Prof. Dr. Djuhaéndah Hasan, Wanoja Sunda Ahli Hukum
Dilebetkeun 22-11-2007 05:57
Kategori: Urang Sunda
BASA keur SMA ditanya ku guruna ngeunaan cita-citana, panceg pisan ngajawabna téh, hayang jadi sarjana hukum cénah. Réa nu hémeng puguh gé, tuda langka kénéh harita mah nu ngulik élmu hukum téh. Komo dina taun 1950-an mah, hiji-hijina paguron luhur nu ngajarkeun élmu hukum téh ukur Universitas Indonésia (UI). Tapi Djudjun haténa geus gilig hayang jadi sarjana hukum.
“Nu kaimpleng harita téh UI,” pokna.
Taun 1957, di Bandung ngadeg Universitas Pajajaran, Djudjun nu karék tamat SMA milu kana pintonan drama Sunda “Lutung Kasarung” dina acara bubuka éta paguron luhur. Nu matak bungah téh cenah lain baé pédah kapilih kudu merankeun Purba Éndah dina éta drama, tapi kasempetan keur ngahontal cita-citana jadi sarjana hukum gé mimiti némbongan. Ti barang ngadeg, Unpad muka Fakultas Hukum. Djudjun kaasup mahasiswa nu entragan munggaran di Fakultas Hukum Unpad.
Djudjun téh nénéhna Prof. Dr. Djuhaéndah Hasan, Guru Besar di Fakultas Hukum Unpad. Kaasup wanoja Sunda nu suksés dina widang atikan jeung élmu hukum.
Lahirna di Sumedang, 10 Séptémber 1937. Ramana R. Sayoeti Wangsadikusumah, kungsi jadi Asistén Wadana di wewengkon Ketib, Sumedang taun 1937.
Kangaranan budak pagawé pamongpraja, Djudjun remen pipindahan nuturkeun ramana. Basa jaman Jepang, ramana keur ditugaskeun jadi wadana di Ciawi, Tasikmalaya. Djudjun asup sakola di Sakola Rakyat (SR, ayeuna mah SD).
Taun 1945, karék gé kelas 2, geus pindah deui sakolana ka Singaparna, tuluy pindah deui ka Garut taun 1947, nalika ramana jadi patih di Garut. Taun 1948 ramana eureun tina amtenar, tuluy digawé di Dinas Sosial. Taun 1949 Djudjun nuluykeun deui sakolana nu katunda alatan situasina teu aman. Di Bandung neruskeun sakolana téh, di SR Banjarsari.
Tamat ti SR Banjarsari taun 1951, nuluykeun deui sakola ka SMP IV Bandung. Babaturan saentraganana téh di antarana Jéndral Édi Sudrajat nu kungsi jadi Menhankam. Tamat ti SMP nuluykeun deui sakola ka SMA 3A (SMA Negeri 1 ayeuna mah). Nya harita mimiti aya cita-cita hayang jadi sarjana hukum téh.
Nyuprih Élmu Hukum
Sanggeus lulus Sarjana Muda taun 1959, Djudjun jadi asistén dosén di almamaterna. Ku kasibukan ngajar, sakolana kungsi katunda heula. Komo basa taun 1962, Djudjun nikah. Kakara tamat S1 téh taun 1966.
Ari kapikir deui nuluykeun sakola S3 sanggeus umurna 48 taun. Mémang ari nyuprih élmu mah teu kawatesanan ku umur. Tapi alesan nunda heula sakola téh kacida wijaksanana. Djudjun hayang nuluykeun sakola téh mun budakna kabéh geus lulus sakolana. Enya baé, anjeunna lulus S3 kalawan cum laude dina widang hukum perdata.
Sanggeus 24 taun ngajar, Djudjun kapercaya jadi Ketua Jurusan Perdata. Salaku ketua jurusan réa pisan pamikiran-pamikiran nu disumbangkeunana, pangpangna nu patali jeung kurikulum katut sumber daya manusa. Kurikulum dirobah, ditambahan ku matéri-matéri nu dianggap penting. Keur ngaronjatkeun sumber daya manusa, dosén ditambahan kaasup ngangkat asistén dosén.
Taun 1996 Unpad muka Badan Kajian Utama Magister Hukum, Program Pascasarjana Universitas Padjadjaran. Djudjun kapilih jadi ketuana. Nya harita Djudjun ngusahakeun sangkan Unpad ngayakeun Program Magister Hukum Bisnis Kelas Khusus. Najan kungsi jadi bahan adunrényom, tapi antukna mah bisa ngawujud, tur kiwari geus kapetik hasilna.
Atuh basa jadi Ketua Program Spésialis Notariat, Djudjun gé ngusahakeun sangkan éta program téh jadi Magister Kenotariatan.
Indung ”Saréréa”
Imahna, di Jl. Cimandiri No. 4 Bandung, teu weléh haneuteun ku nu ngaranjang. Pangpangna ku nu ngarora. Réa nu ngahaja arulin ka dinya. Ari kituna mah ku sabab Djudjun béréhan, hadé ka sasaha matak conggah jalma anyar-anyar. Nyaahna ka batur téh cara ka budakna sorangan. Nu matak teu anéh Djudjun téh disebutna gé ”indung saréréa”. Pamadegan kawas kitu téh ditembrakeun ku sawatara murid jeung rélasina.
Prinsip hirupna, bagja mun bisa ngabungahkeun batur. Indung baheula cenah kungsi méré pépéling, ulah sok tanggah ka sadapan (ulah nempo ka luhur, tapi kudu nempo ka nu sahandapeun), dicepeng pageuh tepi ka kiwari.
Suksésna Djudjun teu leupas ti pangrojong ingkang carogé, R. Moh. Hasan Wargakusumah. Hasan nu salawasna ngaping ngajaring, jadi batur pakumaha boh dina kaayaan suka atawa sedih. Salila 45 taun rumah tangga téh, Djudjun dipaparin budak genep, nyaéta: R. Libtia Setiawan (Tia/Alib), Déwi Yunitta Damayanti (Nénét), R. Virgadie Hérawan (Dicky), R. Hikmawan Wargakusumah (Ricky), R. Januar Krishnawan (Adee), jeung Rachmadi Darmawan (Acheel).
Kiwari Djudjun geus 70 taun, tapi katingalna masih kénéh jagjag tur émutanana masih kénéh cékas. Baheula mah ti keur budak tepi ka umur 40 taunan remen pisan katarajang kasakit. Tapi kiwari mah jarang, malah alam-alam tara ngalanto ka dokter. Mun sakalieun rieut meueusan mah sok ngubaran manéh baé maké ubar alam nu aya di sabudereun imah. Aya ari palakiahna mah, ieu profesor nu kungsi aktip di DAMAS téh. Koncina nyaéta kudu bisa nyengker diri.
Karesepna tepi ka kiwari lian ti masak jeung ngurus kekembangan, nyaéta ngalukis. Sabenerna ari kana ngalukis mah geus resep ti keur leutik kénéh gé. Ngan kakara kaguar deui ka dieunakeun. Ngalukis téh matak ngaleungitkeun capé jeung nengtremkeun pipikiran.
“Nu mawi pami nuju ngalukis téh sok tara tiasa diganggu, margi kedah dugi ka réngsé”, cénah.
Bulan Nopémber 2007, Fakultas Hukum Unpad baris ngayakeun acara “70 Taun Prof. Dr. Djuhaéndah Hasan”. Dina éta acara, lian ti diskusi téh, baris diluncurkeun buku “Ceu Djudjun: Anu Digugu jeung anu Ditiru”.***(Dadan/Hijar)
Jenenganana: Prof. Dr. Djuhaéndah Hasan Lahirna: Sumedang, 10 Septémber 1937; Carogéna: Moh. Hasan Wargakusumah Putrana: R. Libtia Setiawan (Tia/Alib); Déwi Yunitta Damayanti (Nénét); R. Virgadie Hérawan (Dicky); R. Hikmawan Wargakusumah (Ricky); R. Januar Krishnawan (Adee); Rachmadi Darmawan (Acheel) Atikanana: SD Banjarsari (1951); SMPN 4 Bandung (1954); SMAN 1 Bandung (1957); S-1 Fakultas Hukum Unpad (1966); Program S-3 Fakultas Hukum Unpad (1995) Padamelanana: Guru Besar Fakultas Hukum Unpad Bumina: Jl. Cimandiri No. 4 Bandung
Mugia ibu hajah masihan elmu utamina hukum-hukum Islam keur hirup kumbuh urang sunda. baktos pun Agus Pranamulia, Bogor.