Tarawangsa

Sajak Toni Lesmana

Peuting meuleum sajak
Dina parukuyan
Kebul-kebul
Tarajé ka alak paul

Wirahma langit
Jeung bumi. Sanget temen
Nu mangkat
Angseu taneuh jeung seungit matapoé
Dijentréng-jentréng
Dikését-kését

Kacapi parahu waktu
Rebab pangwelah rasa
Di tengah laut igelan. Reundeuk
Ulah teuing dipanteng
Sina ngangkleung, kleung
Ieung, kuring palid ka mana boa
Nyawang jangjang pulas panén

Aya nu usik, boa karémbong
Leungeun-leungeun gaib
Ngaléng batin. Ngajak lumampah
Mapay-mapay galengan implengan
Sapanjang bulan purnama

Baeu, Nyai Sri
Ieu kuring, ieu asih

Mangsa Wanci Ditarétés Reumis

Batu curi, basisir katut cadasna
Sarébu leuwi eunteung sarébu bulan
Tumaninah naker kamalir cahaya salira
Malidkeun rakit implengan, ka jauhna
Ka ditu, ka muara langit!

Kembang-kembang purnama
Sumerah dipatik ramo-ramo simpé
Nu kuring. Jempling
Ngaraas kalang béntang
Méga hémpak nembang asmarandana

Pitapak Simpé

Sabada nulak lawang
ku batu jeung dangdaunan
peuting tibabaranting di jalan satapak

Muru leuweung
nedunan panggero hujan
kuring jeung peuting muntangan mata halimun
Bako jeung botol katut pélor
ngaweuhan tina tatu dahan
nu kaliwatan

Kalan-kalan jalan ambaheun
peupeus
jadi sarébu kalong nu muru sarébu juru

Ngaleguk katineung
maluruh
pitapak simpé

Obrolan halimun jeung jukut
peuting nguyumbang
dina rajah sarébu ibun

Reureuh
dina tangkeupan
sayang gagak

Ngalebetkeun komentar