Prof. Dr. H. Koesnadi Hardjasoemantri S.H., M.L.

REBO, 7 Maret 2007, kira-kira wanci carangcang tihang, aya deui musibah nu matak ketir. Kapal udara Garuda B 737-400 nomer penerbangan GA-200, kahuruan méh jadi lebu di Bandara Adi Sucipto, Yogyakarta, alatan gagal landing. Ti antara nu tarumpakna, aya 21 urang nu maot. Ku teu nyangka, horéng Prof. Dr. H. Koesnadi Hardjasoemantri S.H., M.L. salah sawios korbanna téh.

rof. Koes téh kawentar minangka intelektual jeung ahli hukum lingkungan. Dibabarkeun di Tasikmalaya, 9 Désémber 1926. Ramana, Gaos Hardjasoemantri, salah sahiji inohong nu bisa ditarima ku golongan kiri jeung non kiri. Gaos kantos janten Ketua Badan Musyawarah Kebudayaan Nasional.

Lian ti janten guru besar emeritus Fakultas Hukum Universitas Gadjah Mada, Prof Koes gé ngawulang di sawatara paguron luhur sarta sering ngiring kana rupaning kagiatan sosial jeung janten panyatur dina rupaning seminar.

Dina Januari 1986 Prof Koes janten Réktor Universitas Gadjah Mada (UGM), Yogyakarta. Anjeunna téh hiji-hijina réktor di Indonésia nu kantos marengan para mahasiswa ngayakeun démonstrasi dina jaman Soeharto. Jigana, éta pisan nu ngalantarankeun anjeunna janten réktorna téh ngan sarintakan (1986-1990).

Ieu inohong téh lulus ti Fakultas Hukum UGM taun 1964. Waktu janten mahasiswa, anjeunna usul proyék Pengerahan Tenaga Mahasiswa (PTM) pikeun tugas ngajar di luar Jawa. Anjeunna ditugaskeun di Kupang taun 1951.

Nalika janten Kepala Direktorat Pendidikan Tinggi Depdikbud (1969-1974), Prof. Koes ngusulkeun konsép Kuliah Kerja Nyata (KKN) pikeun mahasiswa. Numutkeun Prof Koes, KKN téh tujuanana ngamekarkeun kapribadian siswa, ngawangun masyarakat padésan, sarta narékahan sangkan paguron luhur seukut deuleu kana kabutuhan masarakat padésan.

Kanyaahna kana seni budaya, babakuna budaya tradisional, ageung pisan deuih. Keur SMA Prof. Koes sok ngibing, malah kantos janten guru kasenian di Jakarta.
Taun 1974-1980 mah Prof. Koes kapeto janten Atasé Pendidikan & Kebudayaan di KBRI Den Haag, Walanda. Anjeunna teu weléh giat ngadongsok sangkan rupaning banda budaya Indonésia nu dirampas ku Walanda jaman kolonial kudu dibalikkeun deui ka Indonesia.
Mimiti kataji kana widang lingkungan mah nyaéta waktu Prof. Koes kuliah S2 jeung S3 di Rijks Universiteit, Leiden, Walanda (lulus taun 1981, kalayan meunang gelar doktor dina widang ilmu sosial). Di Walanda harita aya kasus bocorna limbah B3 nepi ka réa jalma nu jadi korbanna. Ti dinya timbul kasadar Prof. Koes yén lingkungan téh mangrupa hiji hal nu kudu dikokolakeun kalawan daria sarta perelu pisan dijieun aturan-aturanana supaya teu nyangsarakeun rahayat.

Taun 1980-1983 Prof. Koes janten Sekertaris Menteri Negara PPLH. Kontribusina gedé pisan nalika dijieunna UU Lingkungan Nomor 4 Taun 1992, ogé waktu éta UU dirévisi jadi UU Nomor 23 Taun 1997. Salah sahiji buku Prof. Koes nu judulna "Hukum Tata Lingkungan" ayeuna jadi buku wajib di saban di fakultas hukum di Indonésia. Matak teu anéh Prof. Koes mah teu weléh dipercanten janten stap ahli di Kementerian Lingkungan Hidup, saha waé menterina.

Minangka guru, manahna kacida kaganggu ku kasus mafia peradilan nu kiwari nerekab di Indonésia. Numutkeun Prof. Koes, keur nyegahna antarana penting pisan ngajarkeun étika profési di paguron-paguron lahur. Malah éta pangajaran téh kudu dibarengan deuih ku studi kasus. Maksudna mah supaya penegak hukum teu babari kakooptasi di pengadilan. Atuh nu marangku hukumna, babakauna hakim kudu paham pisan ngeunaan hukum adat, ngarah kaadilan masarakat lokal teu ngarasa kalanggar.

Lian ti keur ngajabat Rektor Institut Science Teknologi Nasional Jakarta, kiwari Prof Koes gé dipercaya minangka Ketua Umum Pengurus Harian Kagama; Ketua Kelompok Kerja Sosial Budaya Lemhanas; visiting professor di Dalhousie University (Halifax, Kanada); Kepala Pusat Dokumentasi Perundang-undangan Lingkungan; Direktur Program Pascasarjana Universitas Tarumangera; Andalan Nasional Urusan Penelitian, Pengembangan dan Lingkungan Hidup Kwartir Nasional Gerakan Pramuka; Wakil Ketua Masyarakat Transparansi Indonesia; Ketua Akademi Jakarta sarta anggota Dewan Pembina Ikatan Pencak Silat Indonesia (IPSI) deuih.

Pileuleuyan Prof. Koesnadi Hardjasoemantri. Sadaya amal kasaéan salira mugi-mugi ditampi ku Mantenna. Amin. ***(Yulianto Agung)

Ngalebetkeun komentar