Toponimi Tatar Sunda: Ramé di Girang, Géhgéran di Urang
Dilebetkeun 10-06-2008 11:44
Kategori: Sempalan
Mang Ayat (Prof. Dr. Ayatrohaédi) suwargi kungsi ngindonésiakeun istilah toponimi jadi widyaloka. Hartina mah éta-éta kénéh, nyaéta élmu ngeunaan asal-usul ngaran patempatan. Toponimi téh bagian tina onomatologi—aya deui nu nyebut anomastika (onomastics)—, nyaéta élmu ngeunaan sajarah ngaran.
Pikeun ngaguar ieu perkara, tangtu baé kudu weweg élmuna, teu kaci ari ningalina ngan tina hiji aspék mah. Malah mah kudu terang kana kasang tukang folklore nu aya di sabudereunana.
Tangtu, masarakat méré ngaran tempat téh teu sagawayah. Tanwandé aya alesanana boh sacara étimologis boh sacara ékologis, pon kitu deui sacara topografis.
Upamana, ngaran tempat nu maké kecap ranca: Rancaékék, Rancacili, Rancabadak jsté. Kecap ranca téh kaasup basa Sunda nu hartina tanah nu salawasna bécék, caian, malah siga embel. Lamun ditincak téh sok ngabelesek jero. Kecap ranca méh saharti jeung kecap rawa.
Naha cukup ku kitu ngahartikeunana? Horéng teu kitu. Da geuning réa pisan rambat kamaléna.

M. Sasmita (kénca) jeung Dédé Kosasih (katuhu) medar toponimi di Tatar Sunda. (Foto: Dadan Sutisna)
Kumaha pakuat pakaitna masalah modél kieu upama disawang tina jihat toponimi? Nya ieu pisan jejer sawala bulanan Pusat Studi Sunda (PSS), nu diayakeun dina poé Jumaah, 9 Méi 2008. Nu jadi panyaturna nyaéta Dédé Kosasih (DK) jeung Elin Syamsuri (ÉS), duanana staf pengajar di UPI (Universitas Pendidikan Indonesia) Bandung.
Tilu Juru
Cék DK, pikeun ngaguar sasakala ngaran tempat téh paling copélna kudu ngawengku tilu aspék: aspék fisikal, sosial jeung kultural.
Tumali kana aspék fisikal, geus kawentar yén urang Sunda mah kahirupanana raket pisan jeung alam di sebudereunana. Alam téh bagian tina dirina, kitu deui sabalikna alam gé kudu dimumulé ku manusa. Demi fénoména alam téh bisa ngawengku unsur hidrologis, morfogéologis jeung biologis.
Lian ti éta aya dua pola nu maneuh tur raket sacara asosiatif, biasana ku cara matalikeun ngaran tempat jeung kaayaan alam tadi. Éta pola nu dua téh nyaéta pola liniér jeung pola barung (tina pola liniér jeung sesebutan séjén jadi hiji konsép ngaran).
Urang Sunda bisa disebut hydrolic society, nyaéta masarakat nu teu leupas tina cai. Ari kituna mah bisa kamaphum da geuning Tatar Sunda téh kawentar daérahna nu subur ma’mur curcor caina. Ku kituna loba pisan ngaran tempat nu mawa asosiasi kana cai kayaning Coblong, Lédeng, Parigi, Émpang, Bendungan, Léngkong jsté.
Ari unsur hidrologis dina pola barung katiténan tina ngaran rupaning tempat saperti Sawahkurung, Parakansaat, Rancaékék, Rancapurut, Solokanjeruk, Tambaksari jsté.
Tumali kana unsur morfogéologis (dumasar kana kontur beungeut taneuh), dina pola liniér, aya patempatan nu dingaranan Punclut, Lebak, Legok, Lamping, Talun jsté.
Demi nu tempat nu ngaranna maké pola barung nyaéta Tajurhalang, Lemahneundeut, Bojongsoang, Legokhuni, Bojongkacor, Pasirjambu jsté.
Unsur biologis biasana dicirian ku unsur flora (tutuwuhan) atawa fauna (sasatoan). Ngaran tempat nu aya unsur tutuwuhanana tur liniér sipatna, upamana baé Kosambi, Caringin, Paséh, Kopo, Sentul, Katapang, Paséh jsté. Ari pola barung saperti Salammanjah, Kasomalang, Kiaracondong, Warudoyong jsté.
Sedengkeun ngaran tempat nu aya patalina jeung unsur sasatoan tur liniér sipatna, upamana baé Merak, Tomang, Sanca. Kitu deui nu pola barung nyaéta Rawabogo, Rancabadak, Leuwigajah, jsté.
Ayeuna urang sawang tina jihat sosial. Contona mah tempat nu dingaranan Banceuy, deukeut alun-alun Bandung. Kapan kecap banceuy téh sacara étimologis mah hartina raket pisan jeung perkara kuda perkudaan (kuda, istal jeung tempat nu ngurusna). Baheulana Banceuy téh tempat pangreureuhan kuda jeung tempat bagantina kuda dina mangsa Jalan Raya Pos (Groot Postweg) kakara dijieun.
Conto séjénna Balubur. Éta gé teu leupas tina aspék sosial dina jaman pangawulaan baheula. Balubur téh cék kamus Sunda Danadibrata mah tempat nu dihateupan pikeun nyimpen paré atawa béas beunang ngumpulkeun keur saheulaanan. Sigana, éta béas atawa paré téh beunang ngumpulkeun ti rahayat nu setor ka dalem atawa gegedén lianna jaman harita.
Ngaran tempat séjén nu aya patalina jeung aspék sosial tur mawa asosiasi kana urusan patukangan, upamana baé Gosali, Panday, Palédang jsté.
Aya deui ngaran tempat nu aya patalina jeung lembur: Babakan, Tarikolot jlld. Nu aya patalina jeung ékonomi: Warungjambu, Warungpeti. Nu aya patalina jeung waktu: Heubeul-isuk, Windujanten jsté.
Malah aya deuih ngaran daérah nu mawa asosiasi kana dédéngéan, upamana baé Curugséah. Tayohna, pangna dingaranan kitu téh pédah éta sora cai nu nyurug kadéngéna nyéah. Aya deui ngaran tempat nu mawa asosiasi kana aambeuan, upamana baé Legokhangseur, Cihanyir jsté.
Aya kalana ngaran tempat teu kakobét ku aspék fisikal jeung aspék sosialna. Lebah dieu, ngobétna téh bisa tina aspék kultural. Upamana baé, di Cirebon, aya daérah nu ngaranna Palimanan. Kapan éta téh tina kecap liman nu hartina gajah. Gajah jaman baheula, enya jaman karajaan, dianggap sato nu jadi ciri kakawasaan jeung kasaktén. Mawat gajah (minangka mitos) dipercaya minangka lambang kaagungan sarta kakuatan raja.
Ngaran Anyar
Najan méh sawanda dina jeung pedaran DK, pedaran ÉS mah leuwih nyoko kana ngaran anyar di jul-jol dina mangsa kiwari, utamana sanggeus jlug-jleg kompléks perumahan nu dijieun ku para pengembang (real estate).
Ditandeskeun yén ngaran tempat kaayeunakeun geus kurang merhatikeun ciri-ciri nu maneuh siga baheula, malah aya kesan sakahayang. Kiwari mah méré ngaran téh sarwa praktis jeung simpel.
Saperkara, aya nu oriéntasina kana kapentingan administrasi pamaréntahan. Sasat diala gampangna méré ngaran téh: ukur maké selatan, timur, barat, tengah jeung utara.
Kabiasaan modél kieu dimimitian ku Gubernur Jendral H.W. Daendels nu baheula ngabagi pulo Jawa jadi tilu wilayah administratif: Jawa Barat, Jawa Tengah jeung Jawa Timur.
Ti harita ditarurutan. Upamana baé kiwari kapan istilah Bandung Barat téh dijieun ngaran kabupatén. Naha teu bisa néangan ngaran séjén nu teu ngaharib-harib kana kecap Bandung? Ambéh teu kaciri teuing nyokot ngaran nu geus kawentar siga Bandung wé atuh. Naha teu disebut Kabupatén Padalarang, upamana? Mun seug kitu, apan éta téh méré ngaran nu mandiri, teu siga nu kahieuman ku ngaran Bandung.
Lian ti kitu, aya deuih kesan éksklusif. Dug-deg lembur alanyar nu diwangun ku para pengembang (developer). Ngaran lembur anyar sok ditungtungan ku kecap Griya, Asri, Permai, Kencana, Estate jsté. bari jeung loba nu teu ngaharib-harib kana kaayaan tempatna.
Geura wé, ti mana jolna bet aya ngaran jalan tina widang astronomi, kayaning jalan Jupiter, Saturnus, Venus jsté. Padahal di lebah dinya mah euweuh tapak nu ngaharib-harib kana widang astronomi. Sigana éta mah ku kréativitas pengembang bari jeung teu didadasaran ku pangaweruh ngeunaan toponimi atawa teu maca alam lingkunganana.
Méré ngaran téh sasat ukur sakahayang ingsun. Baheula ngan sakadar boga jobong, atuh ganti-ganti ngaran ambéh karasa rohaka, terus wé maké estate. Padahal kitu-kitu kénéh.
Aya deui nu tumali kana mode. Ngaran tempatna biasana mangrupa akronim atawa robahan sora. Upamana baé Budapés, minangka singgetan tina Bukit Dago Pakar East; Ciwok, asalna tina Cihampelas Walk; jlld. Ieu kacirina siga nu reueus ku lembur batur, pédah kawentar di dunya internasional tuluy wé diparaké, ambéh nimbulkeun kesan modéren najan bari jeung salah gé.
Malah aya ngaran tempat nu robah atawa leungit pisan balukar tina pamekaran daérah. Ngaran daérah nu leungit téh upamana baé Parakan Muncang, Cigoléndang, Korobokan jsté. Leungitna téh lantaran daérahna dihijikeun jeung daérah séjén, tur dibéré ngaran anyar atawa nyokot ngaran nu dianggap leuwih popilér. Demi nu robah, misalnabaé Géhgér Kalong jadi Geger Kalong, Jeungjing Rigil jadi Jingjing Rigil.
Kudu Ati-ati
Dina jirangan pertanyaan ti nu marilu sawala, aya nu nanyakeun ngaran Sukamiskin. Naha éta téh pédah urang dinya resep kana kaayaan miskin?
Cék Ki Silah, Sukamiskin téh asalna tina basa Arab, nyaéta suq misk nu hartina pasar seungit. Dingaran kitu téh, cenah, mimitina mah pédah aya ceramah agama nu nyabit nyabit kana ngaran tempat.
Aya deuih konsép séjén pakait kana tritangtu: “Rama ngagurat lemah, Resi ngagurat cai, Ratu ngagurat batu.” Ieu téh, cenah deuih, konsép toponimi jaman bihari. Sigana ieu nyekrup jeung konsép hidrologi, morfogéologi nu tadi disabit-sabit.
Nu sidik, ka hareupna mah, para pengembang atawa gegedén nu boga kakawasaan kudu ati-ati dina méré ngaran patempatan. Kudu nyoko kana kaayaan tempat tur sajarahna. Paling copélna, ulah géhgéran.—
(Mamat Sasmita, panumbu catur matuh dina sawala bulanan di PSS)
Upami ngaran lembur legok hangseur teh leres aya? timana sarang kumaha asal usul-na dugi ka janten nami lembur, cing sugan aya anu uninga?