Sandékala Godi

Ku Hawé Setiawan

buku_sandekala.jpgAYA dua buku beunang Godi Suwarna nu medal taun 2007: kumpulan sajak Jiwalupat jeung novél Sandékala. Jiwalupat wedalan Geger Sunten, ari Sandékala kaluaran Kelir—duanana pamedal ti Bandung.

Kumpulan sajak dina Jiwalupat aya opat, tapi kabéhanana kungsi medal najan misah-misah: ti mimiti “Jagat Alit” tepi ka “Sajak Dongéng Si Ujang”. Sandékala mah anyar dibukukeun, najan kungsi dicarnyamkeun dina majalah Manglé.

Salila ieu Godi dipikawanoh alatan sok nganggit sajak jeung ngarang carita pondok—lian ti giat dina widang téater. Ku medalna Sandékala, minangka novélna nu munggaran, jadi tétéla yén Godi téh ngarang novél deuih. Nu matak, aya alusna di dieu Sandékala urang baca.

Méméh kabaca ku balaréa, naskah Sandékala dipeunteun dina saémbara ngarang novél nu diayakeun ku Paguyuban Pasundan taun 1999, tur kaasup salah sahiji pinunjulna—cara naskah Galuring Gending yasana Tatang Sumarsono nu dibukukeun taun 2000 tur dilélér Hadiah Sastra Rancagé taun 2001.

Sandékala kandelna 258 + xvi kaca (kaasup panganteur katut katerangan ngeunaan nu ngarangna). Pidanganana dipasieup ku gambar-gambar beunang Herry Dim, seniman ti Bandung: aya nu dijieun papaés jilid, aya deuih nu dijieun ilustrasi sakalian nyirian unggal babna. Najan dicitak dina keretas koran—iwal jilidna nu maké mate paper katut cicirén unggal babna nu maké art paper—, dangdananana katémbongna luyu jeung kamekaran désain grafis jaman kiwari.

Réformasi ti Kawali
Cara Galuring Gending beunang Tatang, Sandékala karya Godi mawa kasang tina situasi di lembur urang dina katompérnakeun taun 1990-an basa mapag réformasi. Indonésia harita—cara sawatara nagara lianna di Asia—katarajang krisis ékonomi, nu laju kana krisis pulitik tepi ka nagara ganti nu ngawasa: Suharto tilem, Habibie medal.

Keur nu resep ngulik sosiologi sastra, Sandékala moal boa disebut salah sahiji respons pangarang Sunda kana situasi Indonésia dina lawang sakéténg jaman pasca-Suharto—nu mémang teu réa, sumawonna dina wangun novél.

Nu diréfléksikeun ku Godi tina éta situasi antarana dékadénsi moral, babakuna tumali jeung paripolah pagawé nagara nu digambarkeun korup, sarakah, téga, tur curaling. Nu ngarang gé neundeun perhatian kana déprési koléktif, utamana tumali jeung kasusah rahayat alatan nérékélna hahargaan, dalah aya nu tepi ka owah pisan. Dina pamustunganana, situasi kawas kitu digambarkeun laju kana kakacowan: “nagara nyorang balai”.

Cara nu geus ilahar dina karya sastra Sunda umumna, gambaran kahirupan sosial kawas kitu téh disawangna tina perspéktif lembur. Lebah dieu, Godi milih Kawali, salah sahiji kacamatan di Kabupatén Ciamis—babakuna mah tumali jeung Situs Astanagedé di dinya nu bisa nimbulkeun ingetan koléktif ka jaman Karajaan Galuh baheula—, minangka kasang géografisna.

Mémang aya éta gé kasabit-sabit situasi di puseur dayeuh, upamana démonstrasi mahasiswa, diculikna sawatara aktivis, jsté. Ngan baé, éta kaayaan téh cukup digambarkeun minangka siaran télévisi, eusining koran (bari), atawa jejer wangkongan ti antara tokoh-tokoh nu ngalalakon dina ieu novél. Sasat ukur dijieun ilustrasi pikeun ngahirupkeun suasana carita.

Cindekna, situasi jaman réformasi disawang tina pangalaman di lembur, nu jauh ka puseur dayeuh. Ku Godi, jaman réformasi téh sasatna dijirimkeun dina wangun pangalaman urang lembur. Malah basana gé, luyu jeung kasang géografisna, réa ngagunakeun dialék Ciamis (“jih”, “bet”, “cuang”, jsté.).

Néangan Carita
Kudu geuwat disusulkeun yén réfléksi Godi kana situasi réformasi diwadahan ku wangun carita nu teu pati ilahar. Ongkoh geus kitu adatna Godi mah, ana ngarang carita téh sok ahéng, ramé, tur dramatis. Jelema jeung sato gunem catur, lamunan jeung pangalaman silih eusian, pon kitu deui nu bihari jeung nu kiwari sina ngahiji. Atuh jalanna carita, ti awal tepi ka ahir terus mekar tepi ka klimaksna pisan—bari diselang ku heureuy atawa parodi, sangkan bisa ngajaga suspénsi.

Dina ngaguluyurkeun caritana, témbong pisan yén Godi diajar ka filem: gunta-gantina bagian carita lir timbul-tilemna rupaning adegan. Jalanna carita lir gambar nu hirup. Téknik nyarita modél kieu mémang fungsional, babakuna pikeun ngolah carita nu ngandung rupaning pangalaman manusa nu rék dilalakonkeun ku nu ngarang.
Ongkoh deuih dina ieu novél saenyana kaitung réa pangalaman manusia nu didongéngkeun. Puguh wé tokoh caritana gé rupa-rupa: mahasiswa, wartawan, pagawé nagara, kuncén astana, tukang ojég, pulisi, tentara, jsté.

Dina ieu novél sasatna aya sawatara “carpon”: lalakon Pawitan jeung Citraresmi jaman bihari, minangka bagian roman tina tragédi Perang Bubat nu kasohor; lalakon Pandu jeung Déwi nu silih pikaasih dina pajamanan nu keur sumedeng sahéng; lalakon Dadang jeung Nani nu antukna tiwas katémbak di satengahing kakacowan; lalakon Camat Suroto katut kasang tukangna; atawa lalakon Si Bagus nu pamustunganana mistérius. Éta sakabéh dipatalikeunana ku hiji situasi umum: jaman riweuh mapag réformasi.
Tapi, bawirasa, lebih dinya deuih urang manggihan momot nu rada beurat. Lantaran kawilang réa pangalaman manusia nu dipotrétna, tur sasatna kabéh dibéré lolongkrang pikeun muncul dina kasang hareup, nu katémbong ku urang lir gambar rupaning subjek dina média nu rata, badis lukisan Bali. Paling copélna, beuratna téh karasa upama nu maca sina nyieun sinopsis tina ieu novél.

Ku kituna, sorangan boga anggapan yén dina Sandékala mah Godi teu museurkeun carita, tapi leuwih réa ngahirupkeun suasana. Moal boa nya lebah dieu pisan punjulna. Nu ngarang kalawan tapis metot batin nu maca kana suasana nu rada magis, dalah ti anggalna pisan. Nu jadi narator dina ieu carita sasatna menekung di sagédéngeun kuncén Astanagedé.

Tah, upama tina suasanana urang nyoba-nyoba néangan gurat badagna carita, ku pangrasa urang baris manggihan yén dina ieu novél Godi nyieun paralésismeu: mapandékeun riweuhna situasi di Indonésia dina sandékala kakawasaan rézim Suharto kana riweuhna situasi di Kawali jaman bihari nalika kulawarga Karajaan Galuh perlaya dina Perang Bubat.***

hawe_setiawan@yahoo.com

1 Koméntar kana “Sandékala Godi”

  1. ping 28-03-2008 tabuh 6:05TARLAN SUNANTA

    Assalamualaikum wr.wb.

    Punteun sateuacana ari milarian buku sunda sapertos kitu(novel jeung sajabana) mun di tangerang dimana ya?

Ngalebetkeun komentar