Garut, 27 Maret 1935. Pupus di Bandung, 10 April 2007, tabuh 16.30 WIK, dina yuswa 72 taun..
Djawad ngawitan diajar ngaos ka ramana (H. Abdullah Dahlan) di Garut. Atikan formalna ti kawit sakola dasar dugi ka paguron luhur mah di Bandung. Satamatna ti SGA Negeri 1 Bandung dina 1957, teras nyuprih élmu di Perguruan Tinggi Pendidikan Guru (nu saterusna jadi FKIP Unpad, méméh jadi IKIP Bandung nu terus jadi UPI), tamat taun 1963. Taun 1982 anjeunna dilélér gelar doktor dina widang ilmu pendidikan ti IKIP Bandung (ayeuna UPI).
Nalika anomna Djawad aktip dina organisasi Daya Mahasiswa Sunda Unit FKIP Unpad. Sabada lulus kuliah, anjeunna ngawulang di alamaterna. Kantos anjeunna janten Diréktur Program Pascasarjana IKIP Bandung (1993-1996); Réktor Universitas Islam Bandung (1996-2000); Ketua Asosiasi Perguruan Tinggi Swasta Indonésia Wilayah IV Jawa Barat-Banten (1999-2003), sareng Ketua Stiepar Yapari Aktripa ti taun 2004. Anjeunna téh Guru Besar Éméritus Universitas Pendidikan Indonesia.
Djawad nganjrek di. Jl Sawahkurung VI No. 7, Bandung. Di dinya anjeunna ogé ngokolakeun penerbitan Pustaka Fithri, nu medalkeun buku-buku Islami. Meunang kaahlian dina élmu ngeunaan nyunting ti Jepang, Amerika, jeung Filipina, taun 1965-1966. Jadi teu kudu héran mun Djawad milu ilubiung dina ikatan Penerbit Indonesia (Ikapi). Di caket bumina éta ogé aya Masjid Al-Muhajirin, tempat Djawad muka pangaosan saban subuh, hususna enggoning ngaguar eusining (ma´na) Al-Qur´an.
Tina éta pangajian, lahir salah sahiji karya Djawad nu pohara luhur ajénna, nyaéta tarjamah Al-Quran dina basa Sunda. Judulna, ‘Al-Munir: Al-Qur´an Tarjamah Sunda´ (Pustaka Fithri, 2005). Dina hal ieu mah, Djawad parigel cara rakana, H. Ali Dahlan, nu ngiring nyundakeun al-Quran jadi ‘Al-Amin: Al-Qur´an Tarjamah Sunda´ (CV Diponegoro, 2003).
Sacara harfiah, "al-munir" téh hartina nu nyaangan. Dibandingkeun jeung bahan-bahan bacaan sarupa kitu, Al-Munir kaitung nenggang, babakuna patali jeung prosés nyusunna. Numutkeun Djawad, ieu kitab tarjamah téh hasil pangajian jamaah Masjid Al-Muhajirin salila 13 taun, ti Oktober 1990 tepi ka Agustus 2003. Sakitu lilana éta pangajian ngaguar makna Al-Qur´an saayat saayat.
"Sangkan al-Qur´an jadi pola hirup urang sadaya, ulah towong-towong urang ngaguar eusina unggal waktu, saayat-saayat, nepi ka tamat 30 juz," cék Djawad Dahlan dina panganteur Al-Munir.***

2 Koméntar kana “Prof. Dr. Djawad Dahlan”

  1. ping 01-01-2008 tabuh 15:06usman diennur

    Bpk Djawad Dahlan salah sahiji dosen sim kuring di ABA BANDUNG anu tos masihan mangrebu inspirasi dina hal ngeunaan wawanen dina nyanghareupan kahirupan.hatur nuhun bapa.sagala rupi anu tos dipaparinkeun ku bp baris diestokeun pisan.

  2. ping 21-01-2008 tabuh 9:31supraptosukatman

    Assalaamu ‘alaikum wr wb

    Hapunten anu kasuhun,
    Bade tumaros dupi Buku anu ngeunaan Riwayat Hirup Alm.Bapak M Djawad Dahlan parantos medal teu acan.
    Upami parantos, penerbit naon anu ngedalkeunana ?
    Hatur nuhun

    Wassalaam,

    Suprapto

Ngalebetkeun komentar