Ramadhan Kartahadimaja

(Bandung, 16 Maret 1927 – Cape Town, 16 Maret 2006)

Ramadhan KH (Kang Atun), najan teu aktip nulis dina basa Sunda atawa milu ngulik budaya Sunda, tapi teu weléh milu ngarojong jeung mantuan usaha nu patali jeung kabudayaan Sunda. Kang Atun milu kana Kongrés Pemuda Sunda (1956) tur sok ngersakeun waé hadir dina Kongrés Basa Sunda (1956, 1958, 1961, 1993).
Kang Atun téh salah sahiji pangarang biografi kawentar di Indonesia. Sabada suksés dina biografi Inggit Garnasih, Kuantar ke Gerbang (1981), saterusna réa nulis atawa diperedih nulis biografi tokoh-tokoh sohor saperti Déwi Dja, A.É. Kawilarang, jeung Ali Sadikin. Samalah Kang Atun gé diperedih nulis biografi ku Suharto nu harita masih kénéh nyangking kakawasaan (Soeharto: Pikiran, Ucapan dan, Tindakan Saya; 1988).
Lian nulis biografi, Kang Atun gé nulis karya sastra deuih, di antarana Priangan Si Jelita (1958), Roman Royan Revolusi (70), jeung Keluarga Permana (1978) jeung novelna nu kawentar Ladang Perminus (1981).
Kang Atun kungsi jadi redaktur majalah Kompas, redaktur Persada majalah Kisah, wartawan LKBN Antara sarta redaktur Budaja Djaja.
Dina awal taun 1960-an, Kang Atun milu ngadegkeun pamedal buku Kiwari kajurung harepan gedé sangkan budaya Sunda pangpangna tradisi maca buku basa Sunda ulah pegat. Dina taun 1965, Kang Atun aub dina medalkeun majalah Mingguan Sunda anu tuluy jadi Madjalah Sunda.

Ngalebetkeun komentar