Rarayna Abu Dujanah
Dilebetkeun 19-06-2007 12:23
Kategori: Purnama Alam
Ku Ingka Fakku Roqobah
JAMAN Kangjeng Nabi Muhammad SAW aya satria nu sok tunggang kuda. Pakarangna tumbak jeung pedang. Dipikasérab ku balad, dipikagimir ku musuh. Jenenganana Abu Dujanah. Nénéhna éta téh, da ari jenengan aslina mah Sammak bin Horsah bin Luwajan Al-Ansori.
Abu Dujanah asalna ti kaom Khojroj nu nyongcolang, hésé néangan tandinganana. Anjeunna lebet Islam ti saprak da´wah Kangjeng Rosul nyaangan Yatsrib. Nya kaasup urang Ansor nu pangheulana asup Islam.
Nalika Kangjeng Rosul nembé nilar lembur katut kulawargana di Mekah, anjeunna ngamuakhotkeun kaom Muhajirin sareng Kaom Ansor. Nya Abu Dujanah dimuakhotkeun jeung Utbah bin Gozawan. Ari nu dimaksud dimuakhotkeun téh dijadikeun dulur pet ku hinis.
Basa Perang Badar, Abu Dujanah rancingeus pisan. Teuneung ludeung gedé wewesén. Nya ku mibanda satria modél kitu pasukan Islam, sok sanajan saeutik, bisa ngéléhkeun pasukan Kurés nu tilu tikeleunana. Kitu deui basa Perang Uhud, Abu Dujanah némbongkeun jajaténna nu matak hookeun nu séjén.
Malah mah dina Perang Uhud aya kajadian nu beuki negeskeun kasatriaanana payuneun Kangjeng Rosul. Harita Kangjeng Rosul ngaluarkeun pedang nu lebah tengahna aya tulisan "Dina borangan aya wiwirang. Dina kateuneung rébo kamulyaan. Manusa nu borangan moal bisa nyingkahan takdir."
"Saha nu daék mawa ieu pedang?" Kangjeng Rosul marios.
Sababaraha urang nyampeurkeun rék nampanan, tapi ku Kangjeng Rosul éta pedang teu dipasrahkeun.
"Saha nu daék mawa ieu pedang jeung kawajibanana?" Kangjeng Rosul naros deui.
Jung Ali bin Abi Tolib ngadeg rék nampanan éta pedang. Tapi Kangjeng Rosul kalah miwarang calik. Jung deui Umar bin Khotob, tapi nya kitu deuih, Kangjeng Rosul miwarang calik. Malah Jubér bin Awam mah aya kana tilu kalina ngadegna téh. Tapi éta pedang angger teu dipasrahkeun.
Sabot kitu, celengkeung Abu Dujanah naros, "Dupi kawajibanna téh naon, ya Rosululloh?"
"Ieu pedang kudu dipaké nigas beuheung musuh tepi ka bengkung jiga arit. Kaduana, teu meunang dipaké maéhan jalma muslim. Katiluna, teu meunang lumpat nyingkahan musuh bari ngabar-ngabar ieu pedang," dawuh Kangjeng Rosul.
"Abdi sanggem nyumponan kawajibanana," saur Abu Dujanah.
Antukna, éta pedang téh dipasrahkeun ka anjeunna. Jeung enyanya deuih Abu Dujanah mah dina unggal pangperangan gé salawasna némbongkeun kawani jeung katigin enggoning merangan musuh Alloh. Pedang ti Kangjeng Rosul téh terus dianggo nguwak-ngawik barisan musuh. Ku mindeng-mindengna dianggo nigas musuh, éta pedang téh bengkung lir arit.
Basa perang nyanghareupan pasukan kapir nu dipingpin ku Kholid bin Walid-nu harita mah tacan asup Islam-kungsi pasukan Islam rada kadéséh. Pasukan Islam awut-awutan, malah réa nu jicir, misah ti Rosululloh SAW. Ukur sababaraha urang nu tetep waspada caket Kangjeng Rosul, ti antarana baé Ali bin Abi Tolib , Tolhah bin Ubaidillah jeung… Abu Dujanah.
Najan didesek ku pasukan kafir, Abu Dujanah teu gimir. Anjeunna tetep satékah polah ngajaga Rosululloh SAW. Malah mah nalika Kangjeng Rosul dikepung ti unggal jurusan, Abu Dujanah gajleng ka gédéngeun Kangjeng Rosul, nyébakeun awakna jadi taméng. Belesat aya panah niruk salirana, tapi ku Abu Dujanah teu diraos. Anjeunna sumpah deuk satékah polah ngajaga jungjunanana.
Nalika perang Uhud lekasan, Kangjeng Rosul sareng para sahabat énggal marulih ka Madinah, ngabujeng ka bumina Fatimah Az-zahro, putrana nu dipihukum ku Ali bin Abi Tolib. Ali mah nyarios kieu ka Fatimah, "Cing pangumbahkeun ieu pedang. Hadé naker di ieu pedang téh pakalangan mah."
Ngadangu kitu kitu, Rosululloh SAW ngadawuh, "Sok sanajan hidep geus némbongkeun ketak nu hadé di pakalangan, masing inget yén Sahal bin Hanif jeung Abu Dujanah ogé sarua geus némbongkeun sumanget joang nu hadé pisan."
Di pangperangan galak soténan Abu Dujanah téh, da ari sadidintenna mah kacida handap asorna. Komo di payuneun Kangjeng Rosul mah. Éstuning ajrih. Tetebiheun kana wantun baha kana pamundut Kangjeng Rosul. Kitu deui ka réréncanganana, anjeunna pinuh ku kahéman. Tapi anak geus waktuna miang jurit ka pangperangan enggoning milampah jihad, hamo aya nu bisa ngahalang-halang. Taya jihad nu kalangkung. Kituna téh teu robah, sok sanajan Kangjeng Rosul parantos pupus ogé.
Nalika Abu Bakar Sidiq, kholifah nu kahiji, merangan jalma-jalma nu murtad jeung nu ngaraku Nabi, Abu Dujanah ogé teu cicingeun. Manéhna milu jihad merangan musuh. Anjeunna ngiring kana pasukan nu dipingpin ku Kholid bin Walid-sabada anjeunna lebet Islam-nu rék ngajorag lemburna Bani Hanifah pikeun merangan Musailamah bin Hubéb, Si Raja Wadul.
Ku bedas-bedasna pasukan Islam, Musailamah teu wudu tiwas. Pasukan Bani Hanifah leungiteun sumanget perangna. Maranéhna nungtutan jicir, kalabur ka mana boa. Tapi, aya saurang nu ngulincer, ngintip bongohna Abu Dujanah. Sanggeus bongoh, belesat mentang Abu Dujanah. Gabres éta panah téh niruk dada Abu Dujanah. Bluk Abu Dujanah rubuh.
Sababaraha urang sahabat gancang muru ka lebah Abu Dujanah. Kasaksian ku maranéhna, nalika Abu Dujanah keur ngahanju badé maot syahid, rarayna ngempur. Matak hélok tur pikabitaeun nu nyaksian.
Pok aya nu naros, "Duh, aya ku kayungyun. Beungeut andika mah mani ngempur kitu. Kumaha atuh pangna kitu?"
Abu Dujanah ngawaler, "Kaula boga dua sipat nu terus dipiara"
"Naon téa?" saur para sahabat.
"Kahiji, kaula mah tara nyarita nu taya gunana. Kadua, haté kaula salilana beresih, henteu neundeun kagoréngan ka Umat Islam."
Teu sawatara lila, tos kersaning Nu Maha Kawasa, Abu Dujanah perlaya. Mujahid pinilih téh mulih ka jati mulang ka asal. Syahid. ***