Romadon

Ku Asép Salahudin

“Héh manusa! Bulan Alloh anu pinuh ku rohmat jeung pangampura geus anjog deui ka aranjeun. Bulan anu pangonjoyna mun dibandingkeun jeung bulan-bulan lianna. Beurangna beurang anu panghadéna, peutingna peuting petingan, waktuna waktu pinilih. Bulan anu ngahaja Alloh ngulem sangkan urang ngareuah-reuahna ku rupaning ibadah. Rénghap napas aranjeun bakal dibéré ganjaran. Dina bulan  ieu pisan babakti jeung du’a-du’a aranjeun bakal ditarima ku Mantenna…”

Kitu kasauran Kangjeng Nabi di payuneun para sohabat nalika mapag bulan suci Romadon. Enas-enasna mah ngémutan ka urang sangkan singkil metakeun tarékah pikeun nyangking kautamaan Romadon ku cara ngalaksanakeun rupaning kagiatan nu luhur ajénna malah mandar ngahontal ajén pribadi nu takwa. La’allakum tattaqun. Pribadi anu salilana éling kana purwadaksi.

Nabi ngémutan sabab  biheung teuing urang papanggih deui jeung Romadon taun hareup. Can puguh urang anjog deui ka bulan nu pohara mulyana, dugi ka Alloh nyalira parantos mukakeun panto kanyaah-Na, ngagolontorkeun kaasih-Na tur ngagembok sagala gogoda. Sakumaha kasauran Kangjeng Nabi, mun seug éta bulan diantep kitu waé, tangtu urang rugi.

Kaistiméwaan Romadon
Nya dina bulan ieu pisan Alloh ngawajibkeun sangkan urang puasa. Ari puasa téh lain waé tirakat pikeun ngaweningkeun haté tapi deuih jadi tarékah nu paling mujarab dina raraga nyaliarakeun rasaning jalma lapar.

Dina bulan ieu Alloh nurunkeun al-Qur’an nu dina enas-enasna mah jadi ilapat kana mekarna ulekan peradaban nu linuhung. Mun euweuh al-Qur’an jigana alam pikiran manusa masih kénéh kasengker ku watek-watek jahiliah: percaya kana tahayul, perang jadi kacapangan najan alatan teu pira, wanoja dihina, ékonomi dikokolakeun kalawan licik, pulitik napak kana kadoliman, atuh puseurna kamusrikan.
Dina ieu bulan suci Alloh nyayagikeun peuting nu leuwih mulya batan sarébu bulan. Laélatul Qodar téa. Pon kitu kawajiban zakat pitrah apan ayana téh dina bulan Romadon. Ari zakat téh, bawirasa, bukti atra yén dina padika Islam mah ajén-inajén kamanusaan nu jadi naracana lain waé kasoléhan ritual tapi deuih kasoléhan sosial. Hadé jeung Pangéran tapi goréng patut ka papada, teu mibanda rasa kahéman ka lingkungan jeung sasatoan mangka éta kahadéan téh euweuh hartina.

Atuh pamungkasna nya Idul Fitri téa. Mulang mawa diri nu wening. Diri nu suci.

Tilu bagian
Numutkeun hiji riwayat, Kangjeng Nabi ngabagi tilu poé-poé nu aya dina bulan Romadon. Sapuluh poé kahiji disebutna rohmat. Rohmat téh hartina kaasih. Kecap rahman jeung rahim nu kaasup sabagian tina pasipatan Alloh sakokocoran jeung kecap rohmat. Pancakaki jeung urang apan urang diomat-omatan pisan sangkan nyangking sipat (akhlak) Alloh éta. Takhallaqu bi akhlaqillah. Malah ceuk Jalaludin Rumi mah, “Pangsampurnana jalma nalika manéhna bisa ngapimilik ahlak Alloh.
Mun Alloh maha welas jeung maha asih,  urang gé sawadina nulad ahlak kawas kitu. Kangjeng Nabi ku anjeun gubragna ka alam dunya pikeun nyebarkeun rohmat sangkan walatra ka sakumna manusa. Wa ma arsalnaka illa rohmatan lil alamin. Saur anjeunna, “Pék sébarkeun kaasih ka nu aya di dunya, tinangtu anjeun bakal meunang kaasih ti langit”.

Sapuluh poé kadua disebut magfiroh. Poé-poé nu pinuh ku pangampura Mantenna. Jalma téh gudangna kasalahan. Leutik atawa gedé, loba atawa saeutik, kangaranan dosa mah matak mawa mamala, mun diantep haté urang kalimpudan leutak dosa. Saur Kangjeng Nabi, “Sakumna putu Nabi Adam téh pasti loba salahna. Panghadéna nyaéta jalma nu rikat tobat”.

Bulan suci jadi kasempetan keur urang pikeun neneda ka Nu Kawasa sangkan urang dipasihan magfirohna. Dina implengan Ibnu ‘Arobi tandes disebutkeun yén bibit buit krisis  manusa téh talajak  manusa-manusa kénéh nu teu wanoh jeung magfiroh. Pitroh diantep sina lagedu dirorocét hawa napsu,  disasaak ku laku lacut tunggul dirarud catak dirumpak. Mun geus kieu nya harkat manusa téh sed saeutik ti sato malah moal boa leuwih hina batan sato.

Dina sapuluh poé pamungkas nu garetol ibadah dibébaskeun tina naraka (‘itqun minan nar). Dina sapuluh poé ieu Kangjeng Nabi ngalogoran lancingana. Nyacapkeun wengi-wengina ku cara i’tikaf, dzikir, istigfar jeung tadarrus dugi ka socana carelong, sampéanana barareuh. Béda deui waé jeung urang, nu biasana dina sapuluh poé panungtungan téh nyacapkeun kapanasaran ku cara pasesedek di Pasar Baru.
Urang ogé geus pada apal, dina gambaran al-Qur’an naraka téh patempatan nu matak muringkak bulu punduk. Ayana naraka téh cicirén ayana kapastian: nu melak bonténg pasti metik bonténg, moal manén cabé (QS. al-Zalzalah/99: 7-8).

Jalma nu puasa lain waé dibébaskeun tina naraka éskatologis jiga kitu, tapi deuih tina naraka dina harti dunyawi nyaéta ulekan hirup nu pinuh ku dosa, kakerasan, konflik,  jeung moral nu bejad. Naraka téh silib tina kahirupan nu buntu, iman nu mikung, sikep nu teu boga tanggungjawab, watek harayang meunang sorangan, nerekabna kamunapékan, mahabuna korupsi, sulaya tina jangji, lumpuhna agama jeung darigama.
Marhaban, ya Romadon. ***

Nu Nulis, Sekertaris Komisi Fatwa MUI Jawa Barat

Ngalebetkeun komentar