Serat Saliwat

Haturan Kang Gugum

Ku Godi Suwarna

Kumaha wartos di Bandung, Kang? Hujan waé, sanés? Sami di Ciamis ogé. Padahal tos sasih Méi ieu téh. Biasana mah apan tos nincak halodo. Tétéla, usum téh tambih teu puguh. Kalah ngecrek geura ieuh. Tiris baé. Asa hoyong kukap-keukeup baé ieu téh. Di Bandung onaman seueur, sanés? Ninggang di Ciamis, mung kantun Si Pelem, Indung si Kucrit, nu haat kénéh dikeukeupan ku manula modél sim uing. Najan tos asa ka soang, Kang! Pira ge soang, nanging angger sieun ari dilodok mah.

Teu kacipta kumaha teuing Ceu Euis, margi apan Ang “Janté Arkidam” nu diapingna ogé. Sim uing waé pangkat kunyuk, rada sering dilodok soang da ieu haté kalan-kalan utrak-atrok. “Tapi pan ari bangbara, aya mangsa kudu hiber! Leber temen kembang asih diseuseup teu reureuh-reureuh!” apan kitu saur Kang Yayat Héndayana dina Kalakay Gupay. Nya kitu, sim uing ogé kalan-kalan kumalayang, kawas sukma dina lagu Wengi Énjing Tepang Deui. Atanapi boa sapertos kalong dina pupuh “Babaku Nga” Nya dalah dikumaha atuh, da geuning kabegéran téh sok ngadorong prosés kréatif, kitu nu karaos ku sim uing. Untung wé pun bojo téh gaduh sabar, Kang! Galak ngala ka soang, sabar ngala ka Ceu Euis. Kitu rupina.

Pun Bojo sok diheureuyan, réh uing mah hoyong lengkep gaduh bojo téh. Ka pamaén drama putra pelukis kantos uing téh, Kang! Ka penari nuju, nya Néng Peking alias Si Pelem téa. Kantun ka jurumamaos. Da saur Kang Rustandi ogé, urang Sunda mah kudu bisa ceurik lamun ngalenyepan tembang, ngasah manah, supados karya tambih gumiwang. Sahenteuna mun sakantenan dipibojo. Kacipta, ieu kunyuk ngagéléhé kana lahunan nu anom, teras dihariringan bari diusapan, nu sepuh ngaréngkénék. Piraku wé sajak teu murudul. “Pék! Tapi serahkeun heula!” sanggem Pun Bojo bari beuheungna manjangan, melengkung badé ngalodok.

Tah, sirikna sim uing ka Akang téh pédah Akang mah kagungan Ceu Euis! Da uing mah naksir abis ka anjeunna téh. Ceu Euis téa maéstrona tembang Sunda. Bujeng-bujeng ngagalindeng bari dipirig kacapi-suling, dalah bari ditambul ogé soantenna téh éstu matak sisiakan. Émut wé harita, waktos anjeunna ngahariring dina oratorium Kang Wahyu Wibisana. “Duh, Gusti, biheung abdi ka sawarga. Nanging abdi sok sieun seuneu naraka!” kitu galindengna nu teu weleh kapireng tug ka wanci kiwari. Soantenna halon, semu nu humaréwos. Simpé. Teu nganggé pamirig. Na da éta mah, cipanon teu weléh nyalangkrung ti barang nuju latihan kénéh. Daék medu, Kang! Bet teras rus-ras kana gegendir sareng istrikaan!

Tangtos wé karya-karya salira teu weléh méncrang da puguh kagungan garwa kaliber Ceu Euis. Olah manah teu kedah tebih-tebih. Saparantos ngétang lembur sinareng kota, ngalanglang mulungan luang, kantun sumolondo kana pangkonan Ceu Euis. Teras anjeunna ngagalindengkeun Kulu-Kulu Bem. Allahu Akbar! Kalbu nu teu weléh marudah tangtos baris ngarakacak. Moal teu nyurucud bari sumujud. Kitu da nu kacipta ku sim uing mah, Kang! Numawi, sok sanaos jungkiringan Akang nandingan Janté Arkidam, ari manah mah tinangtos moal tebih ti Obi Mésakh!

Jalaran manah sering kaasah téa, diasuh sareng diasih langsung ku Ceu Euis, Akang tangtos langkung peka batan sim uing nu mung ukur mireng kasétna dina tip butut. Intuisi Akang tangtosna gé janten seukeut. Ka dituna kana weruh di semuna Tiasa meureut panéka mangsa. Diwuwuhan ku pangalaman lahir miwah batin ti dunya buricak- burinong sinareng peteng, boh di lembur boh di dayeuh. Da saur Mertua manten ogé, “Ukur jalma nu leubeut pangalamanana, nu haténa enya-enya leuleus-liat, nu bakal jadi seniman luhung!” Di Akang mah apan nyampak éta téh. Nya piraku teuing upami karya-karya salira teu matak ngageunjleungkeun jagat.

Da uhun atuh, jaipongan téh ibarat lini dadakan. Inggeung. Kalebet di bumi Mertua manten éta téh, Kang! Harita, upami televisi hideung-bodas midangkeun jaipongan, pangeusi bumi hémpak di patengahan. Pa Popo gé teu kalangkung. Uleng. “ Si Papih mah, teu kaop ningali Tati Saléh!” saurna garwana. Pa Popo kataji abis, Kang! Mertua manten, nu biasana mah cégékan naker kana kasenian, ku jaipongan mah karaos pisan reueusna. Malah, kantos mantenna ngadon teras ceramah ka sim uing saparantos nongton jaipongan, ngabanding-banding perkawis budaya pagunungan sareng basisir. Mung, sok sanaos panasaran, henteu ari pok naros mah ka anjeunna, naha kataji ku jaipongan atanapi ku Ceu Tati nu ngibingna. Teu warantun teuing, bilih diketig punduk!

Ka para penari istrina mah tara patos teu merhatoskeun sim uing téh, Kang. Sok mata simeuteun sotéh ningal Akang. Atuda sagulak-sagilekna téh salira mah éstu matak deungdeuleueun. Sim uing asa kawakilan. Asa ngiring ngéngklak di pakalangan nu hégar. Haté kacandak begér. Asa ngiring janten lalaki langit, nu sayaga bitotama demi Cinta. Kitu nu karaos ku sim uing pami ningal Akang ngibing. Ketak sareng réngkak salira tiasa kitu téh rupina dumasar kana pangalaman lahir-batin mangtaun-taun salaku Sang Bajidor Kahot, bari kagungan manah sed saeutik ti Rinto Harahap téa. Numawi, sim uing mah teu hoyong bisa ngibing jaipongan téh. Percumah. Sok sanaos latihan juh las taun ogé moal tiasa ngungkulan Akang.

Teu di dayeuh teu di lembur, teras génjlong ku jaipong, sanés? Kalebet gubernur Jabar nu harita geunjleung téh. Kacandak génjlong. Gunjlang-génjlong nyalira. Teras ngagénjlong-génjlong nu sanés. Nanging da biasa, ari karya linuhung mah kalan-kalan matak janten padungdengan balaréa. Pro-kontra. Harita, bingah wé nu aya uing mah, Kang! Kukitu téh balaréa bakal langkung panasaran. Ana tos maskét, moal ieuh tiasa dicarék ku pangkat gubernur. Batan nurut kalah matak haroyong misah propinsi. Sang Gubernurna ogé tungtungna mah kawon komara ku jaipongan. Karunya, nya?

Tah, tepang sareng mahasiswi nu katelah Néng Peking ogé dina jaman génjlong ku jaipongan, Kang! Pasosonten, manéhna nuju latihan jaipongan di émpér ASTI, basa jaipongan nembé dugi ka émpérna, teu acan lebet ka rohang-rohang kuliah. Harita, uing mung wasa nyérangkeun bari nyarandé kana tihang, ngalulungsar. Raga taya pangawasa, kabandang ku reundeuk, gilek, lenggak sinareng dilak, nu dipasieup ku imut nu semu nganjut. Tapi da asa henteu cck, cck, glk raraosan mah. Éndah wé nu aya. ASTI nu sasari cakueum, dumadak asa janten narawangan, kacandak hégar.

Sim uing mung tiasa ngusapan bari ngupahan, basa dina hiji waktos manéhna curhat. Disaur ka kantor, dicarék jaipongan ku dosén, sanggemna. “Jaipongan téh matak ngaruksak kana gerak tari klasik!” kitu saur dosénna. Duka teuing leres henteuna mah, tah, cariosan sakadang dosén téh. Duka dapon ceplak asal pahang, duka hasil panalungtikan. Mung, ceuk uing nu sanés ahli, asa can kantos manéhna ngabadaya pabeulit imbit sareng jaipongan. Nu puguh mah manéhna ngalimba, da ladang jaipongan téh tiasa dianggé ngabanjel-banjel kuliah, da rumaos sim uing mah mung ukur tiasa mahugi ku sajak.

Taun-taun tos kalarung, jaipongan panjang-punjung, teu kawagel ku gubernur miwah dosén. Ayeuna mah Néng Peking gé tos tiasa ngarang ibing jaipongan, ngalap berekah salira. Tos tiasa diandelkeun kanggé ngala berekat. Atuh lagu Serat Salira teu weléh gumalindeng, ngancik dina panineungan sim uing sareng pun bojo! Hatur nuhun, Kang Gugum! Salam baktos ka Ceu Euis, pupujan kalbu sim uing! ***

Galuh, 1 Mei ’07

Ngalebetkeun komentar