Sologoto

Carpon Santi W. Kamil

Can lila wawuh ka Kang Indra téh. Panggih gé kakara sakali. Eta ogé mun teu salah mah sataun kaliwat. Cék kuring mah manéhna téh teu kasebut babaturan. Upama disebut wawuh ogé meureun kaasupna wawuh munding baé. Ngan saliwat.

Matakna kuring ngarasa héran basa dina hiji peuting kuring nampa sms ti Kang Indra. Eusi smsna: "Néndén, kumaha damang? Isukan akang rék nelepon. Nuhun. Indra." Sanggeus maca éta sms kuring kalah ka bingung. Indra anu mana nya? Kuring mah asa teu boga babaturan anu ngaranna Indra. Dulur mah aya. Ké, ké, asa inget … Indra? Oh, Indra anu wartawan téa meureun! Tapi aya naon? Asa ku rareuwas teuing. Da kuring mah rumasa euweuh urusan nanaon jeung manéhna. Lamun manéhna aya perelu ogé pan bisa nyebutkeun dina sms. Éta sms ku kuring teu dibales. Kabeneran poé harita pulsa kuring geus teu nyésa saratus-ratus acan.

Isukna kuring mah les poho kana sms anu katampa peuting méméhna téh. Inget-inget sotéh basa kabeurangnakeun enyaan Kang Indra nelepon kuring. Manéhna ngajak ngobrol siga anu geus loma pisan. Kawas kuring téh babaturan manéhna ti baréto baé. Ari kuring asa ragab. Tapi ku kuring dilayanan sawajarna. Bari jeung salila ngobrol téh dina jero haté mah tetep tumanya naha Kang Indra ngadak-ngadak nelepon sagala. Ah, meureun manéhna aya perelu rék nitip pesen ka babaturan kuring anu mémang babaturan manéhna, cék haté.

Tapi salila nelepon Kang Indra éstuning teu saeutik-eutik acan nyabit-nyabit babaturan kuring. Malah mah manéhna nanyakeun hal-hal anu nurutkeun kuring mah henteu penting, saperti keur aya di mana, naon waé kagiatan kuring, di mana kuring indekos, sabaraha sataunna, jrrd. Oh, meureun Kang Indra téh keur néangan tempat kos. Tapi pas ditanyakeun kitu manéhna kalah ka seuri. Ku sabab kuring nyangka manéhna aya perelu ka babaturan kuring, sakalian wé ku kuring ditanyakeun. Tapi henteu geuning. Éh, ku naon atuh maké nelepon sagala ari euweuh perelu mah. Lila sanggeus manéhna nutup telepon, kuring mah baluweng kénéh.
***
Kuring bisa wawuh jeung Kang Indra téh alatan Kang Arif, babaturan kuring. Kang Arif téh aktivis anu remen pisan ngadémo rupa-rupa kawijakan pamaréntah anu nyangsarakeun rahayat. Teu anéh upama Kang Arif loba pisan kawawuhanana. Da manéhna mah campur gaulna téh lega ambahanana, kaasup jeung kalangan wartawan. Tah Kang Indra téh salah saurang wartawan, babaturan Kang Arif.

Basa munggaran paamprok jeung Kang Indra, kuring keur bareng jeung Kang Arif. Tuluy diwawuhkeun. Tapi harita kuring teu réa ngobrol jeung manéhna. Malah Kang Arif anu loba gunem catur jeung Kang Indra. Ngobrolkeun démonstrasi anu geus kaliwat jeung anu keur dirarancang kénéh.

Ti saprak harita kuring tara paamprok jeung Kang Indra. Antukna lila-lila kuring poho deui ka manéhna. Kuring mah kaasup anu gancang poho ka jalma anyar pinanggih upama satuluyna langka panggih.

Ngan ayeuna ngadak-ngadak Kang Indra nelepon, kuring jadi inget deui. Cék kuring mah Kang Indra téh sigana salah neureuy obat. Mun teu kitu paling ogé manéhna keur lieur nyanghareupan deadline.

Tapi panyangka kuring aya benerna. Kang Indra téh mémang keur nyanghareupan deadline. Sababaraha minggu ti harita, kuring panggih jeung Kang Arif dina hiji acara. Poé éta manéhna ngadak-ngadak loba ngomongkeun Kang Indra.
"Ké heula," cek kuring nyegat kalimah. "Naha bet tutuluyan ngomongkeun Kang Indra hareupeun kuring. Siga anu keur promosi waé."

Kang Arif katingalina semu éra. "Lain kitu, Néndén, akang mah ukur hayang nulungan babaturan."
Saterusna mah manéhna bruk brak nyaritakeun Kang Indra. Yén Kang Indra téh keur néangan batur hirup. Ampir unggal poé indungna nananyakeun waé iraha Indra rék laki rabi. Indungna hayang geura boga incu cenah. Ongkoh deuih umur Kang Indra taun ieu geus nincak tilu puluh opat taun, geus leuwih ti nyukupan pikeun ngabina rumah tangga. Pagawéan geus boga. Rék néangan naon deui. Malah babaturanana anu umurna leuwih ngora ti manéhna loba anu kawin tiheula. Kang Indra téh ménta bongbolongan ka Kang Arif pikeun néangan pipamajikaneun. Da manéhna téh keur jomblo. Mémang manéhna ogé loba babaturanana wartawan awéwé. Ngan lolobana mah gaya hirupna hedonistis cenah. Ari manéhna resep ka mojang anu basajan.

"Si Indra téh mindeng nananyakeun Néndén. Malah mah ménta ka akang supaya jadi panglayar. Kumaha tah tanggapan Néndén?"

Kuring teu langsung ngajawab. "Abdi mah can bisa nyieun kaputusan. Kana jinisna ogé geus poho deui. Naha manéhna maké jeung inget ka kuring sagala?"

Kang Arif nyenghél. "Manéhna geus nyirian Néndén ti saprak panggih meureun."
Ari kuring mah sabenerna can mikiran kawin. Lain teu niat. Tangtu kuring gé hayang laki rabi. Ngan kuring mah rék kawin upama mémang kuring hayang kawin. Lain pédah ceuk batur kuring kudu kawin. Ari aya lalaki anu bageur jeung bener-bener nyaah mah, maenya ditolak. Ngan kudu ditinggali heula konsisten henteuna. Da lalaki jaman kiwari mah langka anu bisa dipercaya. Tapi ari baturna Kang Arif mah piraku teuing.
***
Kang Indra mémang ahirna jadi mindeng nelepon. Méh ampir unggal poé. Kuring ngahargaan kana usahana. Saha nu nyaho ari kuring geus leuwih wanoh mah, kuring bisa resep ka manéhna mun téa mah enyaan bageur jeung nyaaheun ka kuring. Najan kuring teu pati wawuh jeung Kang Indra, kuring muka panto haté. Ku kituna, kuring teu nolak basa Kang Indra ngajak panggih sanggeus mindeng nelepon.

Terus terang basa panggih deui jeung Kang Indra téh kuring asa nepungan jalma anyar pinanggih. Da basa munggaran panggih ti heula mah kuring teu pati merhatikeun manéhna. Matakna poé éta kuring ngapalkeun rupa jeung dedeganana. Sabenerna kuring miharep éta kasempetan bisa dipaké pikeun ngaguar pamikiran. Boh pamikiran manéhna, boh pamikiran kuring. Ti dinya mah pan saeutikna bisa nganyahokeun kumaha pola pikirna. Tapi Kang Indra lolobana kalah ka nanyakeun hal-hal anu sipatna pribadi. Padahal kuring mah ragab sabab kakara gé panggih.

Tepung kaduakalina di kantor manéhna. Basa méméh mulang, manéhna nilik-nilik beungeut kuring.

"Ké heula, Nenden," cek manéhna bari niténan pipi kuring nu katuhu, "éta dina pipi aya naon?"

Kuring kerung bari buru-buru ngaca kana kaca panto. Tapi teu pati jelas da kacana poék. Ongkoh deuih harita téh geus méh magrib.

"Aya kénéh?" kuring nanya bari ngusap-ngusap pipi.

"Aya," leungeunna ngopépang kana pipi kuring, "Néndénna peureum geura," pokna daria naker.

Kuring nurut. Karasa leungeun manéhna ngusapan pipi kuring. Ngan, ujug-ujug karasa deuih biwir manéhna antel kana tarang kuring. Haté kuring ngalenyap. Kuring reuwas bari geuwat beunta. Katingali beungeut manéhna anu asalna deukeut, ngajauhan beungeut kuring. Manéhna imut bari neuteup kuring. Kuring teu bisa ngomong nanaon bakating ku kagét.
Sanggeus kajadian éta, kuring jadi mindeng ngahuleng. Naha Kang Indra nyium kuring? Maksudna naon? Naha éta téh pikeun némbongkeun yén manéhna nyaah ka kuring? Kuring kudu nanya.

Ngan ti harita kuring teu sempet panggih deui. Cenah Kang Indra aya tugas ka luar kota unggal ahir minggu. Basa geus ampir sabulan manéhna can ngelol kénéh, kuring ngontak manéhna. Kuring nyarita yén kuring hayang negeskeun ari manéhna téh saukur heuheureuyan atawa boga niat hadé ka kuring. Mun saukur iseng kudu bruk brak ayeuna. Tapi ari rék serieus mah, manéhna ngaluangkeun waktu atuh. Cék Kang Indra, manéhna keur sibuk kénéh. Engké mun geus aya lolongkrang, manéhna bakal ngontak kuring. Ti harita mah lebeng euweuh béjana nepi ka mangbulan-bulan. Basa kuring teu ngahaja papanggih jeung Kang Indra, manéhna teu nyabit-nyabit waktu keur panggih. Éstuning lempeng wé. Wah, ieu mah tanda-tanda moal pibalégeun. Tapi kuring teu gurunggusuh, kudu malapah gedang. Ngan sanggeus sababaraha kali kitu kénéh baé, kuring gilig nepungan manéhna.
***
"Tadina mah akang tibelat ka Néndén. Ngan sanggeus dua kali panggih, akang ngarasa yén hésé pisan ngorék informasi ti Néndén téh. Antukna akang ngarasa capé. Asa euweuh kamajuan," cék Kang Indra basa ku kuring ditanya.

Ari salira wartawan, lin? cék kuring. Maenya karék dua kali panggih geus boboléh? Teu bisa atuh hayang nyaho sagala rupa ngeunaan kuring dina waktu anu sakitu samporétna mah. Kuring ogé kakara ngapalkeun beungeut manéhna. Ari maksud manéhna ngan sakadar data kuring mah bisa dieusian dina keretas salambar dua lambar. Sanajan geus nyaho biodata kuring ogé can tangtu nyaho ka kuring. Da kuring mah teu bisa diringkes jadi salambar biodata. Kudu maké prosés heula mun hayang nyaho ka kuring anu sabenerna mah.

Tapi manéhna loba alesan pisan. Jero pikir, pék baé alesan manéhna rék naon waé ogé. Ngan naha ari manéhna moal serieus mah karék nyarita ayeuna. Padahal ti genep bulan kamari kuring geus nanyakeun naha manéhna rék serieus atawa rék heuheureuyan ka kuring téh. Kuring nitah manéhna wakca balaka saharita. Supaya teu miceun waktu kuring. Tapi apan manéhna teu némbal nanaon, da cenah sibuk ku liputan ka luar kota, taya waktu keur panggih jeung kuring. Unggal ditanya can aya waktu keur panggih. Na da ngomong kitu waé mah moal méakeun waktu sajam sugan. Sapuluh menit gé bisa. Salah henteu upama kuring nyangka yén manéhna rék serieus ngan can aya waktu keur panggih wungkul.

Ditanya kitu téh jawabananna ka mana mendi. Teu nyararambung. Teu pararuguh. Kuring kalah lieur ngadéngékeunana. Sagala dicaritakeun. Kudu loba istirahat lah, tilu kali kudu ka rumah sakit lah, loba pagawéan lah, jeung sajabana. Tuluy manéhna nyaritakeun yén loba babaturanana awéwé anu deukeut jeung manéhna. Réa anu sok nelepon manéhna gé cenah. Manéhna teu boga waktu jang mikiran awéwé. Pagawéan manéhna leuwih penting tibatan awéwé.

Hih, si Ontohod! Naha maké jeung ngadeukeutan kuring atuh? Jeung naha maké nyium kuring sagala ari euweuh makna nanaon mah? Mémangna kuring téh awéwé naon? Kuduna kuring nungtut manéhna. Baréto keur genah-genah ngawening ati hayoh diganggu ku manéhna. Tuluy ditinggalkeun kitu waé bari jeung taya kajelasan.
"Hampura wé nya," pokna basa ningali kuring cengkat. Pusing kuring mah ngedéngé manéhna ngan bacéprot waé ti tatadi.

Kuring teu némbal. Manéhna ménta dihampura saolah-olah kasalahanana teh ngan saukur teu ngahaja nincak indung suku kuring. Ngomong ménta dihampura mah gampang pisan. Kari éngab make biwir. Engké heula anan. Anu ditincak téh harga diri kuring.

"Yeuh," tina tas kusiwel kuring ngaluarkeun buku karya manéhna anu kungsi dibikeun ka kuring. "Teu sudi teuing ngampihan buku jalma anu teu ngahargaan batur. Teu ngahargaan awéwé."

"Nya ari Néndén ngarasa teu dihargaan mah akang teu bisa majar kumaha," manéhna nyarita bari nampa buku. Siga nu teu boga dosa.

Dasar jelema nurustunjung! Lain mikir dibalikeun buku téh. Gagancangan kuring indit ninggalkeun manéhna. Lila-lila teuing di dinya mah rada paur. Bisi tungtungna kuring ateul hayang ninggang manéhna. Da jelema modél kitu mah matak pikaresepeun peureup.
***

Kuring ngarasa kuciwa. Lain pedah teu jadi jeung manehna. Tapi kulantaran kuirng teu nyangka jalma anu kaasup intelektuil bisa boga kalakuan kitu patut. Apanan manéhna téh remen gaul jeung kalangan aktivis. Aktivis anu kuring nyaho sorangan kumaha integritasna. Teu salah pan upama kuring boga asumsi yén sahenteuna paripolah manéhna moal jauh ti babaturanana. Boga étika jeung tata krama. Dumasar éta kuring percaya ka manehna. Jeung deuih wartawan ogé boga kode etik. Dina kahirupan sapopoé ogé pan sarua. Hubungan jeung jalma lian gé maké étika. Boh jeung lalaki. Boh jeung awéwé. Da awéwé ge sarua jelema. Éstuning dumasar kana silih ngahargaan wé.

Ceuk kuring mah kalakuan kitu patut téh kaasup korupsi. Sanajan Tétén Masduki atawa Dédi Haryadi ogé anu giak ngalawan korupsi jigana bakal panuju ka kuring. Da korupsi téh lain saukur korupsi duit. Ngajaheutkeun haté batur gé ngaranna korupsi. Korupsi haté. Komo deui salila genep bulan kuring diganggayong. Salila genep bulan kuring dipelak. Lamun kuring teu boga inisiatip pikeun nanyakeun mah, nyao. Sigana kuring bakal dipelak nepikeun ka asak. Lin eta téh korupsi waktu? Miceunan waktu batur. Miceunan waktu milik sorangan ogé pan teu meunang. Maenya perkara saperti kieu teu kakait ku pikir manéhna, teu kahontal ku akal manéhna? Asa kacida. Cing atuh rada mikir saeutik ari geus hirup leuwih ti tilu puluh taun mah.
***

Kakeuheul teu leungit-leungit. Teu bisa dipapalérkeun deuih. Kuring nepungan Kang Arif. Ku kuring dicaritakeun sakur anu geus tumiba ka diri kuring. Manéhna gogodeg.

"Ari si Indra ku naon teu balég pisan. Hanas ku akang sataker kebek dibantuan. Tadina mah, Ndén, akang satuju jadi panglayar téh sabab ningali aranjeun duaan sigana bakal cocog. Indra pan jalmana loba omong. Cilingcingcat ka ditu ka dieu, henteu fokus. Antukna jerona kurang dieusi. Da manéhna mah langka maca. Sedengkeun Néndén tara loba nyarita. Tipeu pemikir. Réa maca. Resep nganalisis. Dina implengan akang mah, anjeun duaan sigana bakal silih ajénan."

"Abdi mah héran, Kang. Mun téa mah manéhna can keyeng naha bet ngadeukeutan kuring sagala?"

"Ah, can keyeng kumaha?" Kang Arif ngabantah. "Sidik manéhna pisan nu meredih ka akang supaya kumaha wé carana ngarah Néndén resepeun ka manéhna. Akang mah teu nginjeum panon, teu nginjeum ceuli. Ceuk akang téh teu bisa. Da akang mah lain Pangéran. Éta mah kudu usaha sorangan. Akang harita omat-omatan ka manéhna, ulah gurunggusuh."
Kang Arif eureun ngomongna. Katingali siga nu keur mikir.
"Nurutkeun akang mah alesan manéhna téh dijieun-jieun. Sigana mah si Indra manggih awéwé séjén anu katingalina leuwih méncrang."

Kuring unggeuk. "Enya abdi ogé mikir ka dinya. Nya hempék téh teuing. Ngan abdi mah teu suka carana. Siga anu teu boga étika. Kawas lain jalma anu boga pangarti. Da manéhna ogé moal daék atuh dikitukeun ku batur."
"Hampura akang, Néndén. Anu érana mah akang. Teu nyangka kalakuan si Indra bakal siga kitu. Geuning gampang sérab."

"Lain salah Kang Arif," cék kuring "Tabé´at manéhna wé geus kitu."
"Manéhna pipilih hayang meunang nu leuwih. Tungtungna moal meunang sasaha. Tingalikeun wé geura," cék Kang Arif. "Ti heula akang hayang nulung manéhna sabab katingalina aura manéhna mémang harita geus turun. Malah méh-méhan pareum. Basa Néndén datang, aura manéhna jadi moncorong deui. Matakna ayeuna manéhna ngadak-ngadak loba anu mikaresep. Tapi moal lana. Engké gé aurana pareum deui. Sabab, saenyana mah énérgi manéhna geus dicokot ku Néndén."

Kuring ngahuleng. Kuring mah teu pati ngarti masalah aura.

"Tapi biasana mah nu kitu téh sok balik deui ka jalma anu nyokot énergina. Tah, upama engké manéhna hayang balik deui, Néndén arék narima moal?"

"Sangeuk téh teuing," cék kuring. "Sawios bedo."***

5 Koméntar kana “Sologoto”

  1. ping 24-11-2007 tabuh 1:51kang wawan

    sim kuring mani bingah ku ayana carita pondok basa sunda, soalnya pun anak seueur pisan PR basa sunda ti sakolah
    hatur nuhun pisan

  2. ping 14-02-2008 tabuh 7:45kang kikih

    panasaran cek bejana kang arif emang leres si kang indra bakal balik deui ka nenden? kusabab manehna nu geus nyokot energina kang indra….!!!

  3. ping 29-03-2008 tabuh 6:40Gunawan

    Sok ah sing remen nyeratna supados seueur honorna he…he…, eh abdi bagi elmuna atuh supados tiasa ngarang carpon, abdi mah tiasa teh ngorong we

  4. ping 01-04-2008 tabuh 6:11Kang Apep

    Payus pisan eta carita jeung kaayaan ayeuna.
    kade weh ka para wanoja oge ka randana bilih engke panggih jeung jalma nu kitu, kedah ati-ati samemehna ambeh teu hanjakal. komo mun…

  5. ping 12-04-2008 tabuh 10:06eden

    tong ngantosan nu can puguh,nenden mah mening ka eden cocok pisan he..he , sokgera lajengken……

Ngalebetkeun komentar