Seni Gotong Domba

Ku Supriatna

AYA hiji lembur, katelahna Kiarabérés. Perenahna di Désa Cipacing, Kacamatan Jatinangor, Kabupatén Sumedang. Lembur kakepung ku sawah, kebon, katut tegalan.

Cacak teu ‘kacédaan’ ku ngembatna jalan aspal asup mobil, patingjalegirna imah gedong jeung rajegna anténe tivi mah, gambaran lembur tradisional Sunda téh pinasti tétés kénéh pisan di dinya mah. Sawah, tegal, kebon awi, kakayon, rungkun, susukan, sumur, jalan-jalan satapak, jeung rupa-rupa cicirén alam pakampungan, nyarampak kénéh nepi ka detik ieu karangan ditulis gé.

Ari di éta lembur réa pisan nu miara domba, boh jualeun, boh peunciteun, boh piaraeun jadikeuneun domba adu, atuh domba adu nu geus abar, réa. Saban ngaliwat ka éta lembur, komo mun ngasruk ka jero-jerona mah tara datang ka teu dibagéakeun ku patingbéréléna sora domba.

Tina kurang-leuwih 125 suhunan nu aya di Kiarabérés, leuwih ti 40 suhunan mah ngaringu domba. Bari nu teu ngaringu téh réa nu lain pituin urang dinya, malah aya welasna pagawé pabrik nu ukur ngontrak.

Leuwihna ti kitu, di lembur éta aya pakalangan paranti ngadu domba, ukuran dua-tikeleun lapang voli. Sok ‘Lapang Domba’ wé katelahna gé. Kaseundeuhan pisan. Poé Minggu dua minggu sakali diayakeun ngadu domba, nu aubna domba adu ti Kacamatan-kacamatan : Jatinangor, Tanjungsari, Sukasari, Cimanggung, Rancakalong, Pamulihan, jll. Malah ti luar Kabupatén Sumedang gé sok réa, saperti ti Cileunyi, Cibiru, Rancaékék, Cicaléngka, Majalaya, Ujungberung, Ciwidéy, Gegerkalong, Garut, Majalengka, jsb.

Ketua HPDKI (Himpunan Peternak Domba dan Kambing Indonésia) Kacamatan Jatinangor gé, urang lembur éta, Mang Adik. Umurna méh 70 taun tapi jagjag-waringkas kénéh pisan. Kasabna kana ngabandar domba, malah ieu téh kasab warisan turun-tumurun. Samborong dina soal perdombaan Mang Adik téh kaitung saéhuna sakacamatan Jatinangor mah. Teu modél ari ukur ngingu mah, ieu mah katalar saniskara seluk-beluk perkara domba téh : meuncit, nyisit, ngarecah, ngeureutan (pisatéeun, pisemureun, piguléeun, nu masing-masing ogé aya unak-anik spésifikasina), naksir umur, ngubaran domba weureu, macekkeun, marajian……..lah naon atuh urusan domba nu Mang Adik teu apaleun? Salahsahiji kaistiméwaanana, Mang Adik mah ahli pisan naksir domba hirup, pisabaraha-kiloeun engké dagingna mun dipeuncit. Saméncog-méncogna gé tara leuwih ti satengah kilo. Nu hajat pesen domba pisatéeun réa nu ka Mang Adik. Kari nyebutkeun wé rék nyieun sabaraha ratus tusuk, engké Mang Adik bakal ngurunyung nungtun domba ukuran sakitueun, paling méncog wewelasan tusuk. Meuli domba sakalian dipangmeuncitkeun, dipangnyisitkeun, dipangrecahkeun, dipangeureutankeun. Harga dombana tara nekuk, kana gawé teu bala-kahirasan. Mana payu naker di saantéro Kacamatan Jatinangor jeung Cileunyi mah. Komo tukang jagal jeung tukang saté mah, teuing sabara urang langgananana.

Aya deui nu unik di Kiarabérés nu patali jeung domba. Lain, apan kuring téh guru SD. Tugas téh di SD Jatinangor. Ari murid téh méh saparona barudak urang lembur éta. Hayang seuri aya, ari geus dititah ngarang basa Sunda, da réréana téh nyaritakeun urusan domba wé budak ti dinya mah, teu lalaki-teu awéwé! Malah tina judul-judulna gé jol katangén wé lalakon dombana téh, di antarana nu kuring inget Domba Aki, Miara Domba, Ngarit, Ngadu Domba, Domba Juara, Domba Aki Ngajuru, Domba Abdi Paéh jsb. Nu judulna Miara Domba mah ku kuring diilukeun kana Saémbara Ngarang Manglé Alit taun 2003, jadi Harapan III. Nu ngarangna Si Héndra, kelas 5 harita téh, meunang hadiah duit saratus rébu ti Manglé jeung buku-buku bacaan kadeudeuh ti Kang Dédy Windyagiri. (Ayeuna mah budak téh geus kelas hiji di STM Rancaékék jurusan mesin)

Perbawa dalitna urang Kiarabérés jeung domba, lamun pawéy Agustusan gé nu jadi maskot arak-arakan ti lembur éta mah taya lian arca domba adu! Mecak ranggaék. Ditangtungkeun dina papan, digindingan, digilindingan, heug ditungtun ku aki-aki nyaan, meunang dikamprét, dipangsi, ditotopong, dibarantuan disurung ti tukang. Disainerna arca domba téh Ayéng, pamuda urang dinya, lulusan STM Negeri Sumedang. Bisaan éta mah Jang Ayéng, dodombaan téh mani hirup, matana hérang tina kaléci, kasorot ku panonpoé téh siga nu kucap-kiceup mecak naker. Karuhan tanduk jeung babatokna mah da puguh aseli tanduk jeung babatok domba jalu, meunang ngagaringkeun.

Ceuk Rosadi, tokoh ngora, Ketua RW manten, meunang sawatara Agustus mah kitu wé ari pawéy téh, nungtun jeung nyunyurung arca domba-adu, nepi ka lila-lila mah arca domba-adu téh jadi ‘trade mark’ Kiarabérés. Ngan lantaran sok ruksak kaidek ku rombongan Kuda Lumping nu patinggerebeg kasarurupan, dina sakali Agustusan mah dodombaan téh digotong, ngarah aman. Ku opatan kawas ngagotong jampana. Saterusna matuh digotong saban Agustus dodombaan téh.

Sakali mangsa keur ruang-riung, aya nu boga alpukah, cenah batan kosong mah tonggong domba téh matak naon mun sina ditumpakan ku budak leutik? Mecak meureun acreug-acreugan kawas budak karia tumpak kuda rénggong. Hadé pisan tah, ceuk saurang. Dogdogan ngarah genaheun, ceuk nu saurangna. Kawihan sakalian ngarah aya patokan, ceuk nu séjén. Ngung-ngong - ngung-ngong pada ngaluaran usul. Ahirna ragem wéh rék ngayakeun gotong-domba ditabeuhan, dikawihan, diigelan. Ongkoh da guyub pisan urang Kiarabérés mah kana nanaon téh. Atuh dina témpona arak-arakan Agustusan téh teu wudu mani éndér aréak-éakan sajajalan muru ka lapang Ciawi; tempat upacara jeung tempat ngumpul sarta nginditkeun arak-arakan ti saban désa.

Tina asal ukur arak-arakan Agustusan, sakalimangsa aya nu nyundatan, urang lembur éta kénéh, ménta diiring-iring ku gotong domba. Disubadanan wé da sagalarupana gé nyampak. Sindén kétah nu ngondang ti luar téh.

Tina sakali, tatanggana asa kapirucaan, nya nurutan. Mimiti ukur cul-cel, laun-laun jadi mindeng, tungtungna mah prah wéh urang Kiarabérés mah ana nyarundatan téh sok diarak-arak ku Gotong Domba. Malah tatalépa ka urang luar Kiarabérés, di antarana ka lembur Sayang, kawantu tatangga lembur. Malah kungsi ka Burayut sagala (teuing éta lembur, ngaran téh mani Burayut pisan, ayana di bawahan Rancaékék, Bandung).

Kacaritakeun di lembur Kiarabérés téh aya nu ngaran Wawa Rustiwa, umur opat-puluhan. Adatna téh teu kaop nénjo kagiatan, sok daék ngokojoan bari rido ucul pikeun ngabéayaanana, boh kana seni boh kana olahraga. Atuh der wé kamonésan ieu gé diurusanan babarengan jeung Mang Adik, Jang Rosadi, katut nu séjén-séjénna. Kamprétna diseragamkeun ku Wawa téh, amfli meuli jeung toana, payung agung dirarwisan meuli sapasang, dombana nyieun dua nu haradé, dilampud ku kaén nu nyeplés bulu domba, waditrana dilengkepan ku tanjidor jeung simbal. Wawa geus teu ngitung rugi. Digeuing gé ku Mang Adik jeung Rosadi sangkan sakur pengeluaran téh dicatet, “Ah lieur, kudu nyatet unggal usik! Baé lah, asal nu diurusna wé sing bareunang diurus!” basana téh.

Janggélék wéh jadi adegan seni.

Organisasina dibentuk. Ketuana Wawa, wakilna Mang Adik, sekretarisna Rosadi. Ngaranna dipaheutkeun ‘Seni Gotong Domba Gajah Muling.

Gajah? Naha sadomba-domba disebut ‘gajah’?

‘Gajah muling’ téh sesebutan domba disawang tina pasipatanana, adatna, karakterna. Domba nu disebut ’gajah muling’ nyaéta domba nu adatna tara daék cicing. Karesepna ijigimbrang. Malah di kandang gé gawéna téh ngan kukurilingan wé. Sakalieun nangtung awakna teu weléh moyég oyag-oyagan, mun jelema mah édég meureun nu kitu laku téh. Perbawa sipatna kitu, domba gajah muling mah tara aya nu bayuhyuh, sabab nyatuna tara jongjon da teu kalis ku balas moyég. Kitu katerangan ti Mang Adik. (Panjang-lebar Mang Adik mesék bubukan warna-warna adat domba téh).

Geus dirarapih kitu mah beuki pabéja-béja hal seni gotong-domba téh, boh béja délan boh nu saujratna.

Ahirna kaémpér-émpér ka réngréngan DKJ (Déwan Kasenian Jatinangor, lain Jakarta).

Lantaran pancén DKJ téh di antarana ngariksa lingkung-lingkung seni nu aya di wilayah Kacamatan Jatinangor, nya seni gotong-domba gé satéka-téka dituturusan pikeun muncul rada béh luhur.

Kabeneran deuih Camat Jatinangor, Pujianto, B.A, cacakan bibit-buit Wétan ti ramana, tulatén pisan kana seni tradisi Sunda téh. Seni gotong domba ditanggap di buruan kacamatan (poé Minggu 9 April 2006, jam salapan isuk-isuk). Malah mani borokoh naker Pa Camat téh nunggang gotong domba, bari ngéngklak.

Teu ukur kitu, luyu jeung pameredih DKJ, Pa Camat ngunjukkeun hal munculna seni tradisi ieu ka Bupati Sumedang, malah dilulungsur ngeresakeun nongton dina karasménan miéling milangkala Sumedang ka 428 jeung milangkala Jatinangor ka 5. Geus kitu tutulisanana meureun, Bupati Sumedang, Don Murdono -nu komo ieu mah meles urang Wétanna téh- mani haget nyanggeman kana pamundut Pa Camat jeung DKJ téh.

Poé Kemis tanggal 27 April 2006, Bupati jeung Kapolrés Sumedang, diiring-iring nunggang gotong-domba Gajah Muling. Barang écag, Bupati teras biantara. Dina pungkasanana ngémbarkeun yén seni gotong domba téh jadi kasenian khas Kacamatan Jatinangor, bari kedal lisan maparin dana pembinaan 5 juta rupia. Teu wudu atuh guligahna Wawa saparakanca téh. Nomer hiji asa dihargaan, nomer hijina deui meunang duit.

Seni gotong domba téh kagolong kana seni hélaran. Pintonkeuneun di lapang atawa iring-iringan mapay ruté nu ditangtukeun. Di Subang mah geuning sisingaan nu digarotong sarta ditumpakan téh.

Hiji domba digotong ku opatan, laleumpang bari ngaréngklak, dombana unggeuk-unggeukan kawantu beuheungna dipasangan pér.

Tatabeuhanana diwangun ku dogdog réog sasetél, tanjidor hiji, kendang, goong, tarompét penca, kecrék jeung simbal. Dikawihan tur disurakan euyah-euyahan.

Basa dikolongan soal kasang-tukang, visi, misi, simbol-simbol jeung palasipah ieu seni gotong-domba, Wawa, Mang Adik jeung Rosadi, siga nu teu puruneun mikir jero-jero. Mana saharinasna pisan ngajarawabna téh,

“Ah, asal tina pangangguran wé ieu mah, gembrang-gembrung ngahibur manéh!” ceuk Mang Adik.

Diéngklokan ku Eros, “Pédah wé sok pagugulung waé jeung domba!”cenah.

Ari Wawa basa ditanya naon pangna daék ucul duit sakumaha boa. “Pédah resep wé abdi mah!” cenah.

“Béak sabaraha tah mun diitung-itung?” cekéng.

“Lah, geus teu puguh itunganana, Kang. Baé abdi mah!” walonna.

Ari kuring, sajeroning pipilueun ngurusanan téh maké sur-ser kahariwang sagala, ras ka wilayah Jatinangor nu keur sakieu mekarna. Mun hiji mangsa lembur Kiarabérés kaburak dijieun naha jalan tol, naha lapang golf, terminal, pusat perbelanjaan, atawa naon wé, tanwandé pangeusina téh paburencay, katut domba-dombana. Pinasti tutungkusan budayana gé baris milu leungit, jadi cangkaruk panineungan. Lebar. ***

Bumi Kinanti, Méi 2006

2 Koméntar kana “Seni Gotong Domba”

  1. ping 15-01-2008 tabuh 13:24Kang Idek

    Kang Yatna nu Awet Anom.
    Bagja maos eta seratan. Seni “Gotong Domba” jadi gambaran yen nu ngaranna teks teu weleh miboga konteks. Seni “Gotong Domba” teh teks, ari lingkungan jeung kahirupan masyarakat Kiaraberes teh konteks-na. Kasangtukang gubragna hiji kasenian moal leupas tina kahirupan sosial budaya masyarakatna. Da puguh domba keur urang Kiaraberes mah lain barang langka, tapi dalit hiji dibawa ngimpi. Tinangtu we ana ngalahirkeun karya seni teh, kasangtukang eta pisan nu jadi latarna. Da upami, kahariwang akang kajantenan. Kiaraberes jadi mall, jadi kota. Engke mah konteks-na teh kota, kang. Nu balawirina oge sanes domba deui, tapi nu gareulis geura. Kasenianana oge sanes gotong domba deui rupina mah, tapi “Gotong Nu…”, heup, ah. He..he.. Salam baktos ti Ki Adi di Kabuyutan, Sumedang.

  2. ping 16-01-2008 tabuh 21:12Arief

    Alhamdulillah Kataji pisan ku seratna ti Bp.Supriyatna Anu teu weleh ngabangun sarta ngahirupkeun Seni Budaya hususna seni budaya Jatinangor…salah sahijina Seni gotong domba ieu…hampunten basana bilih kirang merenah..He..he..
    Diantos Karangana! Wassalam :) Hilversum,Nederland.

Ngalebetkeun komentar