Prof. DR Sarbini Sumawinata
Dilebetkeun 19-06-2007 01:46
Kategori: Obituari
Prof. DR Sarbini Sumawinata, Guru Besar luar biasa Fakultas Ekonomi Universitas Indonesia, parantos ngantunkeun, Rebo, 13 Maret 2007, tabuh 23.38 WIK di Rumah Sakit Pusat Pertamina, Jakarta. Sataun katompérnakeun katarajang stroke. Dikurebkeunana di Tempat Pemakaman Umum Jeruk Purut, Jakarta Kidul, 14 Maret 2007.
Sarbini téh teureuh Sunda nu lahir di Madiun, 20 Agustus 1918. Ramana, Soelaeman Soemawinata, pagawé Kantor Pekerjaan Umum di Madiun.
Sarbini ngiring ngémutan ékonomi rayat atawa "ékonomi kerakyatan". Tepi ka pupusna tetep konsisten. Dina implenganana, pangwangunan Indonésia sawadina ngutamakeun tarékah ngaraharjakeun sakumna rayat, nu umumna mangkuk di désa tur tarani. Anjeunna nyarankeun pangwangunan désa katut modérenisasi pertanian.
Sarbini nu sosialis, nyarankeun sikep rasional. Dia émutanana, teu kudu Indonésia apilain ka nagara-nagara kapitalis. Ari sababna, di maranéhna pisan ayana téknologi, modal jeung alat pikeun kamajuan téh. Ku kitu ku kieu aya pereluna gawé bareng jeung nagara-nagara kapitalis. Lain hartina satuju atawa kudu jadi antékna kapitalisme, tapi pikeun kamajuan. Ékonomi Indonésia mah tetep kudu sosialis.
Sarbini kuliah di Technische Hogeschool (ayeuna Institut Téknologi Bandung) ti taun 1940-1942. Kungsi deuih tolab élmu di Sakola Téhnik Tinggi di Universitas Gadjah Mada, bari didamel di Bagian Perencanaan Kementerian Kemakmuran Yogyakarta. Waktu jadi padamel KBRI di Belanda anjeunna diajar di Centraal Plan Bureau deuih. Sabada pindah ka Washington, Sarbini diajar di Bank Dunia, IMF, Kementerian Pertanian Amerika Serikat (AS), American University, jeung program master di Departemen Ekonomi Universitas Harvard, AS. Terus ngiring program pendidikan dina raraga Colombo Plan, di Biro Statistik Kanada-Ottawa taun 1954.
Waktu Sarbini janten Kapala Biro Pusat Statistik taun 1955-1966, diayakeun Sénsus Penduduk Indonésia (taun 1961), minangka sénsus munggaran dina masa pamaréntahan Republik Indonésia.
Sarbini deuih nu ngadugikeun konsép pangwangunan ékonomi ka Soeharto, Panglima Kostrad dina Oktober 1965. Harita Sarbini janten Ketua Tim Ahli Politik keur kapentingan pamaréntahan Soeharto, tapi teu lila teras kasingkirkeun ti lingkungan nu nyepeng kakawasaan. Terusna mah Sarbini museurkeun kagiatanana ku ngawulang di universitas bari ngokolakeun buletin Business News.
Taun 1966, anjeunna ngélingan yén urang perlu waspada kana bahaya militerisme, bari nandeskeun pentingna kerja sama sadarajat sipil jeung militer, sarta perluna kabébasan pérs. Ari dina taun 1974, basa kajadian riributan "Malari", Sarbini dituding kalibet dina éta kajadian, tepi ka dibérok leuwih ti dua taun bari jeung teu diadili.
Sarbini gé kantos usul sangkan di Indonésia aya "révolusi kabudayaan". Maksudna, ngarombak kaweruh kana idéologi jeung sikep hirup sangkan Indonésia bisa maju.
Anjeunna usul deuih sangkan Indonésia giat gawe bareng jeung bangsa-bangsa lianna, teu kawatesanan ku idéologi atawa kayakinan. Dina implenganana, bangsa Indonésia dipaparin poténsi mangrupa kabeungharan alam, sarta kaasup bangsa nu calakan jeung mampuh nyerep sakabéh pangaweruh nu diperlukeun pikeun kamajuan.
Bangun nu teu capé, Sarbini terus ngadorong nu ngarora sangkan terus narékahan kamajuan ieu nagara. Numutkeun anjeunna, urang tangtu bisa jadi bangsa nu maju, asal pamingpin jeung kaum intelektualna teu pasalia jeung akal séhatna. Tinggalkeun sawangan, falsafah, jeung sikep "heubeul" nu kira-kira matak gejed mah. Jieun kaputusan nu bener, najan teu populér.***