Prof. Dr. H Ayatrohaédi
Dilebetkeun 19-06-2007 01:39
Kategori: Obituari
(Majalengka, 5 Désémber 1939 – Sukabumi, 18 Fébruari 2006)
LIAN ti arkéolog, Mang Ayat—kitu panelah sapopoéna—dipikawanoh minangka ahli basa jeung sastra. Remen nulis carpon jeung sajak, boh dina basa Indonesia boh dina Sunda. Tulisan¬ana dina widang sastra di antarana Hujan Munggaran (1960), Warisan (1965), Yang Tersisih (1965), Kabogoh Téré (1967), Pamapag (1972), Pabila dan Di Mana (1977), Puisi Negro jeung Se¬nan¬dung Ombak (tarjamahan,1976). Ari dina widang sajarah di antarana: Panji Segala Raja, Se¬jarah Nasional (1975). Dina widang basa di antarana: Dialektologi; Sebuah pengantar (1978), Kamus Arkeologi Indonesia (1979), Tata bahasa dan Ungkapan Bahasa Sun¬da (1980), Tata Bahasa Sunda (1985), jrrd.
Kang Ayat meunang gelar Sarjana ti FS UI Jurusan Ilmu Purbakala (1964) sarta meunang Gelar Doktor Linguistik UI taun 1978. Disertasina ngeunanan Bahasa Sunda di Daerah Cirebon: Sebuah Kajian Loka Basa jadi disertasi munggaran di Asia Tenggara nu nalungtik perkara dialéktologi.
Karirna dimimitian di Lembaga Purbakala dan Peninggalan Nasional, Jakarta. Tuluy jadi dosén FS Unpad (1967-1972), dosén FS/FIB UI (ti mimiti 1972); Wakil Réktor IKJ, nepi ka jadi Guru Besar FIB UI (1992).
Najan téorina ngeunaan Naskah Wangsakerta mindeng nimbulkeun polemik, tapi Mang Ayat keukeuh pengkuh yén Naskah Wangsakerta téh oténtik, bisa dijadikeun sumber keur ngungkab sajarah Tatar Sunda jeung sajarah Nusantara umumna.
Salian ti resep angkat-angkatan, Mang Ayat gé resep seni deuih. Sok remen icikibung nabeuh gamelan jeung ngaréog di kleub Gentra Pananjung di lingkungan Fak Sastra UI.