R.H. Déddi Anggadiredja, S.E., M.BA.
Dilebetkeun 19-06-2007 01:41
Kategori: Obituari
(Bandung, 26 Désember 1943 - Bandung, 4 Nopémber 2006)
TI keur jadi mahasiswa kénéh, sajak-sajak karya Déddi geus réa dimuat dina "Kuntum Mekar" sk. Pikiran Rakyat, Sari, Manglé jeung sk. Sipatahoenan. Lian ti nyieun sajak téh nulis artikel deuih, mindeng dimuat dina mingguan Mimbar Démokrasi. Remen nulis tajuk rencana dina sk. Indonesia Expres.
Sabada lulus sarjana muda ti Fakultas Ékonomi UNPAD, Déddi diangkat jadi dosén di almamaterna. Kungsi aktip di KADIN Jawa Barat (1970-1976), jadi anggota Staf Program Kewiraswastaan Pusat Pengembangan Téknologi ITB (1975-1977), jadi Wakil Direktur Lembaga Manajemen FE UNPAD (1976-1979). Ti taun 1979 Déddi nyekel sababaraha jabatan penting di sawatara lembaga ékonomi jeung bank, jadi komisaris sawatara bank swasta.
Salila digawé di LPPI/IBI, remen ngawakilan Indonesia dina Konferénsi Lembaga Bankir di Luar Negri (1987-1994).