Tina Lawang Panto
Dilebetkeun 18-06-2007 04:31
Kategori: Carita Pondok
Ku Aam Amilia
SORA nu ngaharegung asa niruk jajantung. Sampeurkeun waé kitu? Tapi apan itu téh saha? Nya dunungan, nya lain muhrim. Sanajan haté adug-adugan hayang ngaladénan, hayang ngogo, hayang nyimbutan, mencétan, ah…, taya bayana. Mun seug diri keur teu jadi badéga. Paréntah nu katarima poé ieu, tungguan di lawang panto, bisi dunungan aya kapalayna, bisi dunungan aya nu karaos. Mun disaur kakara nyampeurkeun. Hartina, ulah asup ari teu digeroan mah. Sanajan humaregungna ngusikkeun dada, asa hayang bahé, tapi ieu suku dipaku dina lawang panto, teu wasa baha. Antep waé kitu, kanyaah sina lébér, ngabayabah kana palataran haté?
"Néng Resmi, nyaur Adén téh?" cék Ma Ipah ngaharéwos. Teu kanyahoan leumpangna, badéga nini-nini téh, ujug-ujug aya gigireun.
Sirah gideug. Kahayang mah némbalan, henteu, Ma Ipah, dunungan mah henteu nyaur, ukur humaregung. Ngan ieu haté adug-adugan hayang nyampeurkeun. Kumaha atuh, Ma Ipah, antep waé anjeunna sina sorangan, jero kamar anu sakitu legana? Aya lalangsé anu moal wasa diteumbrag, Ma Ipah.
Tapi nepi ka Ma Ipah ngaléos deui ka dapur, teu sakecap gé nyarita. Ukur ngésod saeutik ngupahan cangkeul. Katénjo jandéla kamarna ngablak. Atra dangdaunan aroyag katebak angin. Meureun ngadégdég téh tiriseun. Lahaola waé kitu tanyakeun, naha jandéla téh rék ditutup atawa moal? Ah, mun seug cara Ma Ipah, badéga kolot nu geus puluhan taun ngadunungan di dinya, moal kagok cacarita ka sasaha gé.
Tapi apan tadina sorangan gé sarua, teusing tumarumpang. Bongan basa labuh keur piknik di Maribaya, maké ngalieuk nanyakeun, henteu nanaon Resmi? Mun nanyana ngeunaan putrana wungkul mah, meureun moal aya rasa asih nu nyaliara kana sakujur dada téh. Asa dipikamelang basa ditanyakeun henteu nanaon téh. Angot apan maluruhna gé pengkereun Ibu, dunungan awéwé. Ah, naha atuh rasa téh bet sasampayan, ngulayaban, nerekab, manjang. Eureun waé kitu jadi bébisiter téh? Méméh ieu rasa nu humayua, mangkak kembangan?
"Mi, aya citéh amis nu panas?" sora ti jero.
Tibuburanjat cengkat, nompokeun ceuli ka lebah enggon. Sidik sora ti dinya.
"Badé ngadamel?"
"Sok," témbalna pondok.
Sirik teu notog-notogkeun manéh lumpat ka dapur. Ma Ipah bangun reuwas, nénjo nu hahéhoh, terus ngajengjen hareupeun erak piring. Gap kana gelas.
"Adén mundut ngaleueut?"
Unggeuk sirah téh meureun, da Ma Ipah terus nyician cai kana emuk paragi ngaleueut dunungan. Teu kalawan dibéjaan, citéh panas téh digulaan. Sabada dipisinan, sok dikakuringkeun. Sanajan bari degdegan, nyoba neger-neger manéh.
Nu gering téh nyanda ayeuna mah. Basa narima citéh amis, ku isarah nitah cicing heula. Gék andiprek dina ubin, tungkul. Aya angin rintih tina jandela, tiis.
"Badé ditutup jandélana?" cék kuring. Sidik aya soraan, lain jero haté.
"Entong," pokna. Tuh, geuning ditémbalan.
Hayang ngadeuleu maling, ngadéngé suruputna citéh. Hayang nénjo panonna nu seukeut lamun neuteup. Hayang nénjo kumisna nu meles hadé urus. Hayang nénjo buukna nu galing muntang, irung mancungna, biwir ipisna. Tapi apan itu téh dunungan, ukur wasa tungkul, nungguan paréntah anyar.
"Calik wé na lawang panto, sakali séwang sareng Bi Ipah, bisi Bapa aya kapalay. Ibu sapoé jeput, bisa jadi tepi ka peuting rapat di Yayasan. Dén Gagah jeung Non Anggit, dicandak ku Éyang Mamih, bisi Resmi riweuh. Calik wé na lawang panto, tungguan bisi Bapa aya kapalay," saur dunungan istri. Éyang Mamih téh ibuna.
Diuk na lawang panto! Sakali séwang jeung Ma Ipah. Masak bagian Ma Ipah. Nyeuseuh ku duaan. Kuring nu putra-putrana, Mang Amat tukang kebon, nu Ibu jeung Bapa.
Asa diseureud éngang, ngagurubug, gesat gesut muru lawang panto, gék andiprek dina ubin. Geroan deui atuh, abdi dunungan. Hoyong naon? Hoyong dipeuseulan? Geura saur atuh abdi, dunungan. Tapi taya sora nu kadéngé. Dirérét ku juru panon. Gusti, geuning keur nénjo ka lebah lawang panto. Dirérét deui, Ya Alloh geuning neuteup mani anteb, siga-siga imut, bari nanggeuy cangkir. Nyeungseurikeun kuring kitu nu bieu tibuburanjat? Gap kana topi suster, gap kana seragam bodas, samar rampa. Rét deui ka kamar, angger, dunungan neuteup ka kuring.
Jandéla angger ngablak, angin leutik nebak lalaunan. Kuring angger andiprek na lawang panto. Nu teu damang angger nyanda, neuteup ka dieu. Tina jandéla panonpoé angger ngabagi cahayana.
Kaya kieu mah kudu eureun digawé téh. Tapi ka mana deui lumpat? Kapan sasat keur nyumput. Kapan sasat keur nyamur. Lamun digawé di luaran mah meureun kanyahoan ku nu wawuh. Baraya kabéh di lembur, teu wasa mulang dina kaayaan kieu, ku tatangga dimusuhan. Lumpat ka mana deui? Apan meunang pagawéan di dieu téh sasat geus méh sataun nahap-nahapkeun manéh di imah Ceu Imun anak Uwa, kadungsang-dungsang di lembur batur, nyumput pinuh ku kasieun.
Kersaning Gusti, dina koran bungkus lauk, aya iklan nu butuheun ku pangasuh barudak. Babaloganjangan ditepungan. Ukur diajak ngobrol sajam, harita kénéh ditarima gawé. Saurna gé teu kudu boga ijasah bébisiter, asal geulis jeung beresih, cukup. Bébisiter cék basa gagahna mah, pagawéan sarua badéga, purah ngasuh barudak, putra dunungan duaan. Tapi selang-selang tina ngasuh, angger sok dipiwarang nyeuseuh, ngepél jeung pagawéan naon, ilaharna badéga.
Saha nu nyangka bakal ngarandapan jadi badéga. Tuman andegléng dina korsi paparéntah ka batur. Tuman turun-unggah mobil, ayeuna kudu sakieu ripuhna. Abong papastén. Asa cikénéh pisan diri téh dirubung-rubung ku nu butuheun. Urang lembur tukangeun kompléks imah. Aya nu ménta tulung keur modal dadagangan, aya nu butuh duit pikeun nyakolakeun anak. Malah henteu saeutik anu muntang, minangsaraya méréskeun rumahtanggana nu pakucrut waé. Kabéh dicoba ditedunan. Mimitina mah nalangan salaki, anu dipikolot di lembur. Lila-lila bet asa jadi sorangan anu dipikabutuh batur téh.
Basa aya nu ngajakan gempungan perempuan aktivis, henteu nolak. Asa kaaku, jadi awéwé motékar anu miduli nasib bangsana.
Dipatotoskeun dina éta gempungan, léngkah munggaran téh rék "ngélingan" pengusaha anu ngagunakeun pagawé barudak leutik. Henteu saeutik barudak anu kuduna sakola, kalah digarawé naréangan duit. Kuduna mah kapan kawajiban kolotna.
"Ati-ati, Mi, ari aktif dina organisasi kamasrakatan téh kudu jeung élmuna, lega ambahan, loba wawasan. Henteu cukup ku kadaék wungkul. Komo kabawa émosi sagebragan mah, entong. Babakti ka nagara mah, di imah gé bisa. Piara tur wujudkeun imah anu tingtrim, nepi ka salaki betah, jauh tina kahayang pikeun korupsi. Barudak betah, nepi ka jauh tina bahaya narkoba. Merangan kabodoan mah apan Déwi Sartika jeung Ajeng Kartini gé ti imah heula. Iwal lamun urang enyaan miboga élmu anu kudu diamalkeun di luar, weweg rumahtangga, ékonomi nyukupan. Ari ukur kabawa abring-abringan mah, entong," cék salaki.
Harita mah teusing ngarasa dipikamelang. Kalah nyangka salaki téh sieun kaéléhkeun pamor. Komo sanggeus dipercaya jadi ketua mah, diri téh asa enyaan kudu kalebuh dina dunya kamasrakatan. Tapi henteu ari pok mah. Rumasa sok hésé ngedalkeun eusi haté ku omongan. Kemba, sok hésé rék pok.
"Pedah pamajikan Bapa meureun, Mah, kapilih jadi ketua sotéh. Apan kabéh gé ibu-ibu di dinya téh salaki-salakina bawahan Bapa di kantor. Ari rék aktif mah pék waé, ngan kudu dibarengan ku nambahan élmu, nguatkeun awak, bisa ngabagi waktu."
Beuki ngarasa ditangtang dikitukeun téh. Enya gé ukur lulusan SMA.
"Mun kabéh lalaki mikirna kawas Bapa, beuki saeutik wé atuh awéwé anu tandang téh."
"Har, ari tandang téh kudu dina dunya pulitik jeung organisasi kamasrakatan wungkul kitu? Henteu, Mah, cék Bapa gé. Geura baca buku ngeunaan urang Jepang. Apan awéwéna téh lolobana caricing di imah, ngurus salaki, ngurus anak. Tapi lain terus ngarumpi, terus natangga. Malikir, maraca, nambahan élmu. Beubeunanganana dipaké ngadidik anak. Lés masak, upamana, bari nalungtik kadaharan naon waé anu bisa méré vitamin, matak alus kana tumuwuhna awak budak. Hasilna? Barudak Jepang anu baréto kasohor kawas hayam katé, apan ayeuna mah jarangkung. Rahayatna jadi palinter, kamajuan nagarana bisa nyasamaan nagri adidaya. Ibu-ibu di ditu gedé jasa ka nagara, bajuangna di imah, ngahasilkeun barudak pinter tur séhat."
Jejebris harita téh, terus indit. Kahayang mah nyarita ngagalantang, tong méré kuliah, lah, entong disasaruakeun jeung batur, da kuring mah boga kapribadian sorangan. Anggur jurungkeun, anggur hayukeun, hayang diajar masamoan. Tapi manan nyarita kalah ngabaeudan ka salaki aya mingguna. Komo basa di organisasi téh beuki resep, beuki betah. Usaha geus aya hasilna. Ketak munggaran nyatet sababaraha data, pausahaan mana waé anu ngagawékeun barudak. Ti kantor anu aya patula-patalina jeung ieu masalah meunang katerangan, aya welasna geuning pausahaan anu kitu téh. Tapi cenah da taya nu susulumputan kabéh gé, sanajan henteu dihempékkeun.
Mulan-malén abring-abringan nyusud pakampungan, néangan barudak anu digarawé lain usumna. Salah sahiji budak kanyahoan digawé di pabrik bungbu. Leutik pabrikna mah, ngan lamun nilik tempat gawéna, matak teu séhat kana awak. Kalawan nyamur jadi kolot salahsahiji budak, kuring bisa asup ka éta pabrik. Sabot bongoh nu bogana, jero pabrik dipotrétan. Engkéna dijieun data laporkeuneun ka wartawan.
Rohangan pabrik téh henteu sabaraha lega, tapi éstu matak ngenes nu nyaksian. Taya hiji gé véntilasi anu aya di dinya. Panto badag dikonci ti luar. Lamun téa mah aya kajadian duka kumaha. Nu boga pabrik embung disalahkeun.
"Kami gé ati-ati atuh, Bu. Karunya barudak téh, batan abring-abringan, mending digawé. Di dieu mah katalingakeun, beurang dahar, reureuh heula, saré sakeudeung. Gawéna gé ukur mungkusan bungbu, henteu matak capé. Éta mah dikonci ti luar sotéh, sok barulak balik, bisi labuh," cék nu boga pabrik.
Lain deui reueusna ieu haté, basa éta panalungtikan téh diwartakeun dina hiji koran gedé. Ngaran kuring minangka ketua, meunang pamuji ti ditu ti dieu. Tapi salaki teusing bangun reueus. Kalah pokna téh, nanaonan? Éta mah tugas pamaréntah, cenah.
"Mi, aya tampolong?" Sora ti enggon, ieu mah. Lain sora salaki nu boboléh teu sanggup boga pamajikan aktivis. Lain sora salaki nu nitah milih, antara kulawarga jeung organisasi. Sora dunungan, anu tadi humarurung.
"Nyaur abdi?" Kuring cengkat tapak deku.
"Muhun. Aya tampolong?"
Kuring asup, ngarongkong tampolong ti kolong ranjang. Badé luga? Hoyong dirancét? Badé ditutup jandélana? Ih, naha cicing waé dunungan téh. Boa henteu nyarita nanaon kuring téh. Diteuteup, panonna peureum. Ku hayang ngusapan buukna nu cipruk ku késang. Ku hayang nyalinan bajuna anu jibrug. Ongkoh ngésang, tapi awakna dibaguded ku simbut. Tapi kumaha atuh, pan éta téh dunungan. Pan kuring keur jadi badéga.
"Badé ditutup jandélana?"
"Entong," témbalna. Sidik, meureun bieu mah kuring téh nyarita, da dunungan némbalan.
Leungeun angger nyekel kénéh tampolong. Keur naon nitah mawa tampolong téh? Rarasaan hayang luga kitu? Sok atuh hoyong dirancét mah, kari miwarang. "Pangneleponkeun Ibu, tiasa?"
Kuring ngajeten. Caritakeun waé kitu, yén tadi gé dunungan istri téh geus nelepon. Paréntahna angger, tungguan di lawang panto, bisi Bapa aya kapalay. Ibu bakal nepi ka peuting rapat di yayasan. Ka Ma Ipah nyebutkeun kikituan téh aya opat poéeunana, rék terus nalingakeun nu ngabagikeun sembako ka kaum duafa. Lamun ditepikeun moal nyerieun haté kitu? Teu wasa nyarita.
Kawas basa salaki nitah milih antara kulawarga jeung organisasi. Haté norowéco bacéo nyebutkeun teu hayang milih, da hayang duanana. Hayang angger aktif, bari rumahtangga bérés roés. Kapan teu euweuheun anu kitu gé. Tamba kesel, tacan dipercanten boga turunan ku Nu Kawasa. Tapi taya kecap anu kaluar, ukur cicing. Kakara kaharti, salaki nitah milih téh, da geus boga téténjoan anyar. Cenah mah lantaran kuring kalalanjoan teuing "ngabéla" organisasi, rumahtangga kaluli-luli. Henteu bisa nanaon basa salaki ngajak pipisahan. Ibu-ibu nyeuneuan, organisasi mah alesan, saenyana mah salaki téh kagoda ku awéwé séjén. Beuki asa kahuru basa ibu-ibu nyumangetan, moal burung payu deui da Ibu Resmi mah geulis, jangkung alit tur rancunit. Pajar téh kuring siga Sri Dhévi, bintang film India nu bulu panonna lentik.
"Tiasa mangneleponkeun?" Sorana semu dareuda.
Gusti, nu hayang dipiasih ku garwa. Ti mana atuh nelepon téh, tina HP, tina telepon, apan aya gigireun ranjangna? Ka mana atuh dunungan istri téh? Naha teu nyaah ka carogé nu sakitu kasépna, sakitu bageurna? Naha henteu tiasa permisi, absén sakeudeung, ari carogé teu séhat mah kitu? Kayungyun, imah pageuh, salaki deudeuh, putra lalucu, salieuk béh, taya kakurang, masih kénéh hoyong ilubiung ngurus rahayat leutik. Dunungan istri, di mana anjeun ayeuna? "Da tadi gé…" Teu kebat.
"Tadi gé Ibu tos nelepon?
"Sumuhun."
"Kumaha saurna?" Jempé, can bisa némbalan.
"Simpen atuh tampolongna," pokna. Imut ayeuna mah.
Kuring kaéraan. Sok tampolong dina ubin.
Gék deui diuk andiprek hareupeun nu keur nyanda.
"Kumaha saur Ibu téh?"
"Saur Ibu, badé rapat dugi ka wengi. Abdi dipiwarang…"
"Dipiwarang naon?"
Naha sorana asa jadi rada tatag? Aya semu manglucukeun kuring nanyana téh.
"Dipiwarang…" Teu kebat.
Asa éra nyebutna gé dipiwarang diuk di lawang panto, bisi Bapa aya kapalay.
Kuring ngajengjen, manéhna gé jempé. Angin rintih nebak tina jandéla nu ngablak. Sok atuh nanya deui. Kapan basa kuring keur nyeuseuh seragam tuang putra, Dén Gagah, anjeun neuteup lila naker. Api-api maca koran, da karasa keur anteb ngawaskeun. Sok atuh nyarios, kapan basa kuring balik ti cai tas diangir, anjeun ngabalieus, terus asup ka kamar, ngagentos sarung ku lancingan panjang. Sok atuh nyarios, kapan basa abdi nyadiakeun tuang, panangan téh api-api kasalahan, nyekel kana pigeulang, sanajan saliwatan.
"Dipiwarang naon?" pokna.
"Sumuhun…"
Teu kebat deui waé. Aya surak ambal-ambalan dina dada. Enya kitu teuteupna hurung ku seuneu kaasih? Atawa rarasaan sorangan waé? Manéhna imut, ngahudang kasono. Kuring tungkul deui.
"Resmi, dipiwarang naon ku Ibu, hayoh?" Sorana datar, tapi bet asa ngoconan.
Kuring angger tungkul. Bray beungeut popotongan dina kongkolak panon. Bréh keur peuting munggaran papangantén. Tepung panungtungan basa kajadian peuting harita.
"Mamah, énggal angkat. Ka bumi Ceu Imun waé heula. Urang kampung ngarasa dihianat ku Mamah. Ibu-ibu kabéh nuduh Mamah nu tanggungjawab. Urang lembur asa diteungteuinganan. Gara-gara pabrik diontrog, disalahkeun ngagawékeun barudak leutik, anak-anak maranéhna jadi areureun, ngaligeuh teu boga gawé. Ti saprak aya béja dina koran ngeunaan perjuangan Mamah, kabéh pabrik kompak mecat barudak leutik tina pagawéanana, sieuneun disalahkeun. Barudak leutik téh lalumpatan deui ka jalan, nu jadi baramaén, nu jaradi pemulung. Mamah teu lepat, geus bajuang pikeun Si Leutik. Tapi perjuangan teu dibarengan ku solusi mah, bisa teu hadé tungtungna. Énggal geura angkat, aya mobil kantor Bapa di tungtung gang," pokna.
Kakara karasa enyana caritaan urut salaki téh yén jadi aktivis téh kudu dibarengan ku legana wawasan, beunghar pangalaman, legok tapak genténg kadék dina neuleuman élmu kamasrakatan. Mun heureut deuleu, mending ulah waka.
Harita di luar nu surak éak-éakan.
"Mana tanggungjawab anjeun aktivis?"
"Kami gé nyaah ka anak, lain téga nitah gawé, kapaksa, kapaksa!"
"Disangkana teu hayang nyakolakeun budak? Mahal, uninga?!"
"Mana pagawéan keur gagantina ari sanggup ngabubarkeun mah?"
Ayeuna dina haté aya nu surak ambal-ambalan.
"Lain salah anjeun, mun dunungan asiheun."
"Bongan pamajikanana aktif teuing di luar."
"Teu meunang, anjeun teu meunang nigas kabagjaan sasama wanoja aktivis."
Ah, asa kakara kamari, lumpat sakalumpat-lampét jalan tukang dianteur ku popotongan, muru mobil anu geus nungguan. Mobil kantor popotongan nganteurkeun ka setatsion. Dina karéta kuring ngaheruk. Dipapag cipanon Ceu Imun basa datang ka lemburna.
Asa kakara kamari lumpat nyingkahan kasieun. Ayeuna kudu lumpat nyingkahan rasa asih, rasa deudeuh anu datang ngunggahan haté. Kuring teu meunang jadi logojo, teu meunang nigas kabagjaan batur, nu keur bajuang ngabéla Si Leutik. Ka mana daya, ka mana tanaga? Bet teu wasa saukur ngobahkeun rasa. Kudu, kudu wasa. Ngésod, Resmi, ngésod! Mundur, terus mundur, Resmi! Wates anjeun, lawang panto. Geura mulang ka lembur. Ari masarakat? Geus pohoeun meureun ayeuna mah. Ngésod, Resmi, mundur, Resmi! Tempat anjeun lain di dieu.
Jep nu surak jempé, tinggal ketug jajantung beuki tarik dulugdugdag.
"Resmi, tutup jandélana, tiris," sora dunungan haroshos, kadéngé ti lawang panto.***
Asa emut ka jaman beheula basa macaan carita cinta beunang nganggit (Ibu atawa teteh atawa naon nya?) Aam Amilia dina majalah mangle. Endah…
Duwh Sok Wararaas pami maca carita bahasa sunda teh