Trias Santosa: Ti PTDI ka Airbus Jerman

ÉRA cenah basa rék diwawancara. Teu ngarasa jadi inohong, komo deuih aya kasebutna “Sunda sawaréh”. Ibuna, Ruhana (alm) mémang urang Sunda mah pituin urang Cijulang Ciamis Kidul. Tapi ari ramana, Sudaryo, urang Cilacap Jawa Tengah. Tapi ti leuleutik ngarasa jadi urang Sunda. Hirup di tanah Sunda, lahir di Banjar, gedé di Bandung. Atuh nyarita sapopoéna gé maké basa Sunda. Éta gé ngarti cenah kana basa Jawa, tapi teu kabéh.
Trias Santosa lahir di Banjar, 6 April 1959. Imahna deukeut ka statsion karéta api. Trias ingeteun kénéh yén si Kuong (karéta api uap, mun di Bandung mah Si Gombar) ngaguik kadéngé nepi ka buruan imahna.
Umur 6 taun pindah ka Bandung, sakola di SD Gumuruh, SMPN 4, SMAN 7 teras kuliah di Jurusan Teknik Mesin ITB angkatan 1978, sarta meunang beasiswa ti IPTN salila 3 taun.
Atuh sabada lulus ti Téknik Mesin ITB (taun 1986) téh, Trias langsung digawé di IPTN. Sataun ti harita, meunang jodo, nepi ka boga anak tilu, awéwé kabéh.
Taun 1992 kungsi nuluykeun S-2 ka ITB, jurusan Teknik Mesin deui. Ngan hanjakal kuliahna teu anggeus.

Ngumbara ti Brasil Nepi ka Eropa
Mimitina mah cenah ngarasa kadesek ku pangabutuh. Anak beuki gedé, pangabutuh beuki loba. Ngandelkeun gajih teu cukup. Taun 2000 hasil ngalamar ka ditu ka dieu, Trias katarima gawe di pabrik kapal Embraer, Brasil. Keur di Brasil pisan, Januari taun 2003, diparengkeun naék haji, malah inditna gé ti Brasil. Hanjakal cenah garwana teu tiasa ngiring da barudak teu aya nu nungguan.
Waktu kontrak gawéna geus béak, Trias jeung kulawarga kapaksa balik deui ka Bandung. Digawe deui di PTDI (gantina IPTN). Waktu jaman PHK taun 2004, Trias kaasup nu di-PHK, lain teu kaarah gawéna, ngan euweuh bagian nu cocog jeung spésifikasi Trias.
Ari geus milikna mah, sabada ngalamar deui, Trias katampa di Hurel Hispano di Kota Le Havre Perancis. Pausahaan industri nu nyieunan komponén mesin pesawat terbang Rolls Royce, GE (General Electric) jeung nu séjénna.
Ngan meunang sataun digawena téh, taun 2005 terus pindah ka Airbus Hamburg, nepi ka ayeuna. Ilubiung dina proyek A380, pesawat terbang pangbadagna sadunya.
Airbus téh kapal terbang nu dijieun ku pausahaan EADS. Ari EADS, hasil mérger pausahaan Airbus Jerman, Perancis, Spanyol jeung BAE Inggris. Puseur uteukna, rékayasa rarancangna jeung ngarakit satengah jadi, ayana di éta opat nagara. Ngan keur ngaréngsékeun pagawéanana (final assembly) tempatna di Tuoulous Perancis jeung Hamburg Jerman.
Ieu lain hartina kabéhanana dipigawé ku EADS, nu ngaranna industri pesawat téh beunang disebutkeun ngan uteukna, rancanganana strukturna, sabagian ngadamelan komponén jeung ngarakit dugi ka réngsé. Réa pisan, malah aya rébuna, komponén beunang pabrik luareun ieu pausahaan ti mancanagara, upamana baé Amerika, Jepang, Cina, India, kaasup Indonésia.
Ari Trias mah spésialisasina téh dina widang stress analysis. Mun cék urang mah purah ngitung kakuatan struktur. Nyieun kapal terbang béda pisan jeung nyieun setum, kudu hampang tapi kuat. Kumaha carana, tugas Trias jeung saparakanca sapropesi, ngitung, nganalisa struktur almunium anu keur dirancang ku désainer dina hal kakuatanana maké program komputer nu canggih. Mun teu kuat kudu dirobah, boh dikandelan atawa digedéan éta struktur almunium téh. Mun kuat teuing gé kudu diipisan atawa dileutikeun atawa sakalian dirobah wangunna sangkan pas.
Ti baheula, ti saprak gawé di IPTN angger pagawéan éta keneh-éta keneh, ngan béda barangna wungkul. Mun di IPTN mah migawé CN235, N250, N2130 atuh di Brasil nyepeng RJ170. Basa di Perancis mah kungsi ngoprék mesin kapal, tah ayeuna Trias migawé lalangitna kapal terbang Airbus A380.
Di Hamburg, Trias ngariung sakulawarga. Nu cikal, Séptémber ayeuna kakara asup ka Student College, nu tengah kelas 10 (SMA), ari si bungsu kelas 5 SD.

2 Koméntar kana “Trias Santosa: Ti PTDI ka Airbus Jerman”

  1. ping 22-10-2007 tabuh 14:53liii

    tulisana baradag enjum….teuing

  2. ping 08-05-2008 tabuh 14:27Pangki Suidno

    Wah, nu kamajuan hebat ti urang sunda sadayana

Ngalebetkeun komentar