UN jeung Moralitas Bangsa

Ku: Kang Idek

UNGGAL taun murid-murid sakola di satungkebing Indonésia nyanghareupan Ujian Nasional (UN). Ti anggalna kénéh sakabéh sakola di Indonésia tatan-tatan. Pemantapan, try out, jeung latihan ujian terus digederkeun. Harepanana iwal hiji: siswa-siswi di unggal sakola bisa lulus kalawan hasil nyugemakeun.

Hal ieu kacida pentingnya pikeun hiji sakola mah sabab aya patalina kana kapercayaan ti masarakat, gé tangtuna pikeun sabagian pajabat mah, aya kakaitanana jeung kapercayaan, gé “peunteun” ti gegedén nu leuwih luhur.

Atuh pamaréntah daérah tangtu moal cicingeun. Tatan-tatan waé mah sigana enggeus, di antarana, nyieun Panitia UN, jauh ka dituna, bakal nyiapkeun waragad. Taun 2007 waé, pamaréntah Jawa Barat, contona, geus nyiapkeun waragad nu gedéna ngahontal Rp. 28, 133 miliar. Cék sakaol, ieu waragad Rp. 500 juta leuwih undak batan taun 2006.

Numutkeun warta tina koran harita, dana nu bieu téh masih kénéh dianggap can nyumponan pikeun ngalaksanakeun UN, utamana keur honor pengawas. Upama teu salah, taun 2006 kalarung, pamaréntah pusat geus méakeun duit Rp. 250 miliar keur ngawaragadan UN ieu. Geus kajudi, taun ieu waragad bakal leuwih undak ti taun-taun méméhna.

Cindekna, UN téh hajat badag dina dunya atikan di Indonésia mah. Titincakan sacara hukum ngeunaan UN geus diatur dina Undang-Undang (UU) RI No. 20 taun 2003 ngeunaan Sistim Pendidikan Nasional, nu terus disusul tepus ku Peraturan Pemerintah (PP) No. 19 taun 2005 ngeunaan Standar Nasional Pendidikan.

Dina ieu PP, sagala rupa nu aya kakaitanana jeung masalah évaluasi, kritéria kalulusan siswa, gé ngeunaan dibentukna Badan Standar Nasional Pendidikan (BSNP) geus diatur kalawan jéntré. Salah sahiji tugas BSNP nyaéta jadi panatacalagara UN dina lingkup nasional. Nu saterusna, ieu PP bakal jadi titincakan gé pikeun daérah dina ngatur jeung ngalaksanakeun UN.

Titincakan sacara hukum, waragad, jeung kapanitiaan tangtu bakal disiapkeun. Kurang naon deui?

Saliwat mah taya kakurangan. Hal nu di dadarkeun di luhur némbongkeun sikep pamaréntah pikeun ngalaksanakeun UN hamo bisa dionggét-onggét deui. Najan teu saeutik kritik masarakat ngeunaan UN, teu ngajadikeun pamaréntah galideur. Pamaréntah tetep tuhu kana dasar hukum nu disebutkeun di luhur. Sacara sistimatis pamaréntah gé geus nyiapkeun sagala rupa kabutuhanana. UN taun ieu tetep bakal dilaksanakeun. Malah, dina taun 2008 ieu, mata pelajaran nu diujikeun bakal ditambahan deui. Naon deui atuh masalahna?

Tangtu wé UN tetep nyésakeun masalah. Masalah nu geus puguh nyaéta ngeunaan sistim dunya atikan di nagara urang, hususna deui sistim UN. Ku ayana dasar hukum mangrupa UU jeung PP, jeung ku ayana BSNP nu disebutkeun di luhur, katémbong yén dunya atikan keur nyanghareupan hiji prosés nu disebut réséntralisasi. Hiji prosés nu rada patojaiyah jeung hakékat otonomi daérah, déséntralisasi, malahan teu sapagodos jeung konsép kurikulum, boh Kurikulum Berbasis Kompeténsi (KBK) taun 2004, boh Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan (KTSP) taun 2006.

Upama teu salah tafsir, salah sahiji tujuan digederkeunana otonomi daérah téh, di antarana, sangkan unggal daérah boga kasempetan pikeun ngagali jeung ngembangkeun poténsi nu nyampak di daérahna séwang-séwangan. Upama daérah geus mandiri, moal gumantung teuing ka pamaréntah pusat dina ngajalankeun pamaréntahanana. Ieu nu disebut déséntralisasi téa.

Dasar otonomi daérah nu disebutkeun bieu, nétés deuih kana dunya atikan. KBK jeung KTSP méré lolongkrang nu laluasa pikeun guru geusan nyalurkeun kréativitasna dina widang atikan. Ti mimiti ngarumuskeun kurikulum, nepikeun ngolah métodologi ngajarna, disérénkeun ka guru salaku “ujung tombak” atikan. Naon sababna? Sabab kaayaan sosial budaya, kamampuan sakola jeung masarakat di unggal daérah béda-béda.

Ieu kaayaan ulah dianggap kahéngkér daérah, tapi sabalikna, kudu dianggap kabeungharan nu bisa dijadikan titincakan kréatif geusan ngembangkeun atikan di daérah séwang-séwangan. Atikan nu kieu meureun nu disebut kontékstual téh. Dina leresan ieu, Dinas Pendidikan jeung sakola wajib méré kaluasan ka guru pikeun ngawujudkeun hal di luhur.

Sacara idéal, geus teu jaman pisan upama siswa ukur ditempatkeun minangka objék dunya atikan. Geus meujeuhna upama siswa ditempatkeun minangka subjék, nu dina sababaraha hal boga hak pikeun ngembangkeun dirina sorangan, ku carana sorangan. Sakola jeung guru ngan ukur ngadukung-ngadékéng kana tékad budak. Sifatna mung jadi fasilitator.

Tapi kanyataanana teu kitu. Ku ayana UN, pamaréntah daérah, Dinas Pendidikan, sakola, jeung guru, musat kana standar nu ditepikeun ku pamaréntah pusat. Ku sabab UN téh mangrupakeun salah sahiji bentuk évaluasi, mangka soal dianggap jadi alat pikeun ngukur kamampuh siswa.

Ngaliwatan UN, bentuk soal nu jelas-jelas dijieun ku “Jakarta” jadi acuan utama pikeun dilarapkeun di daérah-daérah, malah nepi ka pelosok daérah. Padahal kamampuh daérah kacida ganjorna dibandingkeun jeung “Jakarta”. Pék wé pikiran, kumaha gulinggasahanana siswa di daérah Papua, Acéh, Poso, atawa siswa nu aya di suku gunung di Garut, Tasik, atawa siswa di daérah bencana atawa konflik, dina nyanghareupan UN. Geus kajudi, maranéhna can tangtu sasiap siswa di kota gedé. Malah boa di kota gedé gé sarua. Saha nu sanggup maca “psikologi” maranéhna? Katingalina hal ieu dibaékeun pisan. UN tetep disaragemkeun maké standar soal nu dikaluarkeun ti “Jakarta”.

Hal ieu mangaruhan pisan kana prosés diajar. Biasana, soal nu kaluar taun kamari bakal jadi titincakan dina taun ieu. Dumasar panitén nu nulis, “pemantapan” leuwih loba dieusi ku latihan-latihan nu sifatna drill sangkan siswa kalatih otakna dina ngeusi soal sakumaha cara nu kaalaman taun méméhna. Ku kituna Lembar Kerja Siswa (LKS) nu dikaluarkeun ku sababaraha penerbit, kalawan kemasan nu “anéh-anéh”, biasana kabawa payu. LKS ieu nu ka dituna bakal jadi batur pikeun siswa ngaliwatan poé-poé nu matak ngabosenkeun.

Kaayaan di luhur némbongkeun galagat nu goréng kacida pikeun dunya atikan mah. Kahiji, prosés “pendidikan” ahirna robah jadi prosés pelatihan nu sifatna drill, kaku, mékanis, lurus, jeung teu manusiawi. Kadua, sadar teu sadar, jutaan siswa di daérah geus digiring pikeun mikir kalawan ngagunakeun “logika” ala “Jakarta”. Ieu nu disebut réséntralisasi téh. Akibatna, kréativitas mikir jeung ngembangkeun diri ku cara lokal dibaékeun. Katilu, LKS geus jadi alat pikeun ngahambat kréativitas siswa. Cara mikir, métode, jeung média nu ragem, nu sawadina lahir dina prosés atikan, tilem sama sakali.

Hanjakalna situasi saperti kieu téh kurang jadi kasadaran pikeun Dinas Pendidikan, sakola, jeung guru di daérah mah. Siswa ngan saukur jadi objék pikeun ngawujudkeun hiji sistim atikan nu dirancang ku pamaréntah pusat, tanpa dibéré lolongkrang pikeun nanyakeun, luhurna masualkeun kalawan kritis, naha sistim nu kieu nu disebut “pendidikan” téh?

Ku ayana UN, akibat nu lianna hiji-hiji nuturkeun. Teu saeutik daérah nu béak karep ngudag préstisejeung pamuji ti pamaréntah pusat. Teu saeutik sakola nu kagégéloan ku pamuji Dinas Pendidikan. Geus lain rusiah upama aya daérah atawa sakola nu wani nempuh cara nu kacida patojaiyahna jeung hakékat atikan. Lain rusiah deui upama tiap sakola, atawa daérah ngabentuk “tim suksés UN”. Ieu tim nu sifatna “ilégal” téh boga pancén pikeun ngurangan jumlah siswa nu teu lulus, kumaha waé carana mah. Tungtungna, manipulasi jeung korupsi niléy ujian geus dianggap biasa dina unggal UN.

Dunya atikan nu kuduna jadi lawang sakéténg kana tumuwuhna moralitas bangsa, kalah jadi agén nu pangheulana pikeun “ngancurkeun” moralitas bangsa. Manipulasi jeung korupsi niléy téh awal pikeun nyiptakeun generasi koruptor jeung tukang tipu. Dunya atikan ngan saukur jadi bobodoran. Urang geus mimiti bras ka dinya. Tragis!***

Kang Idek (sandiasmana Dédy Hernawan), seniman, guru seni musik, dumuk di Mandala Hérang, Sumedang.

4 Koméntar kana “UN jeung Moralitas Bangsa”

  1. ping 05-03-2008 tabuh 2:51DENI HADIANSAH

    Kahatur,
    Saestuna mah UN teh ulah disawang atawa ditilik tina hiji sisi. Lolobana nu “geumpeur” ku ayana UN teh guru. Cek pamikiran kuring, mun tea mah guru bener dina ngajarkeun materi ka barudak, heg barudak nepi ka bisa, rek UN sababaraha kali oge moal aya masalah.

    UN kacida hadena keur ngukur kamampuh. Budak nu teu lulus, aya rambat-kamalena jeung guru nu “teu becus” ngajar. Mun barudak geus pinter, rek ujian naon wae oge geus saged. Moal hariwang, tong komo deui nyalahkeun pamarentah.

  2. ping 19-03-2008 tabuh 5:45silmi

    Saleresnamah UN teh sanes hiji-hijina jalan kanggo ngukur”KACERDASAN” murid. Kumargi urang kedah uninga yen tujuan pendidikan teh nyaeta kanggo ngawujudkeun pola pikir jeung sikep anu Islami. Upami ningali paktana justru patukang tongong. Kawajiban pamarentah nyaeta ngarobih kurikulumna. Tapi kurikulum teu tiasa robih upami sistemna masih”bobrok”.

  3. ping 09-04-2008 tabuh 4:16jusuf suparman

    Pamikiran ’skeptis’ soal UN ngan wungkul nimbulkeun sarwa katugeunah ti seueur fihak anu pakait dunia atikan. Padahal hajatan UN teh tangtos dirancang ku pamarentah pusat dina enggoning ningkatkeun kualitas atikan bangsa dina mayunan hirup nu langkung ‘kompetitif’ di zaman globalisasi ayeuna.
    Hayu urang tetep dukung program DIKNAS Pusat bari ningkatkeun sagala upaya pikeun ngarojong kamajuan generasi bangsa ka payun…
    Hapunteun nu kasuhun….

  4. ping 20-04-2008 tabuh 15:32aldy

    asswrwb..
    punten ieu mah sanes nanaon..
    abdi siswa sma..
    upami ditingali mah pasti aya nu mikir salah pamarentah sareng salah guruna..
    da ayeunamah kumaha urang nanggepnawe..
    ari abdimah sanes nyalahkeun pamarentah, da teu sakabeh pamarentah satuju ayana UN teh..
    tapi da pamarentah ge kudu mikiran kaayaan di unggal daerah, da pasti aya nu sanggup kana ayana UN teh..

Ngalebetkeun komentar