Prof. Drs H. Unus Suriawiria, M.Sc.

Minangka guru besar mikrobiologi ITB, Unus teu ukur "ngerem" di laboratorium atawa di rohangan kuliah. Anjeunna mah kersa lungsur ngabagi-bagi élmuna ka masarakat tur nepikeunana gé nganggo basa nu babari kaharti deuih.

Unus téh élmuwan produktif. Geus nulis 25 buku nu réréana ngeunaan cara praktis keur sakur nu ngaleukeunan agrobisnis, upamana ngeunaan hileud sutra, suung, lémbér, suung kompos, shiitaké jeung tiram. Lian ti éta nulis ngeunaan padika ngokolakeun pakarangan keur melak tutuwuhan obat, atawa tutuwuhan papaés taman jeung lanskap.

Unus gé nyerat karya sastra deuih, boh carpon boh sajak, malah ti SMA kénéh. Karya-karyana kungsi dimuat di majalah Warga, Tjandra, Panghégar, jeung Sipatahoenan. Nu mangrupa artikel ilmiah populér mah kungsi dimuat dina PR, Kompas, Tempo, Republika, jeung Trubus. Aya deuih tulisanana nu dimuat dina basa deungeun, saperti dimuat dina The Sidney Morning Herald (Sydney) jeung Svénska Dagblatet (Stockholm).

Unus dibabarkeun di Bandung, 13 Séptémber 1936. Saréngséna kuliah di FIPIA UI (nu tuluy jadi FMIPA ITB), Unus ngajar di almamaterna dina widang mikrobiologi, agroindustri, biotéknologi jeung manajemén téknologi. Unus gé kungsi diajar di sawatara nagara, antarana waé di University New South Wales (Sydney, Ustrali 1970), Svérige Lantbruke Univeritet (Uppsala, Swédia, 1973), Ohio State Univerity (Amerika, 1982) jeung Kyoto Intitute of Technology (Jepang, 1986).

Méh 35 taun katompérnakeun, Unus giat nalungtik Chlorélla tur geus ngahasilkeun dua buku ngeunaan ieu hal. Chlorélla téh sabangsa ganggang nu luhur ajén gizina. Chlorélla téh bisa deuih ngubaran rupa-rupa kasakit di antarana waé diabétes, jantung koronér, darah tinggi, darah rendah, malah HIV/ AIDS jeung demam berdarah.

Unus Dipundut ku Nu Rahayu dina Rebo, 7 Pébruari 2007 tabuh 05.50 WIK sabada 10 poé titirah di RS Borromeus Bandung.

Ngalebetkeun komentar