Rajapati Minggu Tenang (1)

Ku Radian Prasetya

"CM" (Cahaya Medal) rék ngabukukeun pangalaman-pangalaman Pa Hikmat jeung Kaptén Sidik enggoning ngaréngsékeun perkara-perkara kajahatan anu ruwet tur matak rudet. Aya éta ogé anu geus medal mangrupa buku, tapi horéng réa kenéh kasus-kasus narik nu tacan kungsi diguar, boh mangrupa tulisan-tulisan nu dimuat dina surat kabar jeung majalah boh nu geus dibukukeun.

Ku "CM" kasus-kasus anu sakitu réana téh rék diterbitkeun, judul saheulaanan Panineungan Hikmat Sidik, maké sub judul "Kasus-kasus Kriminal 80-90". Nu ditugaskeun ngawawancara ku "CM" Raswaya, éditor fiksi, tuluy hasil wawancara jeung nu duaan téh rék disusun mangrupa carita detéktif.

Geus aya kasaluyuan ti Pa Hikmat jeung Kaptén Sidik. Wawancara rék dilaksanakeun saminggu dua kali. Tempatna bisa di kantor "CM", di imahna Pa Hikmat atawa di imahna Kaptén Sidik.

Sesebutan Kaptén Sidik saenyana geus teu merenah deui. Lantaran basa eureun tina dines kapulisian téh pangkatna Létnan Kolonél. Mun niténan préstasina mah pangkatna moal nambleg ngan nepi ka Létnan Kolonél Polisi (purnawirawan), boa bisa jadi jéndral pulisi sarta kamungkinan nyangking kalungguhan penting.

Letkol. Polisi Sidik Waskita pangsiun jaman Ordeu Baru kénéh. Resmina purnawirawan, padahal saenyana dipaksa sina ngécagkeun kalungguhan. Lantaran harita, Létkol. Sidik méh-méhan bisa ngabongkar kajahatan narkotika, tapi perkarana dipeti-éskeun. Ti dinya Pa Hikmat tara daék deui mantuan muridna keur di SMP téa. Antukna Létkol Polisi. Sidik ogé ménta eureun. Kitu nurutkeun béja-béja resmi mah. Pa Hikmat terangeun, pangna perkarana siga nu ngahaja sina ngabuntut bangkong, lantaran mun terus dikali-cacingkeun, bakal ngagoréhél saha-sahana anu kabaud. Lain jalma si itu si éta, malah cék béja, bakal terus mapay ka puhu nu brasna ka "PPP" (Putra Putri Presidén).
*
"HENTEU kedah sacara kronologis, Pa," cék Raswaya ka nu duaan, basa ditanya ku Létkol. (purn) Sidik Waskita, kudu kumaha ngadadarkeun pangalamanana jeung Pa Hikmat enggoning nyingraykeun lalangsé mistéri nu warna-warni tur réa nu matak hélok. "Mangga teu langkung Bapa. Abdi mah rupina sakapeung mung naroskeun atanapi nyuhunkeun dijelaskeun bilih aya anu kirang écés."

"Enya, pék wé," Pa Hikmat mairan bari ngabaheuhay. Angger séhat jeung jagjag, najan umurna ngagayuh ka 80 gé. Ngan teu bayuhyuh teuing cara baréto. Buuk wéh ayeuna mah rada ngipisan lian ti geus bodas ngeplak téh, najan teu butak ogé. Geus teu udud padudan deuih, lantaran dicaram ku dokter. Ma´lum geus kolot, maké aya tanda-tanda tekanan darah tinggi sagala.

"Bapa mah meureun rék ngéngklokan wé, di mana perelu," cék Pa Hikmat deui.

"Tah, kitu saé," cék Raswaya. "Mangga atuh, Pa!" pokna ka Létkol Sidik bari ngarérét.

"Ké, naon, nya?" témbal Létkol Sidik, siga nu nginget-nginget. "Perkara tiwasna sinéas ngora jeung kabaudna artis nu béjana sok jadi cocooan para pajabat, pang matak rudetna, tapi pangnarikna deuih. Jaba nyabit-nyabit tokoh lével atas…"

"Tah, éta saé atuh," walon Raswaya.

"Ké, lanan," cék Pa Hikmat bari angger ngadayagday dina korsi, rinéh baé. "Kumaha mun kasus pemilu téa? Keun éta mah urang pandeurikeun. Taun sabaraha harita téh, Dik?"

Létkol Sidik méméh ngajawab téh hulang-huleng heula. "Euh, émut ayeuna mah. Pemilu taun 1987. Harita, budak nu nomer dua, sumun Si Iyas nembé janten pemilih pemula…"

"Tah, enya éta," témbal Pa Hikmat angger rinéh." Anéh, tuda. Ibur atuh. Bet aya nu keur nyolok, ngulahék di bilik suara, kasampak geus jadi… mayit!"

Raswaya curinghak. Tah, sumun leres. Mending éta heula. Kaleresan ayeuna nuju aya dina suasana pemilu presidén…"

"Ari badé dibukukeun mah, asana tos teu aktual deui," cék Létkol Sidik. "Panginten medalna gé iraha boa. Da sok lami geuning naskah pibukueun mah terbitna téh…"

"Leres," cék Raswaya. "Nanging sateuacanna badé dimuat heula dina "KCM", sumun Kalawarta Cahaya Medal…."

"Tah, duka ari kitu mah," témbal Létkol Sidik.

"Sumun, mangga urang ngawitan waé," cék Raswaya.

Létkol. Sidik, nu ayeuna geus purnawirawan téa, ngadadarkeun pangalamanana, diéngklokan ku Pa Hikmat. Raswaya ogé sakapeung milu nyarita, mun aya nu ditanyakeun.
*
SANGGEUS dua poé ti barang "nyoblos" Kaptén Sidik kadatangan Létnan Obon ti Polsék Nagarawangi, bagian kota kidul. Geus kapanggih dua jalma nu dianggap korban rajapati. Kabeneran keur mangsa-mangsa minggu tenang, méméh prung nyolok, aya dua kajadian anéh. Tempatna teu jauh ti komplék pamukiman Bumi Asri. Di hiji taman peuntaseun pusat pertokoan jeung "terminal bayangan" angkot. Aya korban, lalaki, umur kira-kira opat puluh taun; kapanggih ku Hansip nu keur ngaronda ngulahék dina bangku taman. Mimitina teu dipaliré, disangkana jalma anu keur reureuh waé. Kapanggihna kira-kira tabuh 10 peuting. Kaayaan geus simpé, ma´lum, "minggu tenang" téa. Jalma-jalma téh mun teu perelu-perelu teuing mah, tara aya nu ngulampreng…

Kapanggih ku Hansip téh…geus teu nyawaan.

Heuleut dua poé ti harita, kapanggih deui aya korban. Hiji lalaki kasampak keur nyuuh dina setir mobil Suzuki Carry. Kapanggih ku Satpam toko éléktronik, teu jauh ti dinya. Mobilna diparkir siga nu ruksak da nyéngsol, hulu mobil mani adek kana trotoar. Umurna kira-kira 50 taun si lalaki téh. Cara korban saméméhna, manéhna gé kapanggih téh geus teu nyawaan!

Kasus katilu di wewengkon polsék wewenangna Létnan Obon leuwih-leuwih ngageunjleungkeunana. Kawantu kajadianana poéan pemilu pisan. Hiji lalaki geus maot keur ngalaksanakeun hak pilihna di bilik suara.

Bet kabeneran korban téh tiluanana pangeusi kompléks pamukiman Bumi Asri sarta siga nu beunang ngatur deuih, nyolokna di TPS nu sarua, da puguh sa-RW, ngan RT-na baé nu béda téh.

Beuki tambah-tambah ngagujrudkeunana, poéan Pemilu kénéh aya dua jelema anu ditahan ku Danramil, lantaran dituding geus ngaganggu kana lumangsungna Pemilu sarta disangka maotna korban anu tiluan, ku Danramil dipakuat-pakaitkeun jeung Pemilu. Magarkeun téh, nu saurang pisan, najan teu jelas naha aya nu maéhan atawa maotna kabeneran waé harita, kapan sidik pisan keur mangsana"nyoblos".

Nurutkeun Danramil, korban nu tilu téh kaasup tokoh-tokoh masarakat Bumi Asri. Nu maot di bangku taman, kaasup tokoh PDI. Nu kapanggih teu nyawaan dina mobilna, moal aya nu bireuk deui, Haji pangusaha beunghar ti PPP. Nu maot keur nyolok wawakil Golkar.

Nu ditahan di Koramil, nu saurang mahasiswa. Cék Danramil omongan jeung tingkahna matak curiga. Teu euleum-euleum, ngaku "golput" sarta nyebutkeun pemilu taun 1987 geus katangén ti tangéhna loba rékayasa, diatur pikeun kauntungan salah sahiji kontéstan.

Saurang deui, aki-aki; nu dituding kungsi kabaud kana kagiatan G-30-S/PKI. Ku lantaran lain kelas luhurna, ngan kaasup katégori C, teu kungsi dika Kebon Warukeun, sumawonna ka Pulo Buru. KTP-na baé dicirian, sarta manéhna teu boga hak pilih.

"Kitu tah, Kaptén," cék Letnan Obon. "Over akting pisan Si Jayus téh,"

"Saha?"

"Létnan Jayusman, Danramil. Mani asa pangpentingna wé keur pemilu téh. Bérégégéh pisan," cék Létnan Obon siga nu sebel naker. "Salawasna pasang wajah angker, ti dituna mah hayang diambeuan. Padahal masarakat gé geus teu resepeun. Éta ku ngajagona."

"Nya jeun teuing atuh," témbal Kaptén Sidik, nahan diri, sangkan teu kapancing, bisi kaangsonan."Kitu tah kaayaanana mun pamaréntahan geus ngagunakeun cara-cara intimidasi. Nu digugulukeun téh kacurigaan waé. Keun, engké kapanggih nu boga salah mah…"

"Orokaya, Kaptén," cék Létnan Obon. "Kumaha mun nu teu tuah teu dosa katideresa?"

"Tugas urang mah nyusud tina kasus kriminalna," cék Kaptén Sidik tetep ayem."Kumaha maotna korban nu tilu, naha geus kapanggih naon lantaranana?"

"Nu duaan numutkeun panalungtikan saheulaanan mah dibius. Nu saurang deui, nu maotna nuju nyoblos, teu acan kapendak lantaranana, nanging panyangka mah serangan jantung."

Kaptén Sidik teu buru-buru ngawalon.

"Mun teu dipatalikeun jeung minggu tenang katut Pemilu, saheulaanan kasusna kriminal murni. Ayeuna mah kari ngalacak waé saha jalmana nu boga dosa."

"Leres, Kaptén," témbal Létnan Obon. "Ngan Si Jayus, asa pangakangna pisan. ´Ini bukan wewenang POLRI. Jelas ini kasus politis, bukan kriminal. Biar, perkaranya saya ambil alih!´ pokna."

"Nya heueuh atuh…"

"Kumaha ari Kaptén? Urang téh dianggap naon? Mani taya harga pisan. Ka papada ABRI waé geus kitu, komo atuh ka masarakat sipil…"

"Naha atuh Létnan maké pipilueun? Geus, mending gé talungtik saha jalmana nu boga dosa. Geus kapanggih mah manéhna sugan moal ngajago teuig."

"Kitu abdi gé. Ngan éta Si Jayus, mani ngahampas pisan ka POLRI téh. ‘Nggak perlu dilacak lagi, siapa pembunuhnya. Jelas ini pembunuhan politik. Yang dicurigai sudah tertangkap. Mau apa lagi?" pokna téh."

"Enya, keun wé atuh. Tugas urang tuluykeun, nyusud tapak jalma nu boga dosa…"

"Leres, kedah teras dilacak. Sangkan jalma nu tacan puguh dosana ulah dugi ka katideresa." ***(Hanca)

Ngalebetkeun komentar