Tunggu Pare
Dilebetkeun 19-06-2007 12:52
Kategori: Di Lembur Kuring
Ku Ano Karsana
PARÉ di sawah téh loba pisan gangguanana: hama wereng, hama daun, beurit, jsté. Hésé digebahanana. Nu katangén téh akibatna baé. Nyaho-nyaho paré geus pérang. Mun ku beurit, kotakan butak tengahna.
Nu bisa kénéh disieuhkeun mah taya deui iwal ti manuk. Salian ti nu datangna ngabubuhan, aya deuih nu datangna ukur hiji atawa tilu siki. Orokaya kalan-kalan teu kaciri, lantaran sok nyumput, cicingna rada handap. Dina ranggeuyan anu melendoy leuwih getol tur noyod, digebah-gebah teu jol geleber hiber. Lamun geus dideukeutan bari jeung diulang-ulang ku gantar kakara hiber bari jeung teu jauh.
Manuk piit atawa manuk bondol, aya nu sarupa kitu. Malah areunteup dina ranggeuyan paré téh ti isuk mula. Anu ngabubuhan mah diheuyah-heuyah disurakan bari ngabebetot kokoprak téh sok ber baé haliber bareng ka awang-awang. Katingalna di langit hiberna ombak-ombakan ka luhur jeung ka handap, méngkol nyirorot sauyunan.
Bongoh nu tunggu, bereyek deui baé ngaranjah paré. Buah paré tangtu murubut ka handap, kakeprak ku ratusan manuk. Ranggeuyan atuh rugul buahna. Anu aya kénéh dina ranggeuyan digeresil-disisil diala eusina. Ranggeuyan jocong kari cangkang.
Ku Bapa sok dibéré tugas tunggu paré téh bagéan beurang nepi ka soré. Di saung sok ngahaja nenggerkeun kolécér. Gen baé ditangtungkeun awi saleunjeur téh. Panjangna ukur dua ruas. Saméter mah aya panjang kolécér téh. Saencan nagtung ajeg, kolécérna mah geus muter, angin sawah ngahiuk. Puhu tetengger cleb asup kana lombang. Reketek ditalian kana pancuh. Teng baé muter kacida tarikna. Tungtung barungbung paadu jeung tungtung cocolok. Sorana gegeritan. Aya éta ogé sora agem lamun tetengger nedeng katebak ka tukang. Angin nebak ngadadak leutik. Kolécér kasentak nyentok ngeplos ka hareup. Wer, sorana agem. Si kolécér jongjon muter. Tapi, panon téh maké ngahayoh mencrong muterna.
Térékél ka saung. Gep kana tali kokoprak anu dicangreudkeun kana tihang saung. Terus dibedol-bedol. Kokoprak ngeprak disada, diselang nyentok bebegig. Sora nu surak, nyurakan manuk, mah teu eureun.
Tali anu dijieun tina awi-tali téh ranteng di saung kana kokoprak, kana bebegig. Bebegig tingarigeug. Si manuk bandel mah kalah nyarongclo dina bebegig. Geus wawuheun, meureun.
Tali panjangna rupa-rupa kumaha nancebna kokoprak jeung bebegig dipasang. Jauh jeung deukeutna ti pisaungan. Tali rapia mah acan aya di pasar lembur téh. Duka, ari di pasar kota mah.
Basa paré geus mimiti celetu, Bapa geus mimiti tatahar. Ngala awi pitalieun ti pasir. Kuring ogé sok diajak matengan. Anu harampangna kabagéan barangbawa téh, luyu jeung pangawakan budak. Ari ngalana ti pasir Penclutgedé, kebon anu sok dihumaan tanah milik. Salian ti tanah milik aya tanah pangangonan deuih. Anu baroga ingon-ingon, ngangonna di dinya.
Ti kebon ka sawah anggangna aya kana 5 km-na. Keur kapereluan tatahar tunggu paré, keur ngadempét paré na jajalanaeun, nyieun saung jeung sapuratina téh dihagal baé.
Perjalanan manggul awi ka sawah meunang sababaraha kali eureun. Ari tuluy leumpang mah bisi mopo nyeri taktak. Mudun tuturubun mapay jalan satapak di Pasirpogor. Reg eureun di pangbarakan. Sakalian mandi di susukan irigasi. Caina hérang kacida. Tiis nyecep kana awak. Lep teuleum, pucunghul, lep teuleum deui. Mandi téh maseuhan-nyiram awak. Teu disuban teu disabun. Moal enya ti leuweung maké ieuh memekel sabun mandi. Batur nu sok marandi di dinya ogé sarua.
Nu dipanggul ku kuring harita nya éta awi gulungtungan leunjeuran leutik keur pitalieun, lima deupaan panjangna. Awi meujeuhna. Teu ngora teuing teu kolot teuing.
Nyieun tali di saung. Kuring gé geus mimiti bisa ngahua bisa nyieun tali keur ngabedol kokoprak jeung bebegig. Geus kalatih bari ngala suluh. Geus tara salémpér deui. Mulus sarua ipisna sarua lébarna tur sarua gedéna. Geus loba beunang ngahuaan laju ditumbu-tumbu kana 5 - 6 tumbuan. Kuriwel-kuriwel digolongan gedé. Sup diabuskeun sina nyangsang disoléndang kana taktak.
Kuriwel-kuriwel dibeulitkeun kana tihang saung awi bitung, meunang dua beulitan. Tungtung tali diasupkeun kana sela beulitan, reketek dibedol ditali-mati. Tali diukur bari leumpang mapay galeng. Tali lima tumbuan téh genep potong (kira 5 m). Jadi, kira 30 méter panjangna. Ceb pancuh awi satangtung. Ret baé tungtung tali dicangreud-mati. Di dinya engké nerapkeun bebegig atawa kokoprak. Tali téh terus baé ditumbu-tumbu deui dipasang ka unggal kotakan. Rata anggangna di sisi jeung di patengahan, boh kokoprak, boh bebegig kitu deui koléntrang kaléng nu digantungkeun dina ngembatna tali antara tihang.
Jadi, kuring milu mantuan Bapa dina prosésna barangjieun. Atuh, dina prungna tunggu bari ngabebedol tali kokoprak jeung bebegig téh apal di lilinggeran, jeung sugema haté. Salian ti diuk bari ngabetotan tali, gawé téh nyieun pangjepit jarami tina beulahan awi sisirihan sagedé dua ramo. Teu dijepit kétang, dipenalkeun dapuran paré téh ka tengah, anggang tina galengan liliwatan, supaya laluasa leumpang bari henteu ngagaris kana ranggeuyan paré. Paréna disérédkeun ku sirihan awi terus ditahan ku pancuh sangkan teu balik deui ngadeukeutan galeng. Sisi galeng dicacar maké congkrang. Geus bisa. Galengan lénang betah anu leumpang sanajan bari nyacaran galeng anu poko ngagebahan manuk teu petot. Surak bari heuyah-heuyah ngeprak-ngeprak kokoprak jeung kaléng. Sorana kuluntrang-kolongtréng keprak-keprak.
Tunggu paré gantian jeung Ema. Ari Bapa mah unggal poé ogé sok datang. Aya meresihan pisaungan, nyieun salayan, nyieun hawu dadakan. Mindingan saung. Harita mah ari panén téh sakalian baé mangkalan di sawah. Boga hayam opat sok milu, supaya seubeuheun nyatu da loba bangsal anu marurag. Kuring mah selang-selang baé da apan sakola. Mangsa harita, usumna ogé kana paré gedé nu jarangkung. Umurna ogé kana genep bulan paré téh kakara kaala. Panén mangkalan di sawah, miara paré ti dibuat, moé mangkék, ngageugeus/ngadugel kabéh di sawah baé nepi ka réngséna. Balik ka imah mawa paré geus garing, kari ngampihkeun ka goah atawa ka leuit.***