Radén Siti Hatijah Saléh

(Jakarta, 24 Juli 1944 – Bandung, 9 Fébruari 2006)

Tati Saléh téh seniman nu sarwa bisa. Lian ju¬ru kawih, juru tembang, juru tari, sok maén pilem deuih.

Babarengan jeung Gugum Gumbira, anjeunna milu naratas kamekaran ibing jaipongan. Tari geus hasil nyieun kréasi anyar dina jaipongan, da antarana Lindeuk Japati, Rinéka Sari, jeung Méga. Atuh dina taun 60-an, Tati jeung Indrawati Lukman, Irawati Durban, Tién Sapartinah katut Bulantrisna Jelantik dipikawanoh minangka "penari istana".

Dina widang seni, Tati meunang pangaping ti ramana, Rd. Abdullah Saléh. Kitu deui ibuna, Tjarwita Djuariah, sok ngajarkeun ngibing jeung tembang. Lian ka sepuhna, Tati gé diajar rupa-rupa kasenian ka R. Cécé Somantri, R. Enoch Atmadibrata, Ono Lesmana, Mang Koko Koswara, Apung S. Wiratmaja, jeung Bakang Abubakar.

Taun 1961, Tati Saléh jadi Juara II dina Pasanggiri Tembang Sunda Cianjuran Damas (Daya Mahasiswa Sunda). Taun 1997 narima Anugerah Kharisma Kartini Indonesia. Remen jadi duta seni Jawa Barat ka manca nagara. Tati gé kungsin maén pilem deuih, di antarana dina "Nyi Ronggéng" jeung "Si Kabayan."

Ngalebetkeun komentar