Sajak-Sajak Hadi Faturohman

HAREWOS BOJONG

Dina tungtung peuting
Basa hujan teu jadi datang
Aya haréwos na jeroning hate
Teu apal saha-sahana
Teu nyaho rupana
Teu inget di mana kungsi panggih jeung manéhna

Tapi éta haréwos
Lir sora angin nu ngahiuk
Siga sora galura di sagara
Éstu matak ketir
Éstu matak gimir
Sok sanajan ngan ukur haréwos

Nu matak ahéngna
Éta sora kungsi jadi ciri
Lamun kuring keur nandangan kanyeri
Najan ukur bari ngaharéwos

April 2007

MUNGGARAN

Ti mimiti ceuli bisa ngadéngé
Ti saprak mata kakarabisa ningali
Basa suku karék diajar ngaléngkah
Waktu ramo leungeun karék bisa ngeupeul
Kuring harita diajar maca kahirupan

CARITA CAKCAK

Aya cakcak duaan
Muncerengan beungeut kuring
Siga nu hayang ngajak nyarita

Éta cakcak anteng melong beungeut
Meuereun ti dituna mah haying ngagorowok

Mun maranéhna bisa nyarita
Kahayangmah milu neuleuman eusining hate
Ulah ukur ngadedempés
Atawa maranéhna nyeungseurikeun
Kana sakur réngkak paripolah kuring
Nu salawasna neundeun panyangka

CARITA URANG
Keur Adi

Asa karek kamari
Kuring gogonjakan silih seungseurikeun
Mangsa budak anu masih kénéh dina dunya carita
Asa karék kamari
Paadu teuteup, silih pencrong
Umbar carita
Pangalaman di jero kamer
Wanci magrib nyolendang sarung
Balik ti tajug tas cape takbiran
Mata nu tunduh ditéma gelendeng indung
Asa karek lebaran kamari
Parebut kakaren di rohanan hareup
Silih betot, silih rebut
Delékna mata, papuketna leungeun nu nyenyekel kéler
Ditungtungan ku cinghak jeung cimata ogo
Nu ngan bisa eureun mun aya sora indung
Asa karék kamari
Diriung dulur jeung batur salembur
Hataman Qur’an sabada disunatan
Sora manéhna harus kaluar tina spéker
Ngeja surat-surat ti langit
Asa kamari pisan
Kuring jeung manéhna pagilinggisik
Silih kélékéték bari seuseurian
Poho kana wanci nu geus misahkeun
Ayeuna, poé ieu, peuting ieu, manéhna pok nyarita
Ménta du’a arék nanyaan pupujaning atina
Isukan manéhna rék maheutkeun jangji
Rék ngaléngkah incah nyanghareupan dunya nu teu sarua jeung mangsa masih kénéh lumpat paudag-udag jeung kuring

CARITA 10 KEDOK

Aya kedok napel na beungeut
Lain hiji tapi sapuluh rupana
Nu kahiji kedok pajabat
Nu kadua kedok ulama
Nu katilu kedok selebritis
Nu kaopat kedok pulitisi
Nu kalmia kedok guru
Nu kagenep kedok hakim
Nu katujuh kedok patani
Nu kadalapan kedok pengusaha
Nu kasalapan kedok wartawan
Nu kasapuluh kedok dokter
Nepi ka beungeut aslina mah geus teu nyaho rupana

BARANG RARANGAN

Di luhureun tuur
Aya hiji barang anu bisa ngeundeurkeun dunya
Barang éta bisa mawa diri ngojayan cimata
Bisa malidkeun rupa-rupa jelema

Nya kusabab éta barang
Leuweung ukur nyésakeun tutunggul
Walungan kari reregedna
Jalma bisa mancala putra mancala putrid
Geus teu puguh rupa aslina

Béak karep nyumponan kahayang éta barang
Nu mung sakeupeuleun
Alam dunya digalaksak
Dipirusa jeung digadabah

Barang éta jumlahna lain hiji
Tapi miliaran
Sigana ngan ukur bilatung
Nu bisa ngareureuhkeunana
Sabada éta barang ngajanggélék jadi daging atah

2007

Fathur H.R sandiasma ti Hadi Fathurokhman. Dibabarkeun di Kuningan Juni 1980, ayeuna “anjeucleu” di Subang. Alamat emailnya : h_fathurokhman@yahoo.com

8 Koméntar kana “Sajak-Sajak Hadi Faturohman”

  1. ping 21-09-2007 tabuh 15:20mang mayut

    Emh, bagea dulur….

    Wilujeng tepang…salam baktos….

  2. ping 15-11-2007 tabuh 8:33vanudin

    Sae pisan…………

    ku simkuring di kopi ka blog urang sunda

    www.patromax.com
    Blog Urang Sunda

    nuhun…

  3. ping 21-11-2007 tabuh 4:10jaka manggala sastra danu

    hoyong ih…mani ngalembereh, wilujeng

  4. ping 05-02-2008 tabuh 7:27iduy

    pokona mah Good lah!

  5. ping 10-02-2008 tabuh 22:21Wawan

    aduh mani sae yeuh seratannana…..nyuhunkeun widi bade dicopy ka “saungkuring” di http://pramudita-saungkuring.blogspot.com

    hatur nuhun….

  6. ping 06-05-2008 tabuh 15:11Dadang, S. Pd

    Upami diwidian mah seratan ayi Fathurokhman ku akang bade disalin, anu saterasna bade didugikeun ka murangkalih di sakola, maksadna teu aya sanes yen Sastra Sunda teh langkung merenah kana manah, atuh mugi-mugi murangkalih di Bogor tambih pogot kanggo diajar nyerat, utamina dina seratan “Sajak”, hatur nuhun.

  7. ping 07-05-2008 tabuh 9:42yayat hendrayana

    naon barang eta teh?…heeee

  8. ping 08-05-2008 tabuh 14:16Dadang, S. Pd

    Upami diwidian mah seratan ayi Fathurokhman ku akang bade disalin, anu saterasna bade didugikeun ka murangkalih di sakola, maksadna teu aya sanes yen Sastra Sunda teh langkung merenah kana manah, atuh mugi-mugi murangkalih di Bogor tambih pogot kanggo diajar nyerat, utamina dina seratan “Sajak”, hatur nuhun.

Ngalebetkeun komentar